Sanggeus aso, lajeng ngadawuh ka Batara Rambut Putih,
"Ayeuna, Aki nyieun jolang eukeur wadah cai jeung nyokot taneuh
sakeupeul, aing deuk naek ka Gunung Kutu."
Matur Batara Rambut Putih, "Gusti, rek ngersakeun naon angkat ka Gunung Kutu?"
Nyaur deui Maharaja Inten Dewata, "Teu dek naon-naon, aing mah ngan
hayang nyaho bae ti eta luhur gunung."
Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang, sarta dieusian cai jeung
taneuh sakeupeul. Lajeng Maharaja Inten Dewata naek ka Gunung Kutu.
Sasumpingna ka puncak eta gunung, tuluy eta taneuh sakeupeul
diawur-awur dina luhur gunung reujeung cai anu sajolang tea
dibahekeun. Sanggeus dibahekeun, Maharaja Inten Dewata lungsur ti
luhur Gunung Kutu ka Gunung Putri. Batara Rambut Putih henteu tinggal.
Pada harita keneh, poek mongkleng buta rata di Tanah Timbanganten.
Henteu lila jumegur dina pucuk Gunung Kutu, seuneu ninggang kana imah,
loba jelema nu paraeh, sato hewan pararaeh, imah kahuru; liwat saking
ruksakna nagara Korobokan. Jelema anu henteu katinggang, anu jauh ti
nagara Korobokan, kalabur sakira-kira teu katepi ku seuneu jeung ku
batu. Gunung Kutu beuki gede seuneuna, beuki loba batuna anu kaluar,
malah gunung anu antel ka Gunung Kutu pada obah kabeh.
Dina waktu harita, jalma-jalman menak, kuring, sakalangkung pisan
sarusaheunana, tina manggih bahla sakitu gedena, dina jero opat puluh
poe, opat puluh peuting, henteu ngingetkeun kana salamet, ingetanana
anu araya, saperti kiamat bae, tina ningal sakitu poharana loba pisan
karuksakanana. Malah dina waktu harita, abdi-abdi nu henteu katinggang
urug, kalaburna masing-masing nu ngetan, ngulon, ngaler, ngidul, geus
teu ngurus raja bandana, saperti nu kabur ka Bandung, ka Cianjur, ka
Karawang jeung ka sejen nagara; eta rea pisan nu teu baralik deui ka
nagara Korobokan. Tuluy bae ngalumbara, nepi ka turun tumurun ka anak
incuna; ari nagara Timbanganten mah, ngan dijieun itung-itung nagara
pusaka bae, turunan ti karuhunna.
Sunan Rangga Lawe enggeus ngaraos salirana balai sakieu gedena, tangtu
ti rakana, ti Maharaja Inten Dewata datangna. Enggal kaluar Sunan
Rangga Lawe ti nagara Korobokan, dek neangan rakana Maharaja Inten
Dewata. Ngajugjug ka Gunung Putri, katingali Maharaja Inten Dewata
ngadeg dina batu. Sunan Rangga Lawe gagancangan moro ka rakana.
Sanggeus patepang, Sunan Rangga Lawe ngarangkul kana sampeanana, tobat
sarta nangis, neda dihampura sagala kalepatanana. Tuluy dihampura ku
Maharaja Inten Dewata. Tanda geus dihampura, seuneu anu hurung pareum,
sora anu pating beledug repeh, batu anu cara hujan datangna tina luhur
gunung leungit kabeh.
Sanggeus kitu, Sunan Rangga Lawe matur ka rakana, "Sumangga, Aceuk,
ayeuna urang mulih ka Nagara."
Maharaja Inten Dewata nyaur, "Aceuk mo balik deui ka Nagara, deuk
nurutkeun kahayang ati bae, jeung baring supagi ieu gunung jadi deui
cara kieu petana, nyebut bae ngaran Aceuk jeung ngaran Aki Batara
Rambut Putih, salamet mo aya kitu kieu, masih jadi oge."
Maharaja Inten Dewata jeung Batara Rambut Putih sanggeus sasauran
musna ti payuneun Sunan Rangga Lawe; henteu kacarios ka mana angkatna
atawa di mana calikna.
Sanggeus Maharaja Inten Dewata musna, Sunan Rangga Lawe mulih ka
nagara Korobokan. Tapi Sunan Rangga Lawe, sasumpingna ka Nagara,
hanteu weleh nyandang sesah, tina sabab abdi-abdina ampir seep
sadayana; salianna tina katindih ku urug, nyaeta pada kalalabur kabeh,
parindah ka sejen nagara, ka sejen tempat. Jadi di nagara Korobokan
roncong teu aya jelema, sumawonna sasatoan, kuda, munding, embe,
domba, atawa hayam, seep paraeh katinggang urug. Ti wates eta, Gunung
Kutu dilandih ngaranna, sawareh anu nyebut Gunung Agung, sawareh deui
anu nyebut Gunung Guntur.
Ari gunung leutik, urut Sunan Rangga Lawe tobat ka rakana, katelah
nepi ka ayeuna ngaranna Gunung Putri. Ari situ, anu disituan ku Sunan
Rangga Lawe, katelah ngaranna disebut Situ Taman, di Timbanganten.
Salebeting carita, jalma nu paeh mangsa harita, katinggang ku batu,
kakubur taneuh jeung keusik, jeung katinggang seuneu, reana aya
sawelas rewu, ari rupa sato hewan tujuh rewu. Ari nagara Korobokan
jeung kampung-kampungna, anu katutup ku taneuh jeung ku batu, nu
katelah ayeuna Tegal Urug. Ari nagara Timbanganten, nyaeta dialihkeun
ka Tarogong, anu nelah nepi ka jaman ayeuna Distrik Tarogong; eta
nagara pusaka ti jaman baheula.
Sakitu cariosna Gunung Kutu, nu matak kaluar seuneu nepi ka jaman ayeuna.
t a m a t
(Carita ieu teh hasil tapa tengah poe pun bojo--nu geulis tea
geuning--di lante tujuh Perpustakaan Nasional RI sabot kuring gawe)
--
sikandar
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/