> > Speaking at a UCL Lunch Hour Lecture in London, Professor Jones said > there were three components to evolution - natural selection, mutation > and random change. >
Bahana diskusikeuneun yeuh. Proses evolusi teh make tilu elemen: 1. seleksi alam 2. mutasi (genetika) 3. robah sacara acak Ceuk Kang Jones mah, manusa teh bakal eureun tina proses evolusi na. Hartina moal robah deui sacara fisik kitu? Kuring boga beungbeurat kana ieu teori. Mungkin sacara 'alam'(natural) manusa MOAL robah deui, tapi aya fase nu sejen na anu bakal datang anu BAKAL ngarobah jasad manusa. Sigana mah elemen proses evolusi manusa kudu ditambahan deui ku elemen 4. teknologi (?) Bioteknologi jeung nanoteknologi bakal milu ngarobah jasad badag manusa. Ulah poho deuih, mun jelema geus BISA wara wiri ka luar angkasa, eta teh TANGTU bakal aya pangaruh na kana wujud jasad badag manusa. Enya kitu? Sok ah ... pada palikiran kadinyah! ;)) Ieu mah nyanyahoanan we... baktos, Rahman
