--- In [email protected], Ari Jaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturan Kang Rahman,
> &nbsp;
> Ceuk simkuring mah,&nbsp;aya (loba) alternatif lain keur ngamajukeun 

Haturan Kang AJ,

Tah... rada genah nu ieu mah. Enya hayu urang diskusikeun bari ulah
ceuceleuweungan teu puguh bari babadug kana suku he he he...

Kuring teu pernah nyebutkeun yen kapitalismeu hiji2 na jalan kana
kamajuan jeung kasejahteraan! Kapitalismeu mah salah sahiji jalan na,
jeung kaitung SUKSES.

Alesanana?

Kuring cicing di nagara kapitalis, jeung loba kukurilingan ka nagara
kapitalis deuih. Masyarakat na kaitung sejahtera! Urusan sakola,
kasehatan, aturan sosial na hade. Terus kuring ge pernah ka nagara2
sosialis: Jerman Wetan jeung Ceko(Slowakia), Polandia harita, Kuba
oge. Hanjakal... masyarakat na MALARAT! 

Ku kitu na kuring boga kasimpulan, yen ideal sosialismeu mah ngan
saukur IDEU wungkul, lebah bukur na mah pijauheun!

Kuring mah embung kasengker ku hiji ideologi. Urang KUDU nempo sacara
pragmatis mana sistem anu alus, mana nu henteu. Atawa alternatif sejen
na, nyieun hibrida! Sabab tiap masyarakat boga kapentingan anu beda2.
Mun urang rek nurutan sistem Kuba, ari ceuk kuring mah sarua OGE rek
ngsurukkeun masyarakat urang kana kamalaratan?

Kapitalismeu TEU alus kabeh. Tapi mun nempo bukur na dina karaharjaan
masyarakat na, kuring leuwih condong nerapkeun ieu sistem.

Kitu meureun...he he he. Ieu mah lain iideologian, tapi panempo
pragmatis jeung praktis.

baktos,

Rahman

Kirim email ke