Dina bubuka tulisan pribados ngeunaan "Nuansa Islam Dina Kesenian Sunda", ditetelakeun yen hirup kumbuhna Islam di tatar Sunda teh, kirang langkung 700 taun. Kukituna teu aneh, lamun diantara Islam jeung Sunda bisa disebutkeun siga gula jeung peueutna. Atuh tina jihat demografis, urang oge uninga atawa bisa disebutkeun 99 % urang Sunda teh ngagem igama Islam. Lamun ayeuna aya pamikiran hayang "misahkeun" antara Islam jeung Sunda, patakonanna:" naha gampang ngarobah hiji ageman anu geus ngadaging (internalized)di hiji sekeseler anu jumlahna meh 35 yuta?". Anu kadua, Sunda na sorangan kudu jelas adeg-adegna. Sunda anu mana tea? Lamun nyaritakeun karuhun, naha karuhun anu samemeh Islam asup, samemeh Hindu/Buda asup, atawa anu mana?. Kumaha urang bisa nyukcruk kalawan ilmiah kana eta "kasundaan" nepikeun ka bisa bener-bener disebut Sunda anu sabener-benerna Sunda(Ceuk bahasa Islam mah -- sanad na)anu tungtungna oge bisa ngarobah kayakinan? Memang kayakinan mah ayana dina hate, ! tapi Islam salaku igama geus bisa nembongkeun ajen-ajen anu sipatna ilmiah, jelas ajaranana sarta jelas oge sajarahna. Aya hiji conto, mangsa pribados ngayakeun diskusi ngeunaan Prabu Siliwangi di Unpad kalawan make "pendekatan" ilmiah (antropologi, arkeologi, filologi), aya pamilon anu nyebutkeun keur kuring mah teu penting ilmiah henteuna Prabu Siliwangi, anu penting eta Prabu teh aya dina hate!. Naha dina mangsa kiwari, urang oge rek "taklid" kana hal-hal anu disebut Sunda (jeung sagala eusina) bari teu acan pati jelas raratan atawa asal-usulna (palebah dieu pribados tiasa jadi tinggaleun, manawi aya anu tiasa nyimbeuhan panemu kasundaan engke urang diskusi).
Ninggali kasang tukang sajarah jeung budaya kaasup kailmiahan, sapribadieun mah pribados nganggap raketna Islam jeung Sunda geus rengse, teu perlu diutak-atik deui, kaasup nyebutkeun yen Islam teh lain agama asli urang Sunda. Teu asli oge ari ku anu ngagemna dianggap hade (kalawan pertimbangan-timbangan anu disebutkeun diluhur) dalah bade kumaha?. Palebah dieu, urang memang kudu pada-pada jembar, teu bisa oge apriori. Urang oge kudu silih hormat kana pamadegan sewang-sewangan bari jeung tetep muka lawang pikeun adu argumentasi. Ganjar Kurnia ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
