Sampurasun Saderek "kumincir" Hapunte pribados elat ngawaler. Saleresna pisan aturan mah parantos aya tos eces sok sanaos tetep ari kakirang sok aya wae. Maklum aturan meunang manusa jauh tina sampurna. Tapi minimal mah tos aya lah. Leres pisan dina lebah ngalaksanakeunana sok dimomorekeun boh ku jalmi jalmi anu ngawangun industri oge ku masyarakat umumna. Sanes pribados nyamarutkeun kasadayanan. namung seuseurna masih keneh neangan embe hideung saur pari paon tea mah. Padahal anu nanggel waler pikeun ngawaskeun dilaksanakeun henteuna aturan pan tos aya nyaeta anu disebat APARAT PENEGAH HUKUM tea. dibantos ke aparat sanesna, kelebet BPLHD Jawa Barat, sareng anu sanesna anu aya di Kabupaten sareng Kota. Masyarakat langsung atanapi LSM tea tiasa ngabantos nitenan atanapi nalungtik kaayaan alam sabudeureunnana. Hasil panalungtikannana mangga diantos pisan kupribados di BPLHD Jawa Barat Jl. Naripan No 25 Bandung.
Wasalam Pupuhu BPLHD Jawa Barat Ade Suhanda (AS) ----- Original Message ----- From: "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Cc: "Kusnet" <[email protected]> Sent: Tuesday, February 01, 2005 4:40 PM Subject: Re: [kisunda] Re: Welcome to kisunda - Lingkungan Bandung > > Maca PR Online, aya dua wawar nu patali jeung BPLHD (Pasundan). Kahiji > ngeunaan rencana ngaluarkeun aturan pangolahan runtah industri, kadua > ngeunaan kasus Punclut. > Aya sababaraha masalah anu hoyong ditaroskeun saleresna mah, nyaeta > ngeunaan lingkungan hirup di urang, kaleresan aya nu wenang ti BPLHD > Hiji bae pikeun conto, ngeunaan karuksakan lingkungan alatan limbah > industri. Ari sakuduna mah (meureun), samemeh ngadegna hiji pabrik, > tangtu kudu geus aya citak biru operasionalna, ti hulu nepi ka hilir, > anu kudu geus disatujuan ku pamarentah/lembaga nu wenang. Tah di > hilirna (bae), lamun eta pabrik ngalanggar aturan, atawa mun > kadieunakeun kanyahoan si pabrik teh miceun limbah nu ngaleuwihan > wates baku limbah industri sahingga ngabahyakeun lingkungan/masarakat, > saha nu tanggung jawab pikeun nanjeurkeun aturan ieu > (ngoreksi/ngahukuman)? Upami tos jentre saha2na, naha salami ieu > lancar nanjeurkeun aturan teh? Pami henteu (da ari nempo kiwari mah, > loba industri nu miceun limbahna sangeunahna/teu luyu jeung aturan), > naon anu jadi masalah? Naha bet hese? Kumaha carana sangkan pihak nu > wenang bisa nanjeurkeun ieu aturan? Mun peran aktif masarakat bisa > ngabantuan kana masalah ieu, kumaha carana? > Pikahariwangeun pisan atuh da lemah urang teh. Gunungna meh beak > diraradan, dayeuhna, geus puguh heurin usik mah, meh ruksak deuih > lingkunganana... > > On Mon, 31 Jan 2005 08:44:44 +0000 (GMT), Tirta widjaja > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Minggon kamari sim kuring ngiring ngabahas RUU Pertambangan Mineral & >> Batubara. Masih antar departemen. Ke dina sosialisasi mangga geura mere >> asupan, atanapi bade langsung mere asupan ke DPR ge sae pisan (asal DPR >> nu digawe). Ieu RUU teh mun teu diaping bener-bener potensi pisan >> ngaruksak kabuyutan atawa kawas pongkor nu kadenge sapopoe teh jelema nu >> kaurug taneuh, ari kamaslahatan masarakat ti hasil tambang (emas) duka >> dimana. > > -- > sikandar > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
