--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ngeunaan digitalisasi tarjahaman basa Sunda > Al-Qur'an mangga ngarojong. Ngan aya catetan > saeutik: hasil sagemblengna samemeh di-upload- > sigana aya hadena upami diparios heula ku ahli basa > Sunda, leuwih hade upama sakaligus babarengan anu > marios teh, antara anu ahli basa Arab (US) jeung > ahli basa Sunda. maksadna oge kitu pisang kang oman. tujuan utamana mah edukasi papada urang. jadi eta rencana teh udaganana multidimensi, pikeun diajar ngaji, diajar basa sunda, diajar diskusi. hehe. jiga ginding teuing nya. teknisna kieu; babak kahiji: ditarjamahkeun ku sakumna milisi kusnet, kisunda jeung nusanesna. harepana mah ditarjamahkeun ku palawargi nu sok aktif posting oge ku palawargi nembe saukur noong. pan cenah sok aya postingan seueur palawargi ngadon noong we. da inggis basa sundana kirang merenah. babak kadua: hasil tarjamahan babak kahiji, urang diskusikeun di milis. misalna saminggu sakali, kira-kira sapuluh ayat. nu didiskusikeun teh perkara merenah heunteuna eta tarmahan. ieu tarekah keur ningkatkeun basa sunda urang sarerea. babak katilu: hasil tarjamahan babak kadua. sina dipariksa ku ahli basa sunda jeung ulama. bari sakalian mere sumanget ka ulama di urang, ngarah kersa rurumpaheun ngabiasakeun nyerat. upama ninggal ulama di lembur batur, geuning mani seueur karya seratna. babak kaopat: upama aya penerbit nu kapincut urang terbitkeun. atuh teu aya keun wae, urang simpen online keur amal jariyah urang sarerea. salam, mh ===== bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
