Kang Kandar.. Dupi "Pithecanthropus Ereksi Terus" masuk ka jenis naon, masih baraya panginten sareng "Homo Erectus" ??? Manusia modern anu jorang wae panginten nya??
wass. /pun iman On Thu, 13 Jan 2005 14:11:20 +0700, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Dina KOMPAS poe minggu, aya artikel husus wawancara ngeunaan Pa Danny > nu ahli geologi tea (pasti balad Kang Oman). > Poe kamari, kabeneran diajak lalajo seminar sapoe di Dep. Pariwisata & > Kebudayaan ngeunaan "Manusa Flores" tea. Lian ti, tangtu, merhatikeun > eusi seminarna, oge nempoan saha2 jalma nu datang, komo narasumberna > mah. Ngeunaan aspek geologina, nu jadi narasumberna urang Sunda. Aya > oge Pa Uka Candrasasmita, ahli widang naon nya anjeunna teh? Tapi anu > jadi puseurna mah, Prof. T. Jacob & Soedjono, kaleresan sanes urang > Sunda, hehe... > > Ngeunaan manusa Flores, nu geus katelah Homo floresiensis tea, geuning > rame keneh padungdenganana teh. Nempo replikana, enya mani leutik > sirahna teh, sagede sirah budak orok meureun. > Beda anu poko ti eta dua grup panalungtik, sakumaha anu geus rame > wawarna di media, nyaeta ngeunaan spesies eta "manusa". Ari tim nu > ngumumkeun tea mah geus asa jinek yen eta nu kapanggih teh spesies nu > sejen ti nu geus kapanggih, ari ceuk tim T. Jacob mah condong ka > manusa modern nu keuna ku mikrosefali. Hiji deui hal: ari ceuk tim nu > kahiji eta rorongkong teh awewe, ceuk tim Jacob mah eta teh lalaki. > Nepi ka kitu pisan bedana. > Ngeunaan jangkungna eta rorongkong nu pendek pisan, paling jangkung > ukur 1,2 meteran. Aya dua hal anu diajengkeun.... > Kahiji, eta manusa ngarandapan mikrocefali tea, nu sacara umum > ngalaman pengkerdilan. > Kadua, mun ditengetan sabudeureunana, horeng masarakat di wewengkon > Liang (guha) Bua(h) oge boga dedegan nu laleutik. Dedegan anu laleutik > ieu, ditalungtik tina aspek budayana, jigana alatan ayana adat > endogami (endo = jero, gami = kawin), nyaeta kawin ka dulur sorangan, > ka kapiadi/kapilanceuk, pokona mah dulur nu kaitung deukeut weh. > Balukar tina adat ieu, cenah ceuk dokter ti Univ. Erlangga, turunanana > bakal beuki pendek sarta kamungkinan gede morosot IQ-na. > > Tos ah, keur bersin bae.. > --------------- > sikandar > > ---------- Forwarded message ---------- > Subject: [Urang Sunda] Re: Dominasi Elmu Geografi > To: [email protected] > Satemenna....loba urang Sunda anu ahli dina widang elmu-elmu pakait > jeung taneuh (ilmu-ilmu kebumian). Si kuring onaman teu satai kuku- > satai kukuna acan. Teu apal nanaon si kuring mah, enya soteh siga > anu calakan dina milist, estuning noroweco bae jeung teu weleh kudu > ngilikan bae peperenian. Entong Kang, tong disaruakeun jeunh bener- > bener ahli elmu taneuh si kuring mah, da rumasa sagalana oge ukur > sapotong. Leuheung mun enya sapotong, ieu mah teu sacongo-congo acan. > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa > pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
