Bagea Kang Sastra (kitu sane merenah nyalukanana? punten panglereskeun bae bilih lepat mah), Kalintang bagjana, tiasa patepang sareng salira. Tin kawit ngaos posting salira anu munggaran di ieu milist, si kuring tos kumejot hoyong ngiring aub mairan. Boh perkawis sajarah "peradaban" Sunda anu samangsa sareng Mesir (malih ti beh ditu keneh), atawa soal "feodalisme" di TS (anu seueur dialokan ku Kang Tirtra), sadayana estuning matak kataji. Ukur bati macaan bae, jalaran nuju kaleresan nandangan hareeng (flu) sareng pakepuk ku kagiatan di luar kantor (nyakitu, mukaan intrenet teh tuimaninahna mah di kantor) angsa salira rajin posting ka kisunda teh (pamugi bae masing saterasna kitu, tiasa ngaleubeutan kisunda). Sumangga, amanah salira kanggo Kang Roza bade diestokeun pisan. Namung danget ieu, e-mail anjeunna teh nuju rada hareeng. Urang cobian bae ngalangkungan sms. Kang Roza danget ieu nuju pakepuk hoyong nyitak sareng nyalabarkeun kalasunda saseueur-seueurna, namung samporet ku waragad. Teu sompral teu sing, Kang, naon rupi anu didugikeun ku akang ka abdi. Katarimakeun pisan. Mangga lajengkeun, ngadadarkeun naon rupi pangalaman akang salami di pangumbaraan, tinangtu baris ageung manfaatna keur warga milist, khususna anu aya di lemah cai. Mugi heunteu janten halangan wireh sim kuring teu acan tiasa mairan. Baktos, manAR
sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang Oman nepangkeun abdi ti Bandung nuju nyangsang di New York City. > Punten wae bade nyuhunkeun pitulung ieu amanat kanggo Kang Oca (Roza > Mintareja), Abdi tos terang Kang Roza nuju masiswa itb anjeuna tos janten usawawan dibidang wangunan. Sabara tahun katukang abdi pernah mantuan projekna di RATU PLAZA Jakarta, abdi ditugaskeung mantuan team Arsitektur Landskape ti Jepang nu ngarancang di luhur gedung R P . Abdi ngabantuan ngetang struktur ngabangun timimiti nepi kaanggeus eta projek, nyaeta mgitung harga bahan, ngitung harga buruh, ngitung harga alat-lat kontruksi, istilah bahasa arsitekmah manajemen kontruksi . Punten we nya Kang Oman, di forward wae ka Kang Roza. Please visit http://www.silatbooks.com/ http://www.silatpdusa.com/ Please write [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] Hapunten wae nya Kang Oman abdi tos sompral Yan nyc PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? The all-new My Yahoo! � Get yours free! [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
