NL nagara sagede pelok bari teu boga sumber alam bet bisa mucunghul deui boga kakawasaan ekonomi anu gede! Kang, ari perkawis hutang negara hindia belanda nu kudu diambil alih ku republik indonesia serikat nu 2.859 juta gulden sebagai hasil tina konferensi meja bundar dina tahun 1949 naha eta teh lain artina sangges perang dunia II negara belanda masih menang kauntungan (dibantuan) bangsa urut jajahanna? ceuk kuring mah gede kontribusina kana proses rekonstruksi nagri belanda saeunggeus perang duania II
--- On Wed, 6/11/08, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Rahman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Baraya_Sunda] Re: AHMADIYAH, FPI, GUS DUR, DLL LEBIH TEPAT DIGOLONGKAN SEBGAI BONEKA NEOLIBERA To: [email protected] Date: Wednesday, June 11, 2008, 1:31 AM --- In Baraya_Sunda@ yahoogroups. com, Yayan Komara <yayankomara@ ...> wrote: > > Patarosan kuncina: > 1. kumaha kesang tukangna (maksud teh sejarah latar belakangna kitu tah) naha unggulna nagara-nagara nu disebut nagara kapitalis teh aya hubungan jeung kabijakan maranehna pikeun ngajajah nagara-nagara di asia afrika baheula? naha kakayaan jeung waktu luang (sehingga bisa ngayakeun panalitian dina berbagai bidang elmu) akibat hasil ngajajah baheula? haturan Kang YK, Kamana wae euy. Tong ngadepong wae atuh he he he... Nyambung deui jeung diskusi ti heula Kang. Resep kuring mah ngobrol jeung Kang YK. Bari teu perlu silih poyok.... Lebah dinya kuring satuju Kang. Nagara2 kapitalis anu mala'mur ayeuna baheula dimodalan ku imperilismeu. Eta fakta anu teu bisa dibantah! Ngan lebah babak ka dua mah rada beda. Kuring rek nyokot conto anu deukeut, oge anu patali jeung bangsa urang. NL baheula ngerukan kakayaan RI. Eta fakta sajarah nu teu bisa dipungkir. PD II NL dirurug Jerman nepi ka beak. Rotterdam sabage puseur ekonomi NL harira dibom nepi ka rata. Kabeh wilayah NL ancur! Saenggeus PD II aya kelompok sosialis di NL oge anu milu ngawangun deui NL nu bulucun teu boga nanaon! NL nagara sagede pelok bari teu boga sumber alam bet bisa mucunghul deui boga kakawasaan ekonomi anu gede! Sistem anu dipake di NL harita lain sosialismeu ala Jerman Wetan misalna, tapi kapitalismeu make oposisi sosialismeu. Mun make sistem nu tibalik moal boa siga Kuba ayeuna? Kuring teu anti sosialismeu. Ngan anu jadi ganjelan keur kuring mah, can aya atawa nempo hiji SUCCESS STORY ieu sistem di ieu kolong langit. Atawa kuring kapeungpeureunan kitu ku kapitalismeu kitu? ;)) Anu jadi itungang keur kuring mah... kumaha cara na sangkan rahayat RAHARJA! cara na mah kumaha we lah! :))) baktos, Rahman [Non-text portions of this message have been removed]
