Punten akh ngiring mairan.
Kaleresan kamari teh dikadarkeun tepang sareng
sababaraha insinyur urang India, salah sahijina teh
namina Samrat. Wah jadi inget kana carita Mahabarata,
Pandawa Samrat, nyaeta waktu Yudhistira diangkat jadi
Raja nu agung di Amarta. Nya dipokkeun ka inyana, bari
ditanya naon sih sabenerna harti Samrat teh. Hartina
teh King of Kings, raja ti sgala raja, nyaeta Emperor
atawa kaisar tea. 
Waktu disebut Mahabarata jeung Ramayana, komentarna
teh singget, nu hiji ngajarkeun pasrah alias sumerah
diri nu hiji berjuang ngelehkeun batur.
Teu kungsi papanjangan ngan kadieunakun jadi pikiran
di lebah mana jeun naon sababna bisa disebut kitu.
Sugan para wargi aya nu tiasa nerangkeun.
hatur nuhun.

Wassalm,
dj


--- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan Kang Engkus oge Kang Oman sareng kadang
> wargi Sunda sadaya anu aya disampar jagat ieu...., 
> 
> Nepangkeun Kang Engkus sim kuring anu katelah mah
> dudi tea, kawit ti sumedang ayena nuju bubuara di
> palih wetan kajurung ku pangabutuh milarian sahuap
> sakopeun. Upami aya sesana sok disimpen manawi sugan
> manawi tiasa cekap kanggo tujuh turunaneun he...
> he.... he.... 
> 
> Perkawis kirangna perhatosan kana per-wayang-an  mah
> henteu mung urang kota da dipasisian ge tos kirang
> ayeuna mah, anu gaduh hajat teh tos jarang nanggap
> wayang, saurna mah ayeuna mah pangaosna tos awis
> mendingan band atanapi organ tunggal, langkung mirah
> tur rame/meriah, sareng seuseurna resepsi/hajatna ge
> cekap 2 jam digedong pertemuan atanapi dihotel
> berbintang, praktis sareng "bergengsi" kukituna
> per-wayang-an mah kasingsalkeun deui bae.
> 
> Perkawis asal-usul wayang mah asana teh leres hasil
> kreatifitas diurang khususna sunda-jawa, ti ngawitan
> wayang purwa, wayang beber, wayang
> suket/jukut/pakang daun sampe, wayang menak, wayang
> golek aya oge wayang wong/orang anu peragakeun ku
> jalmi. Anu kenging ngimpor mah mung carios
> ramayana-mahabarata, kitu? 
> 
> Perkawis falsafah wayang, saur batur wayang teh sami
> sareng "bayangan" yaeta bayangan manusa kumelendang
> dialam marcapada/buana panca tengah/alam dunya/hirup
> kukituna wayang teh mangrupi simbolik tina
> laku-lampah urang anu bungkus ku nilai-nilai seni
> atanapi estetika kanggo tableg/ngadugikeun elmu
> hirup (tapi sanes biologi) plus hiburan. 
> 
> Ayeuna anu mana tina wayang eta anu dipika meumeut
> ku Kang Engkus? Purwana, beberna, suketna/jukut,
> golekna? Carios ramayana-mahabaratana? senina?
> tablegna? hiburanana? mangga kantun milih, kumargi
> moal tiasa milih sadayana ayeuna sareng kapayun mah.
> 
> 
> Wassalam,
> dudi_ss
> 
> 
> 
>  
>   ----- Original Message ----- 
>   From: engkusruswana 
>   To: [EMAIL PROTECTED] 
>   Sent: Thursday, December 02, 2004 7:47 PM
>   Subject: [kisunda] Re: soal wayang
> 
> 
> 
>   Hapunten koreksi nu gelut rongkah teh antawis
> Sanghiyang Ismaya 
>   (sanes Manikmaya) sareng Sanghiyang Antagajaya.
> Sumangga nu sanesna, 
>   naha teu kataji ngagunemcaturkeun budaya urang nu
> memang ngarahayat, 
>   rada inggis oge, boa-boa Urang Sunda kota mah tos
> ngirangan rasa 
>   mibanda kana ieu budaya teh, tapi ah asa piraku ?
> 
>   Hatur Nuhun.
> 
>   -
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke