Kang,

Mun kitu carana mah Presiden Iran teh euweuh bedana jeung Bebegig Sawah
atuhnya hehehe... anu di jieun ku patani keur nyingsieunan manuk... mun
ditarik talina kakarak eta bebegig teh gerak aya soraan supaya manukna
kalalabur hehehe.

 

Halaaaah... jadi mangkarunyakeun atuh ka urang Iran Kang... geuning sistemna
bet leuwih jahiliyah tibatan urang nya.

 

Salam Karunya,

KAsep

 

From: Baraya_Sunda@yahoogroups.com [mailto:baraya_su...@yahoogroups.com] On
Behalf Of Rahman
Sent: 19 Juni 2009 15:56
To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Demokrasi, demonstrasi jeung revolusi?

 

Rek nyobaan mangjawabkeun sakanyahona ieu mah Kang. Aya nu leuwih apal,
koreksi kuring we lah!

Anu didiskusikeun di dieu lain masalah jelema atawa agmen na, tapi SISTEM
politik na.

Sabenerna mah Presiden Iran teu boga kawasa nanahaon. Presiden Iran mah
sarua jeung wayang. Anu jadi dalang na nya ayatollah tea. Siga wayang si
Cepot, dititah ngigel ku dalang, nya kudu ngigel. Dititah ceurik ku dalang,
KUDU ceurik. 

Anu jadi masalah dina sistem politik Iran ayeuna, saha anu BISA ngontrol
dalang? Dalang teh MAHAKAWASA dina urusan kanagaraan jeung sagala rupa na. 

Ahamdijejad anu ngawakwakj nyarekan batur, lain lantaran manehna resep
nyarekan batur, tapi aya skenario dalang disatukangeunana. Keur mah meureun
maneh na ge resep nyarekan batur kitu?

Kaayan jero nagara Iran sabenerna mah paburantak. Sacara ekonomi teu boga
harti nanahaon, padahal mah duit ladang minyak loba pisan. komo jaman harga
minyak keur aya di luhur mah. Eta ladang minyak TEU nepi ka handap. Proyek
anu aya ukur proyek tambal sulam.

Antuk na katempo akibat na siga ayeuna?

baktos,

Rahman



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke