--- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Saleresna sim kuring ge resep pisan kana sajarah,
> budaya, Antropologi jrrd. mung widang pa-kuli-an sim
> kuring teu aya pakuat pakait-na sareng nu kararitu
> ditambih gatek tea Kang. Disisi anu sanes, dapur mah
> tetep kedah ngebul..., manawi kapayunlah sim kuring
> ge tiasa nuturkeun tapak Kang Hasan nambihan
> digitalisasi naskah sunda, komo upami tiasa reset
> ngalempengkeun sajarah Sunda mah da masih seueur anu
> kahieuman ku tangkal sajarah anu daroyong. 

hehe, kang dudi da kuring sami atuh teu beda jeung
salira, boh kasang tukang atikan, pon kitu deui
pacabakan, teu aya pakuat-pakait langsung jeung urusan
budaya. ngan pedah resep maca we. salian ti eta aya
kapanasaran. kahiji, asa remen meunang beja cenah
upama hayang nalungtik urusan budaya sunda kudu ka
walanda. kadua, upama kuring ngorehan perkara anu aya
pakaitna jeung kasundaan di internet, geuning kacida
hesena. malah ngarasa helok, situs perkara kasundaan
teh geuning dikembangkeun ku urang deungeun. 

ceuk implengan kuring, asana keur jaman kiwari, dimana
teknologi geus bisa ngaheureutkeun legana dunya, eta
masalah di luhur teh bisa dikojayan ku urang sunda.
modalna cukup ku kahayang jeung kadaek. upamana, lamun
bahan bacaan basa sunda keur barudak sakola di tatar
sunda ayeuna arang langka. na naon hesena lamun urang
sunda di kusnet atawa kisunda ngeureuyeuh narjamahkeun
bahan-bahan bacaan basa deungeun ka basa sunda. engke
hasilna dokumentasikeun jadi pustaka online. meureun
ka hareup upama internet geus nepi ka kampung kuring,
eta bahan teh bisa dimangpaatkeun ku guru-guru di
sakola tatar sunda. 

keur narjamahkeun bahan bacaan ka basa sunda asana teu
perlu teknologi nu canggih, kitu deui kemampuan nu
masagi. cukup ku bisa basa indonesia, bisa basa sunda,
bisa basa deungeun leuwih hade (inggris, jerman,
jepun, jsb.), ditambah bisa ngetik make komputer.
bahan tarjamahkeuneun kacida seueurna di internet, boh
nu basa indonesia, kitu deui inggris. 

keur udagan eta, jigana teu kedah ngurangan balanja
"dapur ngebul" kang. hehe. sabab ieu mah gawena oge
selang-selang gawe maneuh sapopoe. jiga urang tiap
dinten ngantor, seleng-selang pasosore, atawa poe
minggu sok merelukeun olah raga, atawa mejeng ka mall.
hehe. tah ayeuna ditambahan. acara selang-selangna ku
narjamahkeun naskah ka basa sunda. 

tos sakitu heula ah, ke urang teruskeun. 

salam,
mm,



=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke