> Dari: Budak Baong <[EMAIL PROTECTED]> > Ari saleresna Teori Evolusi teh nyalahan tina palebah mana-na nya....? > Soalna sim kuring mah nempo yen Kang Adnan Oktar jeung Mang Darwin beda > cara nempona (beda metodologi/asumsi) , > janten wajar mun beda oge > kasimpulanana.
Tah leres pisan, Kang BB. Jadi saleresna teu aya masalah, upami wae buku-buku /publikasi Adnan Oktar alias Harun Yahya ditempatkeun dina tempatna nu pas, nyaeta BUKU TEOLOGI (buku kaagamaan) sanes buku elmu pangaweruh. Nu masalah ayeuna di urang (Indonesia), buku-buku HY teh dianggap buku sains. Opini ieu kuat pisan di masyarakat, padahal bisa ngarugikeun, pangpangna dina widang pendidikan sabab buku-buku HY teu ngadorong "rasa hayang nyaho". Padahal sifat ieu nu kudu tetep didorong, sabab kamajuan peradaban manusa teh tadina dimimitian ku gara-gara "hayang nyaho" manusa ...... Baktos, WALUYA
