Assalamu'alaikum Wr. Wb. Upami dititenan eta dongeng k. Kumincir teh, sigana persis sareng kajantenan bituna G. Guntur anu tahun 1690 (nu ngawitan ka catet). Saur urang gunung mah wirehna dina tahun harita teh G. Guntur bitu kacida ageungna, dugikeun ka seueur pisan kareksakan sareng seueur pisan korban jiwa di pilemburan nu caket ka eta Gunung. Namung henteu di jelaskeun sababaraha jumlah korbanna, mung disebatkeun teh seueur pisan Bituna G. Guntur nu sanesna nyaeta : tahun 1777 teu kacatet sareng teu disebatkeun korban jiwana tahun 1780 bituna ngaluarkeun aliran lava, ti kawit tahun 1800 bituna tambih sering, sakali-kali sareng ayana aliran lava nyaeta : 1803, 1807, 1809, 1815, 1816, 1818 rada ageung, 1825, 1828, 1829,1832, 1833, 1834, 1840,1841, 1843, ti tahun 1843 dugi ka kiwari teu acan aya deui G. Guntur bitu, mung nu ka catet teh ngan linina wungkul. Sa sasih linina kacatet langkung ti sapuluh kali, nawiskeun G. Guntur teh masih keneh aktif. Samentawis ayeuna dina istilah tukang gunung mah G. Guntur teh nuju kulem keneh, mugi-mugi bae sing tibra kulemna eta gunung teh. ngahaturkeun sapamendak sim kuring eta sajarah bituna G. Guntur. hapunten ka sadayana ki sunda Wassalamu 'alaikum Wr. Wb. kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sanggeus aso, lajeng ngadawuh ka Batara Rambut Putih, "Ayeuna, Aki nyieun jolang eukeur wadah cai jeung nyokot taneuh sakeupeul, aing deuk naek ka Gunung Kutu." Matur Batara Rambut Putih, "Gusti, rek ngersakeun naon angkat ka Gunung Kutu?" Nyaur deui Maharaja Inten Dewata, "Teu dek naon-naon, aing mah ngan hayang nyaho bae ti eta luhur gunung." Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang, sarta dieusian cai jeung taneuh sakeupeul. Lajeng Maharaja Inten Dewata naek ka Gunung Kutu. Sasumpingna ka puncak eta gunung, tuluy eta taneuh sakeupeul diawur-awur dina luhur gunung reujeung cai anu sajolang tea dibahekeun. Sanggeus dibahekeun, Maharaja Inten Dewata lungsur ti luhur Gunung Kutu ka Gunung Putri. Batara Rambut Putih henteu tinggal. Pada harita keneh, poek mongkleng buta rata di Tanah Timbanganten. Henteu lila jumegur dina pucuk Gunung Kutu, seuneu ninggang kana imah, loba jelema nu paraeh, sato hewan pararaeh, imah kahuru; liwat saking ruksakna nagara Korobokan. Jelema anu henteu katinggang, anu jauh ti nagara Korobokan, kalabur sakira-kira teu katepi ku seuneu jeung ku batu. Gunung Kutu beuki gede seuneuna, beuki loba batuna anu kaluar, malah gunung anu antel ka Gunung Kutu pada obah kabeh. Dina waktu harita, jalma-jalman menak, kuring, sakalangkung pisan sarusaheunana, tina manggih bahla sakitu gedena, dina jero opat puluh poe, opat puluh peuting, henteu ngingetkeun kana salamet, ingetanana anu araya, saperti kiamat bae, tina ningal sakitu poharana loba pisan karuksakanana. Malah dina waktu harita, abdi-abdi nu henteu katinggang urug, kalaburna masing-masing nu ngetan, ngulon, ngaler, ngidul, geus teu ngurus raja bandana, saperti nu kabur ka Bandung, ka Cianjur, ka Karawang jeung ka sejen nagara; eta rea pisan nu teu baralik deui ka nagara Korobokan. Tuluy bae ngalumbara, nepi ka turun tumurun ka anak incuna; ari nagara Timbanganten mah, ngan dijieun itung-itung nagara pusaka bae, turunan ti karuhunna. Sunan Rangga Lawe enggeus ngaraos salirana balai sakieu gedena, tangtu ti rakana, ti Maharaja Inten Dewata datangna. Enggal kaluar Sunan Rangga Lawe ti nagara Korobokan, dek neangan rakana Maharaja Inten Dewata. Ngajugjug ka Gunung Putri, katingali Maharaja Inten Dewata ngadeg dina batu. Sunan Rangga Lawe gagancangan moro ka rakana. Sanggeus patepang, Sunan Rangga Lawe ngarangkul kana sampeanana, tobat sarta nangis, neda dihampura sagala kalepatanana. Tuluy dihampura ku Maharaja Inten Dewata. Tanda geus dihampura, seuneu anu hurung pareum, sora anu pating beledug repeh, batu anu cara hujan datangna tina luhur gunung leungit kabeh. Sanggeus kitu, Sunan Rangga Lawe matur ka rakana, "Sumangga, Aceuk, ayeuna urang mulih ka Nagara." Maharaja Inten Dewata nyaur, "Aceuk mo balik deui ka Nagara, deuk nurutkeun kahayang ati bae, jeung baring supagi ieu gunung jadi deui cara kieu petana, nyebut bae ngaran Aceuk jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih, salamet mo aya kitu kieu, masih jadi oge." Maharaja Inten Dewata jeung Batara Rambut Putih sanggeus sasauran musna ti payuneun Sunan Rangga Lawe; henteu kacarios ka mana angkatna atawa di mana calikna. Sanggeus Maharaja Inten Dewata musna, Sunan Rangga Lawe mulih ka nagara Korobokan. Tapi Sunan Rangga Lawe, sasumpingna ka Nagara, hanteu weleh nyandang sesah, tina sabab abdi-abdina ampir seep sadayana; salianna tina katindih ku urug, nyaeta pada kalalabur kabeh, parindah ka sejen nagara, ka sejen tempat. Jadi di nagara Korobokan roncong teu aya jelema, sumawonna sasatoan, kuda, munding, embe, domba, atawa hayam, seep paraeh katinggang urug. Ti wates eta, Gunung Kutu dilandih ngaranna, sawareh anu nyebut Gunung Agung, sawareh deui anu nyebut Gunung Guntur. Ari gunung leutik, urut Sunan Rangga Lawe tobat ka rakana, katelah nepi ka ayeuna ngaranna Gunung Putri. Ari situ, anu disituan ku Sunan Rangga Lawe, katelah ngaranna disebut Situ Taman, di Timbanganten. Salebeting carita, jalma nu paeh mangsa harita, katinggang ku batu, kakubur taneuh jeung keusik, jeung katinggang seuneu, reana aya sawelas rewu, ari rupa sato hewan tujuh rewu. Ari nagara Korobokan jeung kampung-kampungna, anu katutup ku taneuh jeung ku batu, nu katelah ayeuna Tegal Urug. Ari nagara Timbanganten, nyaeta dialihkeun ka Tarogong, anu nelah nepi ka jaman ayeuna Distrik Tarogong; eta nagara pusaka ti jaman baheula. Sakitu cariosna Gunung Kutu, nu matak kaluar seuneu nepi ka jaman ayeuna.
t a m a t (Carita ieu teh hasil tapa tengah poe pun bojo--nu geulis tea geuning--di lante tujuh Perpustakaan Nasional RI sabot kuring gawe) -- sikandar PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
