Hiiiyyyy.... sieun temen... beuki hoream bae ka tajug teh atuh
ngadenge dongeng kieu mah... heuheu
Lajengkeun, Ki....
On Tue, 11 Jan 2005 08:02:32 -0800 (PST), Didin Kustandi
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ki Sunda mah kawasna moal bireuk kana kecap, ngaran, istilah atawa tegesna
> mah nu disebut BUTA. Geuning aya kacapangan atawa sugan gogonjakan; pentil
> BUTA cenah. Aya oge kakawihan nurutan sinden, cenahna teh wayang mana wayang
> mana, wayang BUTA pangsisina, hayang mana hayang mana, (cek kuring teh)
> hayang eta nu panggeulisna.
>
> Budak nu sok disarebut pentil BUTA teh sihoreng budak nu awakna
> lintuh-bayuhyuh bari jeung gendut, gedena ngarumpak sasamana. Tah (ukuran
> awak) sakitu teh mun dibandingkeun jeung buta mah cenah pentilna. Ari wayang
> buta pangsisina mah nu dimaksudna teh nyaeta salah hiji wayang anu diteundeun
> atawa ditempatkeun (di panggung) dina tungtung jajaran wayang anu pangjauhna
> ti dalang. Dina nyatana, eta wayang teh mangrupa wayang nu panggedena,
> ukuranana meh sagede budak tujuh taunan.
>
> Dina dongeng dongengeng mah BUTA teh cenah sok ngadaharan jelema, tara
> diasakan heula, belewek-blem bae diteureuy buleud atawa dihakan atah. Sageuy
> temenan mun teu kasawang, sakumaha gedena pangawakan BUTA. Nu pangjentrena
> mah nyaeta nu kakuping ku ceuli kuring ti tatangga mangsa kuring keur jadi
> kontraktor di wewengkon Dago-Coblong. Lumayan, rada heubeul oge jadi
> kontraktor teh, nya salila kuliah bae bongan kampusna jauh ti lembur.
> Kaparengkeun dina hiji mangsa, ngontak kamar teh deukeut tajug nu rada alus,
> cur-cor caina, hegar patempatanana, bararesih jeroanana sarta empuk
> amparanana. Atuh mokaha, ngadon salat teh sok rada lila, da
> ââââââ.. sok terus gegelehean ! Ma'lum di kamar kontrakan mah
> ngan ukur aya samak saheulay.
>
> Ari panyana teh tara aya nu nyerangkeun, sihoreng teh geuning teu kitu.
> Kakara ge saminggu mun teu salah mah, ka kuring bet rea anu noel. Lain jurig
> ieu mah, tatangga ! Ngaromongna teh sarua pisan, cenah ulah sok kamalinaan di
> tajug, rengse salat mah buru-buru we balik, tong make jeung gegelehean
> sagala. Sanes nanaon kasep (da enya atuh cek sasaha oge kuring teh kasep),
> bisi kumaonam ! Sakali dua kali mah teu didenge teusing, cuek bebek cenah
> basana teh (nya tuturuti we teu ngarti ogenan - heuheuheu ciamisan !). Tapi
> ari pok deui pok deui mah teu burung we panasaran, hayang nyaho naon sababna.
> Nya atuh teu antaparah deui, nu nyarita teh ku kuring diperekpek ku
> ââââ. pananya !
>
> Demi jawabanana, gurat badagna mah cenah kieu. Eta tajug teh
> dijieun/diadegkeun ku Pa Dadap, sawatara taun katukang. Sagalana di tangkes
> ku anjeuna, tanahna oge tanah anjeuna. Sabada ngadeg, dina riungan syukuran
> anu diluuhan ku sakumna tatangga, Pa Dadap teh ikrar ngahibahkeun eta tajug
> jeung tanahna, pakeeun geusan ibadah. Sakumna warga nu aya harita, sami-sami
> ngucapkeun nampi-nuhun sok sanajan saenyana mah atoh teu atoh. Atohna, kapan
> biasana mah mun hayang salat jamaah teh kudu wae ngesang heula, da nyaeta
> kudu leumpang ka masigit di peuntas jalan, ari ayeuna aya tajug nampeu pisan
> bari cukup keur jamaahan sabatur-batur. Teu atohna, lah nyaeta âââ..
> paur ! Paur engkena, urang dieu nungtutan laleungitan saban malem jumaah
> kaliwon, jadi wadal, geusan parab ââ. BUTA HEJO !
>
> (Bilih mubah, urang cekapkeun dugi ka dinya heula. Urang lajengkeun upami
> yakin bakal aya nu kersa maca).
>
> Salam,
>
> Kang Dien
--
sikandar
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/