Teteh,

Keun wae nu ieu mah teu kedah dihartoskeun, urang candak dangiangna wae. 
Mangga geura cobian dihariringkeun masing tarapti, tangtos karaos aya daya 
tunggang swara.



At 06:47 PM 9/19/2004 +0700, you wrote:

>Mani sae rumpaka parancah teh, mung kirang terang naon
>hartosna kang ilen...?
>
>On Sat, 18 Sep 2004 23:44:58 +0800
>   ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Kidung Parancah
> >
> > Neda Widi Ka Nu Agung
> > Neda Asih Maha Suci
> > Pangriksa Maha Kawasa
> > Pangaping Paraji Sakti
> > Pangruwat Karuhun Sunda
> > Nyanggakeun ieu Pangbakti
> >
> > Pangbakti Jadi Piwuruk
> > Papagah ka Utun Injih
> > Pibekeleun Hidep Jaga
> > Neng Galuh Kumala Murti
> > Nu Medal ka Panca Tengah
> > Masing Diaping Dijaring
> >
> > Waluya Anu Dipundut
> > Rahayu Nungkupan Diri
> > Tebih Tina Duruwiksa
> > Cageur Lahir Bageur Batin
> > Bener Perbawa Asalna
> > Ginuluran Asih Gusti
> >
> > Gusti Anu Dipituhu
> > Kudrat-Na Hidep Ngajadi
> > Hirup Hurip ti Anjeuna
> > Sing Apik Metakeun Diri
> > Di Dunya Ukur Ngumbara
> > Poma Hilap Purwadaksi
> >
> > Purwa Mawa Pangaweruh
> > Daksina di Alam Mulki
> > Mulki teh wujudna Dunya
> > Dunya Ageung Dunya Alit
> > Sadaya Tunggal Mahlukna
> > Tempat Hidep Nyiar Harti
> >
> > Kotektak Harti sing Luhung
> > Karatak Harta sing Sugih
> > Hurung Nangtung Siang Leumpang
> > Masagi Pinuh Pangarti
> > Resep Nulung ka Sasama
> > Pamuntangan Kadang Wargi
> >
> > Yeuh Indung Tunggul Rahayu
> > Yeuh Bapa Karamat Hurip
> > Komara Masing Diriksa
> > Lampah Sing Janten Wawangi
> > Ka Bangsa tur Nagarana
> > Pieunteungeun Seuweu Siwi
> >
> > Parancah Tina Pitutur
> > Disilibkeun Dina Dangding
> > Ku Bapa, Geulis Diriksa
> > Dijimatan ku Hariring
> > Ditumbal ku Ieu Tembang
> > Diruwat Tali Paranti
> >
> > Dat Sifat Jirimna Sunda
> > Bray Gelar Bumela Bangsa
> >
> >
> > Kuala Lumpur,
> > 17 September 2004
> >
> >
> >
> >
> > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> >
> > PENTING..!
> >
> > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
> >seluruh member.
> >
> > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan
> >dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> >
> > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
> >dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
>
>===========================================================================================
>"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, 
>langsung dapat akses Internet Gratis..
>Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info 
>hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
>===========================================================================================
>
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
>berupa pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate 
antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke