Panungtung anu kalangkung :

Teu atohna, lah nyaeta ���.. paur ! Paur engkena, urang dieu nungtutan 
laleungitan saban malem jumaah kaliwon, jadi wadal, geusan parab ��. BUTA HEJO !

Panema salajengna :

 

Nu disebut Buta Hejo teh cenah taya lian iwal ti mahluk amburadul, pikaijideun 
bari jeung pikasieuneun. Kirang langkung kieu cenah gambaranana :

Ukuran dedeganana lain meteran, lain kiloan model �tinggi badan-berat badan�, 
da nyaeta tong boroning aya nu wani ukar-ukur bet kakara ningali ringkangna oge 
geus pating balecir barari ting birigidig. Lah, tong make jeung hayang nyaho 
sabaraha meter, sabara kilo, kira-kira we ku hidep sorangan. Tuh tenjo tuh ! 
Itu kubah tajug, kapan luhur, nya ?  Tah, eta teh lebah taktakna ! Buukna 
ririaban, ngarumbay panjang, galing muntang, katenjo gimbalna ! Bau hanyir 
pantesna teh. Enya kitu, bau hanyir ? Nyao teuing atuh, da euweuh nu ngambeuan 
! Anu matak pikasieuneun mah eta, matana ! Iiiiyyy, keur burahay teh buncelik, 
gede deuih ! Nya kitulah. kira-kira sagede panon poe anu kakara meletek. 
Molototna teh cenah saendeng-endeng, da geuning euweuh biwiran panon buta mah ! 
Irungna betekok monyong sagede kohkol nu aya di lembur poncol. Liangna pinuh ku 
bulu, nyosok-rogok pabaur jeung le �� le ��. hejo !

Ceulina rebing sagede tampir, leuwih rubak manna ceuli gajah, kelirna semu 
kulawu, buluna baradag carang. Huntuna aya sihungan, sapasang luhur jeung 
handap di beh tungtung kenca-katuhu. Duka teuing paranti naon da geuning ayana 
teh luareun biwirna. Ari huntu nu sejenna, aya anu kawas baliung buntung, aya 
oge anu siga kampak rompang. Ngajajarna mah ngajajar, ngan pabalatak ! 
Leungeunna hejo, gede jeung panjang, kira-kira sarua jeung tangkal kalapa nu 
ngarangrangan. Buluna carang sagede-gede harupat, panjangna aya sugan 
sajeungkalan. Ranggeumanana ����. eta tajug bisa jadi ngan sacomoteun !

Dadana rubak, beuteungna bureuteu, sukuna jebrag, buluna ririaban, baradag 
sagede-gede harupat ! Bisaeun ngomong ? Hih, nya puguh we atuh, ngan nya kitu, 
ngomongna teh matak sawan nu ngadenge. Sentak sengor, basana kasar garihal teu 
make tumpa-tumpa, teu make rengkuh jeung lentong kawas urang. Tah kitu minangka 
gambaran sakoreretan. Kacindekanana, buta teh taya lian iwal ti mahluk anu 
pikasieuneun (dedeg gede, rupa gote), pikasebeleun (teu nyahoeun di tatakrama, 
keur mah gede katambah-tambah gumede, ngomongna cowong, basana kasar-garihal, 
eta sugan pedah taya nu wani adu hareupan), pikanyerieun (jahat, taya ras-rasan 
bari jeung kacida rosana, dilawan lain lawaneun, diantep lain antepeun, 
estuning matak bingung salelembur, da piraku urang lembur kudu peren alatan 
jadi kahakanan buta).

 

Para wargi, urang cekapkeun dugi ka dinya heula. Manawi pareng ke urang 
lajengkeun.

Sateuacan mungkur, seja nyanggakeun salam sono ka kang Oman, mugi ulah 
kirang-kirang ngahapunten kana sagala rupining kalepatan. Patarosan salira 
kaleresan parantos diwaler ku kang Hasan, leres kitu nu disebat buta 
tulang-buta daging teh, nanging aya oge pakaitna sareng nu disebat buta di 
dieu, nyaeta gembul, geura mangga perhatoskeun upami kaleresan barudak ngora 
murak bakakak, kapan sanes mung ukur dagingna tapi ludes sareng tulang-tulangna 
! Atuh babasaanana, kaseuseueuranana mah omeaneun urang. Salam ti katebihan 
haturan kang Hasan, iraha nya tiasa tepang ? Kabita ku kanjut-kundang kagungan 
! Haturan panganten weuteuh, wilujeng ayun-ayunan-diayun-ayun ku si(le)njang, 
kacipta ajrag-ajraganana (nu) kumincir pangantenan (heuheuheu). Kanggo Neng 
Neny, naha bade teras betah wae di dinya ? Iraha atuh ka Bandung deui ? Ketang, 
di mana-mana oge sanes wagelan, da nu penting mah hablum minannas sareng hablum 
minallah kalaksanakeun sakumaha kedahna. Ka para wargi sadaya wilujeng 
tatan-tatan
 geusan qurban, teu kedah di ka Acehkeun bilih mubadzir jalaran buruk di jalan, 
nya langkung sae mah di ka Bekasi-keun wae da caket (heuheuheu).

 

Permios, bade ngabaheuhay heula.

Kang Dien


                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke