Rahayu sangkan waluya kang Maman, hatur nuhun atuh ari
wasta kuring tiasa janten pangeling ka tuang emang
mah, memang ngaran Engkus mah ngaran paten kisunda ...
he..he.... Sim kuring teh urang Bandung kenging
didikan teh ti kolot-kolot nu biasa sok ngumpul di
Ciparay, kadieunakeun nya kuring sok sering anjang
sono atawa padungdeng pikeun leuwih ngaraketkeun
duduluran jeung ngantengkeun patarembal rasa jeung
dulur di tutugan Ciremay, di Lebak Cawene, di Lembang,
di Gunung Halimun (nembe diwanohan), oge dulur-dulur
nu di kota sapertos Kang Oca jeung sabalad-balad di
Jalan Curie, Kang Anis, Abah Ali, Ibu Otih jeung
rea-rea deui. 
Kang Maman sim kuring nganuhunkeun oge kana
panggeuingna, katampi kalayang kabingahan. Memang
kuring percaya yen urang sunda teh leuwih loba nu
masih mikareueus ka budaya luluhurna tinimbang nu
ngapilainkeun. Eta soal aya keneh nu kurang ngajenan,
kuring ngarti lain disababkeun ku tambelar atawa teu
malire tapi lolobana mah ku lantaran can harti (sakali
deui akibat ti penjajahan), ngan naha nyanghareupan
kieu cukup ku dibawa ngaheruk wungkul, tangtu henteu,
tapi hayu urang guar babarengan, pikeun nanjeurkeun
ajen pinajen Kisunda. Ngomongkeun soal Kisunda, tangtu
kabaur adat peradatanan jeung budaya urang sunda
kaabus agemanana, anu tangtu oge ngait kana ajen
pinajen warisan budaya luluhurna. Leres pisan eta soal
sakabeh rupa-rupa alam jeung pangeusina sarta
kahirupan sadayana kagungan Gusti urang teu
ngaboga-boga. Ngan tangtu Gusti geus nagtukeun
hukum-hukum jeung kudratna.Meureun teu salah lamun
urang ku Gusti dikudratkeun jadi urang Sunda (ceuk
akuan)nu ditempatkeun di wewengkon priangan (urang
lahir ka dunya teu menta dilahirkeun di hiji
tempat)terus make adat peradatan jeung budaya sunda nu
memang geus aya warisan luluhur nu terbentukna
ngaliwatan proses panjang nu wangunanna dirojong ku
alam lingkungan parahiyangan, cindekna mah nya payus
teu nyalahan kudrat jigana lamun urang sunda nu cicing
di sunda, ngomong Sunda, mikareueus kadaharan sunda
jeung make adat-peradatan budaya sunda, sarta
ngamumule luluhur sunda. Kitu oge keur warga dunya
lainna, contona nya payus lamun urang Cina nu cicing
di Cina ngomong Cina, mikaresep kadaharan Cina jeung
make adat-budaya Cina.Oge bangsa-bangsa atawa ras
lainna. Memang sadayana nu di Sunda, nu di
Cina/Eropah/Afrika/Arab wewengkon Kutub jeung
sajabana, sadayana kagungan Gusti. Ngan kudu dipiara
ku masing-masing warga/bangsa nu dipercayakeun ku
Gusti satempatna-satempatna jeung sabogana-sabogana.
Tah pangaweruh ieu jigana nu nyindekeun papatah atawa
guaran ("motto") urang Sunda
"Sabanda-sariksa-sapariboga", pikeun nedunan kudrat.
Ajenna jalma memang henteu gumantung kana luhurna
catur reana carita tapi ku nyatana dina amal-amalan ka
papada sasama, namung urang oge ngarti amal-amalan teh
oge gumantung kana pangartian/kanyaho nu sumerap dina
dirina, pan urang oge pada nyaksi geuning ku bedana
kayakinan hayoh ngadon rame-rame nandansa batur boh
sacara lahir pon kitu deui hak-hakna, ku lantaran beda
jeung arumaku ageman sorangan nu pang benerna. Padahal
pan tadi ge saur kang Maman urang mah ngan aakuanan
wungkul, da sadayana ge kagungan Gusti, atuh meureun
ayana Hindu, Budha, Kristen, Katholik, Islam, Sikh,
Sunda Wiwitan, Penghayat jeung sejenna meureun meunang
restu ti Gusti, da mun teu direstui mah meureun moal
aya, ngan ahirna balik deui kumaha ngamalkeunanana
dina kahirupan nyata, sabab saha nu melak bakal metik
hasilna, sing saha-saha jalma nu ngewa sumawonna
nandasa ka mahlukNa sarua jeung mikangewa jeung
nandasa ka AnjeunNA.

Sakitu heula kang Maman

Rampes, 
  
--- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan Kang Engkus
> kuring jadi ras asa inget ke emang kuring nu baheula
> ngasuh sim kuring kapungkur nuju murangkalih, namina
> sami Engkus.
> 
> Mung ningali seratan di handap ieu asa apal, upami
> teu
> lepatmah seratan ieu sepertos seratan utusan ti
> tutugan 
> gunung ceremai.
> 
> Pamundut sim kuring mah ulah teh teuing dijantenkeun
> raheut manah, bilih janten mamala.
> 
> kunaon ulah dijantenkeun raheut manah, da nyakitu
> jalmi mah mung sakadar aakuanan (wungkul). Da upami 
> di emutanmah sadayanana oge kagungan Gusti, suka teu
> suka sadayana oge pasti dipundut deui ku Gusti.
> 
> ari kupribados nu ka impleng mah dina kasundaan mah
> mung bingah sareng bungah we nu karaos teh.
> 
> ringkesnamah balik deui ka pokok, nyatana kumaha
> amal-amalan urang-urang ka papada sasama.
> 
> Sanes kitu ?
> 
> Hapunten
> MZ
> 
> --- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Sampurasun,
> > Ke-ke-ke heula, palebah pendapat nu netelakeun
> salah
> > sahiji kecap Sunda asal tina kecap "sanad" tina
> > bahasa
> > arab, kuring teu panuju jeung teu ngarti sok
> sanaos
> > sareng inohong  urang Mah Ayat. Naha heula saha
> > datangna urang Arab ka tanah Pasundan jeung ayana
> > urang Sunda ? Asa piraku lamun teu boga ngaran
> > sorangan mah. Lamun kitu urang Sunda memeh dilandi
> > ku
> > urang arab nyebut dirina suku/bangsa naon atuh ?.
> > Tah
> > ceuk kuring mah di dieu diantarana kalemahan urang
> > Sunda, sok jiga nu euweuh gawe, teu percaya diri
> > jeung
> > teu ngahargaan dirina sorangan. Atuh lapur ku
> batur
> > ge
> > tangtu moal dihargaan. Geus sidik nu urang
> sorangan
> > hayoh kokotetengan neangan ka luar,
> > dipayus-payuskeun
> > jeung basa deungeun, jiga urang sunda nu teu boga
> > pangaji diri. Mangga geura urang tingal conto
> lainna
> > :
> > (1). Soal aksara sunda cacarakan, eta ceuk legenda
> > sajarah nu turun-tumurun dipercaya ku urang rea
> boh
> > di
> > urang sunda boh ti dulur urang nu ti wetan, eta
> > dilahirkeunnana waktu Daniswara (anak Dewata
> > Cengkar)dibantu Jugul Muda tinekanan ngarebut deui
> > nagara Medang Kamulyan (nu kadieunakeun jadi
> > karajaan
> > Galuh) ti Aji Sakka, nya keur paringetanna nyieun
> > aksara Sunda anyar Cacarakan (samemehna ge geus
> boga
> > sababaraha jenis wanda aksara). Aksara ieu nyebar
> ka
> > unggal wewengkon Nusantara jeung jadi bahasa
> karaton
> > (tangtu ngecapkeunnana dilarapkeun jeung logatna),
> > diantarana jadi basa/aksara resmi di Mataram nu
> > puncakna di jaman Sultan Agung, sabalikna ku urang
> > Sunda diapilainkeun da lolobana nganggap eta mah
> > aksara ti dulur urang ti wetan (Jawa), nya ku
> > lantaran
> > teu diaku ku urang Sunda, nya diaku ku urang Jawa.
> > (2) Urang Sunda loba nu ngarasa era mun teu bisa
> > maca
> > aksara Arab, sabalikna naha aya nu ngarasa era
> urang
> > teu bisa maca aksara Sunda?? mangga lenyepan!.
> Dina
> > perkara nata kota di wewengkon Jogya, Solo jeung
> > sabagean kota lainna, kuring ngarasa reueus nempo
> > umumna ngaran jalan teh sok make aksara latin
> jeung
> > aksara cacarakan, pon kitu deui di Kota
> > Tasikmalaya(hususna jalan protokol), tapi
> > kadieunakeun
> > kuring prihatin, di Tasik mah geuning geus loba nu
> > robah jadi aksara latin jeung Arab, malahan aya nu
> > ngan ukur make huruf Arab. Kuring lain anti huruf
> > Arab
> > jeung henteu anti agama ti Arab(kade ulah lepat
> > hartos
> > urang kedah tiasa ngabedakeun mana budaya sareng
> > mana
> > agama),ngan kahayang teh atuh urang ngahargaan ka
> na
> > budaya sorangan, sabab lamun teu diangkat ku urang
> > sunda, nya ku saha atuh.
> > (3) Maca tulisan kang Hidayat Suryalaga,
> netelakeun
> > cenah geus aya PERDA Jawa Barat nu ngait kana soal
> > aksara Sunda.Dina eta tulisan disebutkeun cenah
> > pikeun
> > nyurupkeun kecap-kecap asing nya ditambahan ku
> > aksara
> > anyar, diantarana mun teu salah : Xa, Qa, Va, Fa,
> > Sya
> > jsb. Di dieu kuring bingung deui, rek nanaonan ?
> > Naha
> > aya gunana pikeun maca naskah-naskah Sunda nu
> > baheula
> > jeung tangtu bakal ngaburkeun harti/ajen tina eta
> > susunan aksara nu ngandung pangartian jero soal
> > katuhanan jeung kamanusaan. Lamun upamana
> tujuannna
> > keur pikahareupeun naha era lamun urang make logat
> > nu
> > sorangan, pan dina basa Indonesia ge geuning teu
> aya
> > masalah nulis/maca Christian jadi Kristen,
> > nulis/maca
> > syahid jadi sahid jeung sajabana. Nilik kana
> seratan
> > kang Maman di handap, urang Jepang teu ngarasa
> > rendah
> > diri pikeun nyerap elmu nu make basa/aksara ti
> barat
> > ngagunakeun logat jeung tulisan Jepun, buktina
> ajen
> > pinajen Jepang ku sadunya diaku. Ari urang kumaha
> > ???.
> > Urang kudu jembar yen basa/kecap, logat jeung
> budaya
> > umumna eta lahir dumasar kana lingkungan alam
> jeung
> > masyarakatna.
> > Ari kahayang teh lain kalahka ngutak-ngatik
> nambahan
> > nu teu perlu, tapi pek geura prak laksanakeun
> > pendidikan formal keur muatan lokal di sakola pake
> > deui basa Sunda titinggal karuhun teh, supaya
> urang
> > ulah jiga "monyet ngagugulung kalapa", ngarasa
> > bangga
> > jeung mibanda tapi teu bisa mesekna.
> >  
> > (4) para inohong Sunda loba nu ngaguar elmu jeung
> > aji
> > pangaji kasundaan nu nyindekkeun yen budaya jeung
> > elmu
> > kaasundaan teh geuning luhung cenah, tapi dina
> > sajeroning medarkeun jeung ngajentrekeun eta
> guaran
> > teh teu saeutik nu sok hayoh dilarap-larapkeun
> jeung
> > ajen-pangajen atawa budaya ti luar, jiga nu teu
> > yakin
> > kaluhungannana lamun teu sarua jeung ajen luar, nu
> > antukna urang jadi ragu, naha sabenerna eta teh
> > elmu/budaya nu dipedar teh asli pituin nu urang
> > atawa
> > bawa ti luar, memang soal pamanggih elmu & budaya
> nu
> > sarua lain hal nu istimewa lamun dasar guaranna
> teu
> > leupas tina ngaji diri jeung ngaji alam, Nya
> > kahayang
> > kuring mah, atuh teu kudu diamprok-amprokkeun
> jeung
> > nu
> > ti luar, dan elmu jeung budaya titinggal karuhun
> > urang
> > sunda teh teu eleh jeung nu ti luar, malah ceuk
> > kayakinan kuring mah leuwih punjul, jeung lain hal
> > nu
> > teu mungkin yen dina jaman baheula teh boh ti
> Barat
> > (Yunani), India, Arab, Cina jeung bangsa lainna
> > pernah
> > datang ka tatar sunda ngadon dialajar elmu sunda,
> da
> > buktina ti baheula urang geus ngabogaan tatanan
> taun
> > (lengkep malah hasi kajian Abah Ali Sastramidjaya
> > urang teh boga 3 sistem kalender nu dumasar kana
> > peredaran bulan, panonpoe jeung bintang); aksara
> > (urang sunda ngenal puluhan wanda aksara); tata
> > kapamarentahan (nu dumasar kana "tri tangtu"
> > tangtungan tina diri); teknologi (percandian,
> > persenjataan); budaya (seni tari, suara, pentas);
> > malah soal pangarti jeung prakprakan migawe
> 
=== message truncated ===



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke