Sigana Ratu Pucuk Umun teh meureun baheula sering di rotasi janten nelah oge 
di ciamis. Ngan nya eta tah pucuk umun teh awewe atawa lalaki nya?

Sigana mah nu saentos geusan ulun mah eta serangan kadua meureun Kang... 
asana mah sumedang di serang banten teh oge pas masih keneh aya geusan ulun 
Kang... basa harita banten tos beres nyerang pajajaran ngan kulantaran tos 
lowong... kusabab mahkota jeung 4 panglimana di kirim ka Sumedang... terus 
di susul weh nyerbu ka sumedang ... ngan dihadang ku sumedang anu antukna 
banten birat deui. Geus kitu geusan ulun nyusun wadia balad terus ngarebut 
deui wilayah kakuasaan pajajaran baheula... wilayahna sumedang larang 
jawabarat ayeuna.

Salam,
A

----- Original Message ----- 
From: dudi herlianto
To: [email protected]
Sent: Wednesday, October 31, 2007 3:54 PM
Subject: Re: [Baraya_Sunda] awewe Sunda?


pucuk umun teh salian dikenal di sumedang atawa banten asa pernah maca
dikenal oge ku urang ciamis ngan teu apal awewe atawa lalakina mah.

ke heula kang diserangna sumedang ku banten asana sanggeus mangkatna geusan
ulun. asana mah puser dayeuh sumedang ge geus di tegal kalong henteu di
dayeuh luhur deui. inget teh pedah we cenah datangna balad banten ka
sumedang teh keur meneran sang prabu solat id di masjid tegal kalong.

Kirim email ke