ua sas, kuring moal langsung mairan kana impenan salira. ngan rek wakca aya saeutik pamanggih nu kalaman ku kuring. nyaeta perkara ngamangpaatkeun media. media naon bae, boh media tulis/citak, audio/video, oge elektronik, atawa media impian.
hiji mangsa kuring ulubiung dina program gawe bareng nu dikokolakeun ku bangsa deungeun jeung bangsa urang. nyaeta program keur ngaronjatkeun diajar basa deungeun. naon anu matak pikir teh, perkara bangsa deungeun ngamangpaatkeun media. kasimpulanana manehna sakitu optimalna ngamangpaatkeun media pikeun ngahontal hiji maksud. contona, misalna dina perkara nyadiakeun bahan pikeun diajar bangsa deungeun. bahan diajar citakan anu wujud buku, geuning kacida "bervariasina", ti mimiti kamus, grammar, conto percakapan, jeung sajabana. kitu deui bahan diajar nu ngamangpaatkeun bahan audio, saperti kaset. keur ngalatih pangreungeu, geuning ku si eta mah sagala direkam, ti mimiti sora reketna panto, kiriningna telepon, nepi sora sasatoan sabangsa jangkrik, bangkong, hayoh dikotektak. kitu deui media elektronik, jiga nu kasaksian ku urang sarerea. upama urang hayang diajar, naon wae, ti mimiti nu saintifik nepi ka anu mistik nyampak di internet. tah ayeuna upama urang nilik kaayaan urang sorangan, jigana rada hese rek ngudagna. upama aya nu hayang diajar basa sunda, misalna, jigana sumberna anu mangrupa buku bisa diitung ku ramo. kitu deui media audio, salila ieu ngan karek dimangpaatkeun keur ngarekam jaipongan, wayang golek, jeung sajabana. asana rada hese upama milarian kaset pikeun diajar basa sunda. misalna ari sora 'e' jeung 'eu' teh kumaha bedana. tah kukituna, jigana eta impian ua sas teh mening oge geura wujudkeun. urang mangpaatkeun media internet, radio, sareng sajabana saoptimalna pikeun ngamekarkeun budaya sunda. wallahua'lam. salam, mh --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Bareto, aya meureun kana dua taun kaliwat mah, > kuring kungsi ngimpi, > hayang boga USTV jeung Radio Urang Sunda, sigana eta > impian teh keur > saheulananan mah moal waka tinekanan, masih keneh > aya dina impian, kaci > pan...da ngimpi mah teu mayar ieuh...jeung deuih > euweuh undang undangna > nagara ngalarang ngimpi. > Ngan lamun erek ge sigana bisa ngaliwatan Radio > Komunitas, Radio Komunitas > bisa make frekwensi antara 107,7 MHz nepi ka 107,9 > MHz, slotna saeutik, jadi > lamun rek ngamimitian teh kudu buru buru, bisi > kaburu dipake batur di lokasi > deukeut urang, nu can kapaluruh teh kakuatan/ daya > pancarna sabaraha, lamun > nilik kana jangkauanana (ceuk cenah) nu ngan ukur > radius 2,5 km mah moal > leuwih ti 1 watt. > Lamun kuring ngimpi deui, ngimpi anu biasa we lah > lain ngimpi anu rohaka > atawa jugala, nyaeta hayang boga Radio Komunitas, > ieu Radio teh rek disebut > Radio SJBS, Radio Sastra Jeung Budaya Sunda. > Eusina nyaeta lagu lagu Sunda, Carpon Sunda, Novel > Sunda, Pantun, Wawacan, > jeung.......tangtu we apresiasi-na. > Baraya...kuring tong waka > dihudangkeunnya....ngimpina can anggeus > yeuh....!! > > MSasmita > > > > > ===== bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ __________________________________ Do you Yahoo!? Meet the all-new My Yahoo! - Try it today! http://my.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $4.98 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
