Leres Kang sigana mah nyambung, Ratu Pucuk Umun teh awalna jadi pangawasa Banten pas keur aya dina kakawasaan Pajajaran tah kulantaran Banten di serbu terus Ratu Pucuk Umun-na eta di titah pindah ka Sumedang terus ngawasa didinya sigana terus engkena meureun di kiwin ku pangeran santri anu ngalahirkeun Geusan Ulun kitu? Mangkana pas Pajajaran tumpur mahkota jrrd-na dipasihkeun ka Sumedang kusabab meureun aya silsilah pakuat pakaitna. Sempat oge Sumedang diserbu ku Banten ngan harita Sumedang cukup kuat keneh anu akhirna malahan mah harita Geusan Ulun ngarebut deui areal Kakawasaan Pajajaran ti Banten... wilayahna Sumedang Larang pas Geusan Ulun sami persis jeung jaman Pajajaran kapungkur minus Banten, Cirebon jeung Kalapa. Ngan nya eta euy... pinter na teh saberesna Geusan Ulun tilar tungtungna Karajaan Sumedang Larang jadi gabung ka Mataram?
Enya pernah ngadangu euy Ratu Putuakan... ciik Kang korehan lah :). Upami di Level Dewa Dewi mah pabalataks ti Sunda: - Dewi Sri/ Nyi Pohaci tea/ Dewi Padi Jeung Kasuburan - Sunan Ambu, jrrd. Ngan nu jadi pamimpin anu ngolah nagara jeung rahayat asa can aya anu ngabahas :). Salam, KAsep ----- Original Message ----- From: dudi herlianto To: [email protected] Sent: Wednesday, October 31, 2007 2:46 PM Subject: Re: [Baraya_Sunda] awewe Sunda? asana mah di sumedang pernah aya kang.. ratu pucuk umun (tuh sarua pan jeung nu di banten hehe) indungna prabu geusan ulun.. ngan teu apal tah naha manehna sorangan nu ngawasa atawa pangeran santri tea nu jadi salakina... aya deui cenah mangsa sumedang ibukotana di daerah patuakan pernah dikawasa ku saurang awewe... ngaranna poho deui da gelarna teh aya ... istri patuakan kitu.. ke lah urang kokoreh deui hehe di sunda saacan asup islam, cenah mah migusti ka sunan ambu. aya deui carita dina buku gambaran mitologi sunda, cenah pangawasa kahyangan pan pwah batari sri... alah sugan bener we ieu mah On 10/30/07, Aasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang, > Ngomon-2 ari dina Sajarah Sunda aya teu nya awewe anu jadi raja atawa > pamimpin? Ciik manawi aya anu tiasa nyaangan, pernah maca ceunah ratu banten > baheula pas masih keneh asup ka Pajajaran di pimpin ku Ratu Pucuk Umun? > Awewe atawa lalaki nya? > > Lamun tea mah teu aya berarti eleh canggih ku Jawa jaman baheula nya... > aya Ratu Shima - Kalingga jeung Tri Bhuana Tungga Dewi - Majapahit ;)). > > Salam, > KangAsep (KAsep) > Uniquely Indonesia - Trully Paradise ;) > http://www.uniquelyindonesia.com > > > _._,___ > -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com [Non-text portions of this message have been removed] [Non-text portions of this message have been removed]
