Haturan Kang Oman, Sim kuring teh ngaluuhan acara di Pendopo tea, sareretan ningal Akang tapi teras leungiteun deui (da kabujeng lampu dipareuman), padahal meni hoyong pisan ngobrol neraskeun hanca tipayun. Ngan sim kuring teu dugi ka rengse harita teh, maklum kedah wangsul ka gunung atuh, janten ngereles ti payun da bilih teu aya angkot.
Sim kuring ngarojong pisan kana tarekahna Abah Ali, bujeng-bujeng dina leresna sok sanaos lepat oge moal burung dihaminan. Sae pisan upami diusulkeun sangkan anjeuna ngadamel seratan anu kumplit, sanes ukur perhitungan secara matematis wungkul tapi sareng tinjauan astronomina. Hoyong sim kuring usul, sangkan kaping hiji tina unggal sasih teh tetep wae nurutkeun meletekna bulan supados akur sareng sistem kalender qomariah anu sanesna. Upami numutkeun Bah Ali, kaping hiji tina unggal sasih teh nyaeta keur bulan sapasi (paro caang), upami kitu bulan purnama teh sanes kaping opat belas tapi kaping dalapan. Ari kitu, wayahna paribasa, "Caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan" kedah digentos ku "Caang bulan ping dalapan, jalan gede sasapuan".......... ;-). Oge seratan-seratan Panghulu Hasan Mustofa anu nyabit-nyabit caang bulan opat belas teh kedah digentos oge, bisi ieu kalender teras dianggo ku generasi nu bakal datang,ulah aya sangkaan seratan-seratan PH Hasan Mustofa kaliru demi nyebutkeun caang bulan opat belas, padahal caang bulan mah ping dalapan. ;-) Punten da eta mah mung emutan sim kuring wungkul. ilen kardani At 01:27 AM 1/27/2005 +0000, you wrote: >--- In [email protected], "Oman Abdurahman" ><[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >Baraya, > >Sakedik (heulaanan, sugan pareng engke diteruskeun) kahaturkeun >ngeunaan kalender Sunda tea. Sakumaha laporan Ua Sas ti payun, malem >Salasa, 18 Januari 2005 (Anggara, 1 Suklapaksa/paro caang, bulan >Kartika/01, Taun 1941, Saka Sunda), diayakeun "pabaruan". Ari >pabaruan teh taun baruan tea, pikeun "peluncuran" kalender Sunda >sakaligus ngawanohkeun ka balarea yen Sunda ngabogaan sistem >kalender anu leuwih akurat. PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
