Haturan Kang Ira.... wilujeng patepang deui... 
sawatara waktos kapengker nalika dicigugur aya raramean tea, sim kuring sareng 
wadia balad ngahajakeun dongkap ka dinya mung heuteu beja-beja da bilih 
ngabaruhakeun anu nuju gaduh acara. Dugi ka Cigugur teh kinten-kinten tabuh 
sabelas langkung, acara ampir lekasan nu kantun mung "nulugunu" nutu masal 
atanapi nutu rame-rame.  Sup ka rohangan paseban katingan pare sareng hasil 
bumi sanesna numpuh minuhan ampir sabelah ruhongan dan anu sabelahna deui mah 
pinuh ku korsi kanggo tatamu panginten da harita mah tamuna ge tos suwung. Sim 
kuring saparakanca gek wae dariuk bari nengetan sabudeureun-nana maksad teh 
milarian Kang Ira, mung weleh teu kayangkeun dedeg-pangdegna ge. Didinya ge 
seueur ari panicia mah da katingal tina anggoanana aya anu nganggo kampret 
bodas ka pangsi-pangsina, aya anu ngangge jas tutup warna beureum ati, anu 
ngangge iket sareng sajabina. Tos rada lami mah sareng tos loha-loho mah 
kinten-kinten tabuh satu mah biur deui bae turun deui da puguh padaharan 
nangtang eusi padahal di bumi paseban oge aya tuangen mah nya? 

Mulih deui kana naon anu janten katugenah manah Kang Ira, naha janten emutan? 
da jalmi mah ti kapungkur ge tetep wae kitu leupas tina atributna boh anu 
ngangkeun Sunda, Islam, Kritiani, Hindu dll. sami bae. Jalmi anu tos terang 
tujuannana mah tangtosna moal galider ningal sesasina, hiruk-pikukna pasar, 
ningal adu renyomna marebutkeun bebeneran, asa aing anu bener, ceuk aing kitu 
ceuk maneh kieu. Hirup ibarat grafik IHSG bergejolak/fluktuatif ku prilaku 
maranehna keneh, pilieureun, cobi mung caricing grafikan ge pasti damai.... 
tapi didinya meureun endahna hirup teh, asal ulah cilaka ku polah sorangan 
baelah!

Sim kuring mah moal ngomentaran hiji-hiji kana patarosan Kang Ira, pangemut sim 
 kuring kirang manfaatna. Opini urang moal tiasa ngarobih pari-polah masyarakat 
urang jaman kiwari nyaeta jaman pancaroba ayeuna urang mendingan ngemutan jalan 
anu dipayun anu baris ka sorang ku urang, dipayun aya jalan marapatan lima 
urang bade milih jalan anu mana. Sakumna urang pasti nyorang eta jalan, resep 
teu resep urang moal tetep cinutrung, huleng jentul dina waktos ieu, dina 
kondisi ieu, urang ayeuna kudu ngamimitian mapatkeun jampe hirup. Bral..... 

Engke lamun urang kaparengkeun patepung lawung pa amprok jonghok, urang bisa 
silih asah deui anu langkung seukeut.  


Wassalam,
dudi_ss

  ----- Original Message ----- 
  From: Ira Indrawardana 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, December 20, 2004 3:30 PM
  Subject: [kisunda] Peryogi waleran anu Nyunda



  Pun amit tabe pun Sampurasun...

  Punten sim kuring hoyong tumaros...



[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke