Kang Dien
Diantosan lajeungna dongeng BUTA. Jadi panasaran, hoyong terang
BUTA-na baraya jeung buta terong teu??
wass.
/pun Iman
On Thu, 13 Jan 2005 10:13:39 +0700, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hiiiyyyy.... sieun temen... beuki hoream bae ka tajug teh atuh
> ngadenge dongeng kieu mah... heuheu
>
> Lajengkeun, Ki....
>
> On Tue, 11 Jan 2005 08:02:32 -0800 (PST), Didin Kustandi
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Ki Sunda mah kawasna moal bireuk kana kecap, ngaran, istilah atawa tegesna
> > mah nu disebut BUTA. Geuning aya kacapangan atawa sugan gogonjakan; pentil
> > BUTA cenah. Aya oge kakawihan nurutan sinden, cenahna teh wayang mana
> > wayang mana, wayang BUTA pangsisina, hayang mana hayang mana, (cek kuring
> > teh) hayang eta nu panggeulisna.
> >
> > Budak nu sok disarebut pentil BUTA teh sihoreng budak nu awakna
> > lintuh-bayuhyuh bari jeung gendut, gedena ngarumpak sasamana. Tah (ukuran
> > awak) sakitu teh mun dibandingkeun jeung buta mah cenah pentilna. Ari
> > wayang buta pangsisina mah nu dimaksudna teh nyaeta salah hiji wayang anu
> > diteundeun atawa ditempatkeun (di panggung) dina tungtung jajaran wayang
> > anu pangjauhna ti dalang. Dina nyatana, eta wayang teh mangrupa wayang nu
> > panggedena, ukuranana meh sagede budak tujuh taunan.
> >
> > Dina dongeng dongengeng mah BUTA teh cenah sok ngadaharan jelema, tara
> > diasakan heula, belewek-blem bae diteureuy buleud atawa dihakan atah.
> > Sageuy temenan mun teu kasawang, sakumaha gedena pangawakan BUTA. Nu
> > pangjentrena mah nyaeta nu kakuping ku ceuli kuring ti tatangga mangsa
> > kuring keur jadi kontraktor di wewengkon Dago-Coblong. Lumayan, rada
> > heubeul oge jadi kontraktor teh, nya salila kuliah bae bongan kampusna jauh
> > ti lembur. Kaparengkeun dina hiji mangsa, ngontak kamar teh deukeut tajug
> > nu rada alus, cur-cor caina, hegar patempatanana, bararesih jeroanana sarta
> > empuk amparanana. Atuh mokaha, ngadon salat teh sok rada lila, da
> > ââââââ.. sok terus gegelehean ! Ma'lum di kamar kontrakan mah
> > ngan ukur aya samak saheulay.
> >
> > Ari panyana teh tara aya nu nyerangkeun, sihoreng teh geuning teu kitu.
> > Kakara ge saminggu mun teu salah mah, ka kuring bet rea anu noel. Lain
> > jurig ieu mah, tatangga ! Ngaromongna teh sarua pisan, cenah ulah sok
> > kamalinaan di tajug, rengse salat mah buru-buru we balik, tong make jeung
> > gegelehean sagala. Sanes nanaon kasep (da enya atuh cek sasaha oge kuring
> > teh kasep), bisi kumaonam ! Sakali dua kali mah teu didenge teusing, cuek
> > bebek cenah basana teh (nya tuturuti we teu ngarti ogenan - heuheuheu
> > ciamisan !). Tapi ari pok deui pok deui mah teu burung we panasaran, hayang
> > nyaho naon sababna. Nya atuh teu antaparah deui, nu nyarita teh ku kuring
> > diperekpek ku ââââ. pananya !
> >
> > Demi jawabanana, gurat badagna mah cenah kieu. Eta tajug teh
> > dijieun/diadegkeun ku Pa Dadap, sawatara taun katukang. Sagalana di tangkes
> > ku anjeuna, tanahna oge tanah anjeuna. Sabada ngadeg, dina riungan syukuran
> > anu diluuhan ku sakumna tatangga, Pa Dadap teh ikrar ngahibahkeun eta tajug
> > jeung tanahna, pakeeun geusan ibadah. Sakumna warga nu aya harita,
> > sami-sami ngucapkeun nampi-nuhun sok sanajan saenyana mah atoh teu atoh.
> > Atohna, kapan biasana mah mun hayang salat jamaah teh kudu wae ngesang
> > heula, da nyaeta kudu leumpang ka masigit di peuntas jalan, ari ayeuna aya
> > tajug nampeu pisan bari cukup keur jamaahan sabatur-batur. Teu atohna, lah
> > nyaeta âââ.. paur ! Paur engkena, urang dieu nungtutan laleungitan
> > saban malem jumaah kaliwon, jadi wadal, geusan parab ââ. BUTA HEJO !
> >
> > (Bilih mubah, urang cekapkeun dugi ka dinya heula. Urang lajengkeun upami
> > yakin bakal aya nu kersa maca).
> >
> > Salam,
> >
> > Kang Dien
>
> --
> sikandar
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
> pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/