Rahayu Kang Asep,

Nagasastera saur ahli budaya mah NAGA=Waktu SASTERA=Ucapan/tulisan hade, 
jadi Nagasastera teh, "Ucapan hade anu dikedalkeun dina wanci anu 
mustari/tepat pasti bakal matih/jitu"

Contona:

- Proklamasi '45 :
Ucapan hade (Proklamasi = Sastera) anu dibiantarakeun dina waktu anu pas 
(Naga=17 Agustus 1945), anu bisa mawa kamerdekaan keur bangsa urang (Matih).
- Pangeran Sumedang vs Deandels :
Harita Rahayat Sumedang anu keur diromushakeun ku  Walanda kudu ngababad 
cadas (Naga =waktu, situasi), teras Pangeran Sumedang unjukan ka Deandels 
sangkan pagawean naratas jalan teh dibantuan ku alat-alat berat (Sastera), 
antukna disatujuan ku Deandels tur terus ngadatangkeun peralatan berat keur 
naratas jalan malibir cadas (Matih).

Tah keur urang anu teu ngagaduhan kerisna (Nagasastera), da puguh ngan 
hiji, tiasa metakeun filsafat anu aya disatukangeunana, nyaeta ngagunakeun 
pangaweruh dina wanci anu mustari sangkan mawa kana karaharjaan sasama.

ilen kardani


At 06:05 AM 1/19/2005 +0000, you wrote:


>--- In [email protected], "Asep Dedi Suhendra"
><[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > -Kang Oman...,langkung tipayun bade nepangkeun heula bilih hilap
> > deui abdi wasta Asep Oeking  kawit ti ciwaruga-Bandung sareng...
>duh
> > nembean terang abdimah yen urang sundateh kagungan keris oge
>gening,
> > manawi teh kerismah kagungan urang wetan bae manawi,... muhun abdi
> > engke upami tos salse  bade nyuhunkeun dianteur hoyong ninggal eta
> > keris.
> >
> > Kang.., rerencangan pun bapak kapercanten kanggo ngariksa
>sababaraha
> > jenis kujang saurnamah tilas cecepangan ti pajajaran kapungkur
>duka
> > leres duka henteu, abdi parantos ninggal kuanjeun memang benten
> > pisan tinu senjata sanesna anu kengen nempa, ari kujang ieumah
> > sapertos besi gelempengan, ngan hilapdeui etateh perak atanapi
>sanes
> > ayana diwewengkon ciparay, kaleresan anjeuna tokoh di Gedong
> > Pasewakan Penghayat Aliran kebhatinan perjalanan.
> >
> > Sareng abdi aya kapanasaran, manawi kang Oman terang upami Uga
> > Wangsit siliwangi sumber cetakan anu aslina aya dina buku atanapi
> > kitab naon...??? punten janten celembeng.
> >
> >
> > Baktos
> >
> >
> >
> > Asep Oeking
> >
> >
> > -- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> > wrote:
> > >
> > > --- In [email protected], "Oman Abdurahman"
> > > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > Ti heula teh aya nalek soal kujang jeung keris dina budaya
>Sunda.
> > > Mangga ieu kahaturkeun aya seratan ngeunaan kujang di kisunda:
> > > http://www.sundanet.com/artikel.php?id=231
> > >
> > > Eusi tulisan teh ngandelan carita lisan sepuh ti Panaruban. Yen
> > > cenah kujang teh asal muasalna mangrupa pakakas pangleler ti
>raja
> > ka
> > > rahayatna anu ngabogaan jasa ka karajaan/nagara. Nya upama
>ayeuna
> > > mah sarupa hadiah "upakarti" atawa "kalpataru" tea anu
>dilelerkeun
> > > ku pamarentah ka anggota masyarakat anu boga saja dina widang
> > > ekonomi/industri jeung lingkungan.
> > >
> > > Ari keris, masih ceuk carita sepuh anu di luhur, cenah aslina
>teh
> > > pakarang komara karajaan Sunda. Nya tangtu anu mimiti nyieun na
> > teh
> > > Urang Sunda. Ngan sanggeus perang bubat, sawaktu keris Nagasasra
> > > awewena karebut ku Gajah Mada, nya urang wetan teh nariron
> > nyarieun
> > > keris sarupa Nagasasra. Sakumaha dina beja ti heula, bisa bae
> > nyieun
> > > keris teh dikhususkeun keur urang Jawa bae, tepi ka di Sunda
> > budaya
> > > (nyieun) keris ilang.
> > >
> > > Dina salah sahiji buku ngeunaan keris, tulisan salah saurang
>seler
> > > karaton Solo-Yogya, disebutkeun, yen keris Nagasasra mimiti
> > dijieun
> > > Jaman Pajajaran, mangsa rajana Ciungwanara. Ieu informasi teh
>rada
> > > salah dina lebah Pajajaran anu heunteu acan ngadeg dina jaman
> > > Ciungwanara. Ngan upama Ciungwanara anu jadi patokan, keris teh
> > > geuningan geus aya di budaya Sunda ti mimiti abad 7-8 M.
> > >
> > > Aya anu nguatkeun kacindekan di luhur. Kahiji, motif hiasan naga
> > > dina keris Nagasasra, aya bungkeuleukan 3 dimensina, nyaeta di
> > > lawang (gapura) pajaratan Nusa Pakel, Situ Lengkong Panjalu. Anu
> > > kantos zaroh ka makom Sanghiyang Wastukancana di Situ Lengkong,
> > > Panjalu, tangtu kungsi mireungeuh patung naga sapasang dina
> > luhureun
> > > gapura ka eta pajaratan, kenca katuhu.
> > >
> > > Kadua, dina mangsa Raja Ciungwanara, memang mimiti digunakeun
> > > kecap "naga" dina ngaran tokoh atawa pakakas tug tepi ka
> > sababaraha
> > > waktu kadieunakeun. Upamana, ambuna Ciungwanara teh katelah
> > > Naganingrum tea. Tuluy aya oge jenengan raja teureuh Panjalu anu
> > > katelah Nagaruncing. Ngaran anu akhir oge jadi ngaran hiji keris
> > > (ramana salah sawios anggota Kusnet mibanda eta keris).
> > >
> > > Katiluna, upamana ngilikan bungkeuleukan (foto-foto) keris anu
> > > disebut Nagasasra dina buku ngeunaan keris anu disebut di luhur
> > > (Nogososro), tetelah jauh pisan kaendahanana jeung
> > kaproporsialanana
> > > antara keris Nagasasra versi Sunda jeung keris Nogososro versi
> > > wetan. Anu di Sunda, sakumaha bisa kasaksian salah sahiji versi
> > > Nagasasra anu aya di sepuh di Panaruban (keris lalakina), kacida
> > > proporsialna. Boh wangun naga ti mimiti hulu tepi ka sukuna
>atawa
> > > hiasan sejenna jeung sarangkana. Anu ti wetan mah umumna teu
> > > proporsial. Aya anu lintuh teuing beuteungna, atawa teu ngarupa
> > dina
> > > huluna, jst dina lebah wangun hiasan nagana teh.
> > >
> > > Kaopat, dina hiji waktu, nyoreang Presiden Gus Dur arek turun
>tina
> > > korsi kapresiden, hiji tabloid ibukota mintonkeun foto Gus Dur
> > keur
> > > nyekel keris. Eta keris diakuna salaku keris Nogososro. Tapi,
> > > nyakitu, jauh pisan bedana atawa kaendahan jeung
> > kaproporsionalanana
> > > eta keris anu diaku ku Gus Dur salaku Nogososro jeung keris
>salah
> > > sahiji keris Nagasasra anu aya di salah saurang sepuh US di
>Tatar
> > > Sunda. Nyatana di sepuh anu di Panaruban tea. Ka kadang wargi
>anu
> > > aya maksud hoyong ningali salah sahiji keris Nagasasra versi
> > Sunda,
> > > mangga Insya Alloh si kuring tiasa nganteur. Ka Panaruban tea,
> > > sakalian ningalian curug Cimuja, Curug Karembong, jsb di eta
> > > wewengkon anu relatif masih asri.
> > >
> > > Baktos,
> > > manAR
> > > --- End forwarded message ---
>
>
>
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
>berupa pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke