Kang Ikmal, ngintun email, sanduk-sanduk pupuntenan, pedah bisi pribados ngaraos kaisinan diumumkeun kumaha carana ngintun artos ti luar nagreg. Seratana teh panjang lebar, malahan ngangge kecap ampun paralun teu maksad rek ngawiwirang sagala. Ngaos eta serat, pribados malahan nanya ka diri sorangan, boa-boa pribados teh dinaha-naha ku sarerea: "ari geus nyaho mah, naha atuh make tatanya sagala?". Kalihna ti eta waleran pribados anu nyebatkeun "ngageunjleungkeun", tiasa janten katampina yen pribados ngarasa diera-era tea. Palebah dieu aya dua kasalahan sakaligus di diri pribados sorangan. Salah nepikeun pananya jeung teu lantip nepikeun pamadegan, antukna ditarima (diinterpretasikeun) kalawan salah ku anu macana. Kukituna kang Ikmal tong ngaraos boga dosa, atuh pribados oge ku eta kajadian asa teu ngarasa diera-era. Atoh we nu aya narima pangajaran anyar; boh cara ngirim duit anu simpel, boh ngeunaan kumaha cara nepikeun pamadegan. Salah sawios panyakit urang sunda teh cenah, sok gampang pundungan. Kaabus ku hal-hal anu sipatna cecel bocel. Lamun ku eta kajadian pribados tuluy pundung, rugina jadi nambahan. Duduluran bisa pegat, atuh tujuan utama anu hade, nyaeta rek nulungan Ceu Jarsih jadi teu kalaksanakeun. Lamun dibetot kana hal anu sipatna makro, kapan ki Sunda sorangan anu rugi. Kacindekanana, hayu urang diajar muka diri dina raraga latihan demokratisasi (supaya teu jadi demokrasi anu ontohod). Diskusi dina milinglist bisa jadi wahana, pikeun silih simbeuhan; kaabus lamun rek beda pamadegan. Kukituna ngajawab ka Kang Ikmal oge teu langsung ka jinisna, sangkan sarerea tiasa maca. Nuhun (Eh.... asa jadi jalma wijak yeuh, heheheh .....).
Ganjar Kurnia ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
