Baheula, jaman keur rajing miresepkeun pangajaran ti dosen, enya kungsi 
diasistenan ku inyana teh. Atuh bulan September 2004 anjeunna aya ngalongok ka 
kantor, milarian data sumur bor jakarta, saurna. Eta oge ngadongeng soal gempa 
anu baris datang ka wewengkon Sumatra, ngan teu pati panjuang ngobrol teh da 
anjeunna pakepuk pisan.
 
Ngeunaan manusa Flores atawa manusa purba si kuring teu pati nengetan. Ngan 
enya, dina antropologi mah, guha teh minangka padumukan mimiti manusa baheula. 
Sanggeus guha, tuluy jojontor walungan tea (tanah heureut kaapit ku dua 
walungan, lebah muara). di guha Pawon, Padalarang, contona, ceuk cenah, 
kapendak aya sesa-sesa rorongkong kahirupan jaman baheula. Ayeuna nuju 
ditalungtik ku kelompok peneliti cekungan Bandung.
 
Ari T. Jacob mah antropolog ti UGM, aslina jelas ti Aceh da "T"-na teh 
singketan tina "Tengku" tea. Memang, fossil teh ditaliti ku sababarah widang 
kaelmuan. Salian ti paleontologi (rangrang tina geologi), oge antropologi, 
arkeologi, jeung kedokteran tea.
 
Baktos,
manAR 

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dina KOMPAS poe minggu, aya artikel husus wawancara ngeunaan Pa Danny
nu ahli geologi tea (pasti balad Kang Oman).
Poe kamari, kabeneran diajak lalajo seminar sapoe di Dep. Pariwisata &
Kebudayaan ngeunaan "Manusa Flores" tea. Lian ti, tangtu, merhatikeun
eusi seminarna, oge nempoan saha2 jalma nu datang, komo narasumberna
mah. Ngeunaan aspek geologina, nu jadi narasumberna urang Sunda. Aya
oge Pa Uka Candrasasmita, ahli widang naon nya anjeunna teh? Tapi anu
jadi puseurna mah, Prof. T. Jacob & Soedjono, kaleresan sanes urang
Sunda, hehe...

Ngeunaan manusa Flores, nu geus katelah Homo floresiensis tea, geuning
rame keneh padungdenganana teh. Nempo replikana, enya mani leutik
sirahna teh, sagede sirah budak orok meureun.
Beda anu poko ti eta dua grup panalungtik, sakumaha anu geus rame
wawarna di media, nyaeta ngeunaan spesies eta "manusa". Ari tim nu
ngumumkeun tea mah geus asa jinek yen eta nu kapanggih teh spesies nu
sejen ti nu geus kapanggih, ari ceuk tim T. Jacob mah condong ka
manusa modern nu keuna ku mikrosefali. Hiji deui hal: ari ceuk tim nu
kahiji eta rorongkong teh awewe, ceuk tim Jacob mah eta teh lalaki.
Nepi ka kitu pisan bedana.
Ngeunaan jangkungna eta rorongkong nu pendek pisan, paling jangkung
ukur 1,2 meteran. Aya dua hal anu diajengkeun....
Kahiji, eta manusa ngarandapan mikrocefali tea, nu sacara umum
ngalaman pengkerdilan.
Kadua, mun ditengetan sabudeureunana, horeng masarakat di wewengkon
Liang (guha) Bua(h) oge boga dedegan nu laleutik. Dedegan anu laleutik
ieu, ditalungtik tina aspek budayana, jigana alatan ayana adat
endogami (endo = jero, gami = kawin), nyaeta kawin ka dulur sorangan,
ka kapiadi/kapilanceuk, pokona mah dulur nu kaitung deukeut weh.
Balukar tina adat ieu, cenah ceuk dokter ti Univ. Erlangga, turunanana
bakal beuki pendek sarta kamungkinan gede morosot IQ-na.

Tos ah, keur bersin bae..
---------------
sikandar


---------- Forwarded message ----------
Subject: [Urang Sunda] Re: Dominasi Elmu Geografi
To: [email protected]
Satemenna....loba urang Sunda anu ahli dina widang elmu-elmu pakait
jeung taneuh (ilmu-ilmu kebumian). Si kuring onaman teu satai kuku-
satai kukuna acan. Teu apal nanaon si kuring mah, enya soteh siga
anu calakan dina milist, estuning noroweco bae jeung teu weleh kudu
ngilikan bae peperenian. Entong Kang, tong disaruakeun jeunh bener-
bener ahli elmu taneuh si kuring mah, da rumasa sagalana oge ukur
sapotong. Leuheung mun enya sapotong, ieu mah teu sacongo-congo acan.


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke