Ke Sakedap mang Uapami Aksara Sunda teh sabenerna hanacaraka anu diaku ku urang jawa atanapi aksara kaganga.. tos aya hubugnan antara aksara kaganga jeung hanacaraka ?? --- In [email protected], engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Rahayu sangkan waluya kang Maman, hatur nuhun atuh ari > wasta kuring tiasa janten pangeling ka tuang emang > mah, memang ngaran Engkus mah ngaran paten kisunda ... > he..he.... Sim kuring teh urang Bandung kenging > didikan teh ti kolot-kolot nu biasa sok ngumpul di > Ciparay, kadieunakeun nya kuring sok sering anjang > sono atawa padungdeng pikeun leuwih ngaraketkeun > duduluran jeung ngantengkeun patarembal rasa jeung > dulur di tutugan Ciremay, di Lebak Cawene, di Lembang, > di Gunung Halimun (nembe diwanohan), oge dulur-dulur > nu di kota sapertos Kang Oca jeung sabalad-balad di > Jalan Curie, Kang Anis, Abah Ali, Ibu Otih jeung > rea-rea deui. > Kang Maman sim kuring nganuhunkeun oge kana > panggeuingna, katampi kalayang kabingahan. Memang > kuring percaya yen urang sunda teh leuwih loba nu > masih mikareueus ka budaya luluhurna tinimbang nu > ngapilainkeun. Eta soal aya keneh nu kurang ngajenan, > kuring ngarti lain disababkeun ku tambelar atawa teu > malire tapi lolobana mah ku lantaran can harti (sakali > deui akibat ti penjajahan), ngan naha nyanghareupan > kieu cukup ku dibawa ngaheruk wungkul, tangtu henteu, > tapi hayu urang guar babarengan, pikeun nanjeurkeun > ajen pinajen Kisunda. Ngomongkeun soal Kisunda, tangtu > kabaur adat peradatanan jeung budaya urang sunda > kaabus agemanana, anu tangtu oge ngait kana ajen > pinajen warisan budaya luluhurna. Leres pisan eta soal > sakabeh rupa-rupa alam jeung pangeusina sarta > kahirupan sadayana kagungan Gusti urang teu > ngaboga-boga. Ngan tangtu Gusti geus nagtukeun > hukum-hukum jeung kudratna.Meureun teu salah lamun > urang ku Gusti dikudratkeun jadi urang Sunda (ceuk > akuan)nu ditempatkeun di wewengkon priangan (urang > lahir ka dunya teu menta dilahirkeun di hiji > tempat)terus make adat peradatan jeung budaya sunda nu > memang geus aya warisan luluhur nu terbentukna > ngaliwatan proses panjang nu wangunanna dirojong ku > alam lingkungan parahiyangan, cindekna mah nya payus > teu nyalahan kudrat jigana lamun urang sunda nu cicing > di sunda, ngomong Sunda, mikareueus kadaharan sunda > jeung make adat-peradatan budaya sunda, sarta > ngamumule luluhur sunda. Kitu oge keur warga dunya > lainna, contona nya payus lamun urang Cina nu cicing > di Cina ngomong Cina, mikaresep kadaharan Cina jeung > make adat-budaya Cina.Oge bangsa-bangsa atawa ras > lainna. Memang sadayana nu di Sunda, nu di > Cina/Eropah/Afrika/Arab wewengkon Kutub jeung > sajabana, sadayana kagungan Gusti. Ngan kudu dipiara > ku masing-masing warga/bangsa nu dipercayakeun ku > Gusti satempatna-satempatna jeung sabogana-sabogana. > Tah pangaweruh ieu jigana nu nyindekeun papatah atawa > guaran ("motto") urang Sunda > "Sabanda-sariksa-sapariboga", pikeun nedunan kudrat. > Ajenna jalma memang henteu gumantung kana luhurna > catur reana carita tapi ku nyatana dina amal-amalan ka > papada sasama, namung urang oge ngarti amal-amalan teh > oge gumantung kana pangartian/kanyaho nu sumerap dina > dirina, pan urang oge pada nyaksi geuning ku bedana > kayakinan hayoh ngadon rame-rame nandansa batur boh > sacara lahir pon kitu deui hak-hakna, ku lantaran beda > jeung arumaku ageman sorangan nu pang benerna. Padahal > pan tadi ge saur kang Maman urang mah ngan aakuanan > wungkul, da sadayana ge kagungan Gusti, atuh meureun > ayana Hindu, Budha, Kristen, Katholik, Islam, Sikh, > Sunda Wiwitan, Penghayat jeung sejenna meureun meunang > restu ti Gusti, da mun teu direstui mah meureun moal > aya, ngan ahirna balik deui kumaha ngamalkeunanana > dina kahirupan nyata, sabab saha nu melak bakal metik > hasilna, sing saha-saha jalma nu ngewa sumawonna > nandasa ka mahlukNa sarua jeung mikangewa jeung > nandasa ka AnjeunNA. > > Sakitu heula kang Maman > > Rampes, > > --- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Haturan Kang Engkus > > kuring jadi ras asa inget ke emang kuring nu baheula > > ngasuh sim kuring kapungkur nuju murangkalih, namina > > sami Engkus. > > > > Mung ningali seratan di handap ieu asa apal, upami > > teu > > lepatmah seratan ieu sepertos seratan utusan ti > > tutugan > > gunung ceremai. > > > > Pamundut sim kuring mah ulah teh teuing dijantenkeun > > raheut manah, bilih janten mamala. > > > > kunaon ulah dijantenkeun raheut manah, da nyakitu > > jalmi mah mung sakadar aakuanan (wungkul). Da upami > > di emutanmah sadayanana oge kagungan Gusti, suka teu > > suka sadayana oge pasti dipundut deui ku Gusti. > > > > ari kupribados nu ka impleng mah dina kasundaan mah > > mung bingah sareng bungah we nu karaos teh. > > > > ringkesnamah balik deui ka pokok, nyatana kumaha > > amal-amalan urang-urang ka papada sasama. > > > > Sanes kitu ? > > > > Hapunten > > MZ > > > > --- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > Sampurasun, > > > Ke-ke-ke heula, palebah pendapat nu netelakeun > > salah > > > sahiji kecap Sunda asal tina kecap "sanad" tina > > > bahasa > > > arab, kuring teu panuju jeung teu ngarti sok > > sanaos > > > sareng inohong urang Mah Ayat. Naha heula saha > > > datangna urang Arab ka tanah Pasundan jeung ayana > > > urang Sunda ? Asa piraku lamun teu boga ngaran > > > sorangan mah. Lamun kitu urang Sunda memeh dilandi > > > ku > > > urang arab nyebut dirina suku/bangsa naon atuh ?. > > > Tah > > > ceuk kuring mah di dieu diantarana kalemahan urang > > > Sunda, sok jiga nu euweuh gawe, teu percaya diri > > > jeung > > > teu ngahargaan dirina sorangan. Atuh lapur ku > > batur > > > ge > > > tangtu moal dihargaan. Geus sidik nu urang > > sorangan > > > hayoh kokotetengan neangan ka luar, > > > dipayus-payuskeun > > > jeung basa deungeun, jiga urang sunda nu teu boga > > > pangaji diri. Mangga geura urang tingal conto > > lainna > > > : > > > (1). Soal aksara sunda cacarakan, eta ceuk legenda > > > sajarah nu turun-tumurun dipercaya ku urang rea > > boh > > > di > > > urang sunda boh ti dulur urang nu ti wetan, eta > > > dilahirkeunnana waktu Daniswara (anak Dewata > > > Cengkar)dibantu Jugul Muda tinekanan ngarebut deui > > > nagara Medang Kamulyan (nu kadieunakeun jadi > > > karajaan > > > Galuh) ti Aji Sakka, nya keur paringetanna nyieun > > > aksara Sunda anyar Cacarakan (samemehna ge geus > > boga > > > sababaraha jenis wanda aksara). Aksara ieu nyebar > > ka > > > unggal wewengkon Nusantara jeung jadi bahasa > > karaton > > > (tangtu ngecapkeunnana dilarapkeun jeung logatna), > > > diantarana jadi basa/aksara resmi di Mataram nu > > > puncakna di jaman Sultan Agung, sabalikna ku urang > > > Sunda diapilainkeun da lolobana nganggap eta mah > > > aksara ti dulur urang ti wetan (Jawa), nya ku > > > lantaran > > > teu diaku ku urang Sunda, nya diaku ku urang Jawa. > > > (2) Urang Sunda loba nu ngarasa era mun teu bisa > > > maca > > > aksara Arab, sabalikna naha aya nu ngarasa era > > urang > > > teu bisa maca aksara Sunda?? mangga lenyepan!. > > Dina > > > perkara nata kota di wewengkon Jogya, Solo jeung > > > sabagean kota lainna, kuring ngarasa reueus nempo > > > umumna ngaran jalan teh sok make aksara latin > > jeung > > > aksara cacarakan, pon kitu deui di Kota > > > Tasikmalaya(hususna jalan protokol), tapi > > > kadieunakeun > > > kuring prihatin, di Tasik mah geuning geus loba nu > > > robah jadi aksara latin jeung Arab, malahan aya nu > > > ngan ukur make huruf Arab. Kuring lain anti huruf > > > Arab > > > jeung henteu anti agama ti Arab(kade ulah lepat > > > hartos > > > urang kedah tiasa ngabedakeun mana budaya sareng > > > mana > > > agama),ngan kahayang teh atuh urang ngahargaan ka > > na > > > budaya sorangan, sabab lamun teu diangkat ku urang > > > sunda, nya ku saha atuh. > > > (3) Maca tulisan kang Hidayat Suryalaga, > > netelakeun > > > cenah geus aya PERDA Jawa Barat nu ngait kana soal > > > aksara Sunda.Dina eta tulisan disebutkeun cenah > > > pikeun > > > nyurupkeun kecap-kecap asing nya ditambahan ku > > > aksara > > > anyar, diantarana mun teu salah : Xa, Qa, Va, Fa, > > > Sya > > > jsb. Di dieu kuring bingung deui, rek nanaonan ? > > > Naha > > > aya gunana pikeun maca naskah-naskah Sunda nu > > > baheula > > > jeung tangtu bakal ngaburkeun harti/ajen tina eta > > > susunan aksara nu ngandung pangartian jero soal > > > katuhanan jeung kamanusaan. Lamun upamana > > tujuannna > > > keur pikahareupeun naha era lamun urang make logat > > > nu > > > sorangan, pan dina basa Indonesia ge geuning teu > > aya > > > masalah nulis/maca Christian jadi Kristen, > > > nulis/maca > > > syahid jadi sahid jeung sajabana. Nilik kana > > seratan > > > kang Maman di handap, urang Jepang teu ngarasa > > > rendah > > > diri pikeun nyerap elmu nu make basa/aksara ti > > barat > > > ngagunakeun logat jeung tulisan Jepun, buktina > > ajen > > > pinajen Jepang ku sadunya diaku. Ari urang kumaha > > > ???. > > > Urang kudu jembar yen basa/kecap, logat jeung > > budaya > > > umumna eta lahir dumasar kana lingkungan alam > > jeung > > > masyarakatna. > > > Ari kahayang teh lain kalahka ngutak-ngatik > > nambahan > > > nu teu perlu, tapi pek geura prak laksanakeun > > > pendidikan formal keur muatan lokal di sakola pake > > > deui basa Sunda titinggal karuhun teh, supaya > > urang > > > ulah jiga "monyet ngagugulung kalapa", ngarasa > > > bangga > > > jeung mibanda tapi teu bisa mesekna. > > > > > > (4) para inohong Sunda loba nu ngaguar elmu jeung > > > aji > > > pangaji kasundaan nu nyindekkeun yen budaya jeung > > > elmu > > > kaasundaan teh geuning luhung cenah, tapi dina > > > sajeroning medarkeun jeung ngajentrekeun eta > > guaran > > > teh teu saeutik nu sok hayoh dilarap-larapkeun > > jeung > > > ajen-pangajen atawa budaya ti luar, jiga nu teu > > > yakin > > > kaluhungannana lamun teu sarua jeung ajen luar, nu > > > antukna urang jadi ragu, naha sabenerna eta teh > > > elmu/budaya nu dipedar teh asli pituin nu urang > > > atawa > > > bawa ti luar, memang soal pamanggih elmu & budaya > > nu > > > sarua lain hal nu istimewa lamun dasar guaranna > > teu > > > leupas tina ngaji diri jeung ngaji alam, Nya > > > kahayang > > > kuring mah, atuh teu kudu diamprok-amprokkeun > > jeung > > > nu > > > ti luar, dan elmu jeung budaya titinggal karuhun > > > urang > > > sunda teh teu eleh jeung nu ti luar, malah ceuk > > > kayakinan kuring mah leuwih punjul, jeung lain hal > > > nu > > > teu mungkin yen dina jaman baheula teh boh ti > > Barat > > > (Yunani), India, Arab, Cina jeung bangsa lainna > > > pernah > > > datang ka tatar sunda ngadon dialajar elmu sunda, > > da > > > buktina ti baheula urang geus ngabogaan tatanan > > taun > > > (lengkep malah hasi kajian Abah Ali Sastramidjaya > > > urang teh boga 3 sistem kalender nu dumasar kana > > > peredaran bulan, panonpoe jeung bintang); aksara > > > (urang sunda ngenal puluhan wanda aksara); tata > > > kapamarentahan (nu dumasar kana "tri tangtu" > > > tangtungan tina diri); teknologi (percandian, > > > persenjataan); budaya (seni tari, suara, pentas); > > > malah soal pangarti jeung prakprakan migawe > > > === message truncated === > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. > http://info.mail.yahoo.com/mail_250 PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
