Baraya,
 
Memeh juma'ahan, urang ngalongok heula anu keur gering, sugan bae aya anu haat 
ngahajakeun ngalayad kawalan daria. Komo upama sayago maparinan bongbolongan 
pikeun ubarna mah, eta pisan anu dipiharep ku sararea.
 
Tadina mah moal wakca balaka ngeunaan rumahtangga (manajemen = M) kisunda anu 
kapirengeuh (enya da kuring oge lain pangurus eta manajemen) ayeuna. Tapi, ana 
dipikiran, komo bari jeung geus aya dua conto posting anu teu araruni mobol 
gawang ki moderator mah, asa leuwih alus upama terus terang. Jeung na deui, si 
kuring sorangan geus katempuhan buntut maung, disangka moderator/kuncen di 
kisunda. Padahal mah heunteu dina harti sacara pancen.
 
Balaka bae, M kisunda teh sigana keur gering. Eta bae buktina, aya dua posting 
anu teu pantes cologog asup ka panglawangan anu tartib tur saropan. Anu ti 
sukabumi mawa jejer sara jeung juragan jorang eta kaasup anggota jeung 
postingna anu teu kamoderatoran. Anapon kuring sorangan, kudu ditegeskeun 
sakali deui dieu, heunteu ngabogaan hak salaku moderator, da tepi ka ayeuna oge 
heunteu dipaparinan akses salaku moderator. 
 
Taun ieu mun teu salah mah, memang meunang 2 bulanan mah si kuring teh kungsi 
dipaparinan akses salaku moderator, hasil tina padungdengan saliwatan waktu 
patepung jeung sababaraha urang ti dapur kisunda, tapi geuning dicabut deui. 
Kulantaran dicabut hak salaku moderator, nya ayeuna mah si kuring teu bisa 
ngamonitor anggota anyar jeung subtansi postingna. Hal ieu meureun, diulah-ulah 
oge nunjukkeun M kisunda teh keur rada gering. Maklum kahirupan, heunteu 
salawasna jagjag waringkas (ras inget carita Kang MGT anu kungsi nepungan nu 
boga kisunda, kalawan maksud hayang nga-profesional-keun eta website, tapi can 
tepi kana wancina meureun, "gagasan" Kang MGT teh can ditarima. Nya ti harita 
oge kuring geus boga kasalempang, dina hiji waktu kisunda baris kaasupan 
posting-posting anu teu uni. Enya bae kabuktian). Kitu tah anu sabenerna mah. 
Wayahna, peurih jeung sedih oge da kitu kaayaanana.
 
Bieu sakedapan jeung tepi ka ieu posting ditulis, si kuring keur sms-an jeung 
anu bogana "kisunda". Naon anu kajadian di kisunda ku kuring dilaporkeun ka 
anjeunna. Anjeunna naroskeun jeung nawarkeun naha si kuring saged jadi 
moderator. Kuring ngawalonan dina sms, keur ngamoderatoran teknis mah rumasa 
teu boga pangaweruh anu cukup, anapon keur salaku moderator jejer mah, atawa 
pasna "tukang ngalokan", nya sayogi bae. Mangga ka kadang wargi anu sayogi 
janten moderator teknis jeung subtansi posting sakaligus, diantos kasayagianana 
(Kang Eko atanapi Kang Kandar, dihaturanan). Wayahna, kerja bakti bae heula. 
Upami sayogi, engke si kuring tiasa laporan ka ka sohibul bet-na. 
 
Rupina sakitu bae heula,
 
Baktosna,
manAR (sanes moderator)
 


engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tulisan nu kieu geus nyinggung rasa kaendahan budi
urang sunda nu keur dipupuk di Kisunda, jeung kaabus
melanggar etika malahan bisa disebut kriminal, sabab
geus nyebarluaskeun pornografi. Kumaha pa Kuncen naha
aya hukumna pikeun dulur model kieu, naha diblokir
samentara atawa dikaluarkeun tina jaringan kitu,
mangga nyanggakeun nu jelas kisunda kudu boga
cara/mekanisme pikeun ngablokir anggota milist nu
nulis teu eucreug.
Ka dulur-dulur nu lain, hayu Kisunda teh digunakeun
pikeun langkung ngaguar, madungdengkeun,
nyebarluaskeun ajen pinajen kasundaan manjing dina
papagon silih asah-silih asih-silih asuh. Para wargi
sadayana sapuk panginten.
--- Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Naon maksudna euy nulis nu kieu di Kisunda?
>  
> tirta
> 
> 
> yayat priatna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> " Kapan suamimu pulang .. Marisa ..?", bisikku letih
> kepadanya, 
> 
> 
>             
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
> seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini
> akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
> dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service. 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping"
> your friends today! Download Messenger Now
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



            
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke