--- In [EMAIL PROTECTED], "Oman Abdurahman" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Euleuh Kang, geuning siga keuna kana babasan "tamiang meulit kana 
bitis", sok sanajan ieu mah tamiangna tamiang petingan (mudah-
mudahan bae kitu). Duka bitisna, tah, sugan bae bitisna anu siga 
jagong tea (endahna). Ke atuh nya urang milarian heula waktuna anu 
luang, da kudu nyalse tea Kang, sabab nginget-nginget deui naon anu 
kungsi didadarkeun ke anjeunna.

Saheulaanan mah, tina eta UWS teh aya sababarah bagian tafsir. 
Bagean-bagean awal aya tafsir anu rada mistis/kasufian tapi tetep 
kudu bisa operasional dina alam kakiwarian. Ngeunaan anu arindit ka 
opat jihat alam (kulon, wetan, kaler, kidul) oge kudu ditafsirkeun 
sacara ati-ati, sabab pakait sareng "ramalan" anjeunna ngeunaan 
perilaku jeung karakter sub etnis upama dihartikeun sacara harfiah. 

Bagean pang lobana tina eusining UWS sigana pangajaran ngeunaan 
pangalaman pamarentahan (anu disimbolkeun ku raja-raja), anu 
nyangsarakeun rahayat. Upamana bae, dina UWS aya hiji raja 
(pamarentah) anu nyieun lawang, tapi heunteu bisa dibuka; ieu bisa 
ditafsirkeun salaku salah sahiji karakter pamarentahan anu 32 taun 
leuwih ka tukang, anu cenah ngadukung demokrasi tapi di jerona 
rahayat teu bisa bebas ngaluarkeun pamadeganna.

Anu baris ngondang padungdengan rame teh tangtuna ngeunaan "Budak 
Angon" tea. Naha ieu teh "person" atawa "sistem"? Naon tafsir tina 
ciri-ciri budak angon (imahna batu satangtung, jst)? Upama Lebak 
Cawene teh ku urang dihartikeun salaku "the new order", 
alias "tatanan baru" anu kudu dihasilkeun sacara "nyakola" (budang 
anu janggotan ceuk UWS), munasabah. Ngan eta, sok aya anu 
ngahartikeun Lebak Cawene teh ayana di Gunung Halimun, atuh der bae 
eta wewengkon anu pinuh ku "keanekaragamanhayati" teh dibukbak jeung 
dijarah.

Potongan kalimah:"ulah ngalieuk ka tukang", ti heula kungsi 
dipadungdengkeun, yen kalintang operasionalna upama ku urang 
ditafsirkeun salaku hirup kudu mibanda visi (sawangan ka hareup anu 
ditangtukeun diantarana ku diajar ka waktu-waktu ka tukang). Anu 
rada paur mah bab ngeunaan "anu tinggal ukur gagak keur ngelak na 
tutunggul", sieun ah. 

Ngeunaan Ratu Adil oge kudu ati-ati tafsiranna. Sabab, geus teu 
kaitung lobana korban, ti baheula tepi ka ayeuna, alatan aya "issu" 
Ratu Adil.
   
Wah, naha nya jadi matak hemeng oge. Sugan leuwih hade teu 
ditafsirkeun bae Kang? Siga karya seni, keun bae sina ngagantung, 
tafsirna mah kumaha pribadi sewang-sewangan anu ningal? Tapi, upama 
kitu, siga teu aya fungsi sosialna nya Kang?

Cag heula.

manAR

--- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Ngeunaan eusi wangsit anu aya dina alamat website si
> > eta, sarua geuning nya jeung wangsit anu kungsi ku 
> > urang diguar sakedik jeung dionlinekeun ku Kusnet?. 
> > Tah upama aya haat sadayana ngaguar salah 
> > sahiji tafsir jeung maksud eta wangsit jeung
> > nyirorotkeun udaganna dina alam kakiwarian, mangga 
> > aya anu Insya Alloh kersa medarna, 
> > tunggal salah sahiji sepuh di US keneh. 
> 
> atuh langkung sae dibahas we kang oman. mengpeung
> sasih shaum, bari ngabuburit. rupina baraya sanes oge
> satuju panginten. piraku ari batur nepi kasoson-soson
> nalungtik budaya urang, ari kuring kadalon-dalon.
> 
> salam,
> mh
> 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com
--- End forwarded message ---






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate 
antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke