Para wargi, Sigana aya 3 hal anu peryogi dina ngokolakeun lingkungan sangkan bisa ngigelan jeung ngigelkeun jaman. Anu kahiji, hal ngaawaskeun prak-prakanana aturan (low enforcement),. anu kadua, aturan anu ulah katinggaleun ku kamekaran teknologi; katilu, poma kudu ngaitkeun sareng pangaweruh jeung adat istiadat lokal (nilai-nilai lokal). Anu kahiji, sok sanajan kumaha bae alusna aturan pamarentah, upama kontrol jeung montioringna teu rancage dilaksanakeun mah moal aya hartina. Pikeun hal eta, tangtu sdm jeung anggaranana kudu cukup. Upamana bae, sdm teh ulah tepi ka kapincut ku pangbibita ti pihak anu keur diawaskeun, da geus cukup upahna ti pamarentah. Kukituna, anggaran teh kudu nyoko kana anggaran dumasar kinerja tea. Indikatorna jelas, lingkungan kudu hade sakumaha anu direncanakeun. Anu kadua, pakait jeung kamajuan teknologi. Pamarentah sakuduna ngadopsi teknologi madya anu murah tapi efektif dina ngokolakeun lingkungan. Upamana bae, pikeun instalansi IPAL, teknologi anu murah teh diantarana anu bisa malikeun cai limbah jadi herang (nyukupan syarat keur cai inumeun atawa sakurang-kurangna munasabah digunakeun deui dina proses industri anu miceun eta limbah). Dina lebah dieu, kalan-kalan antara aturan Pamarentah jeung kamekaran teknologi teh pagedrug kulantaran aturan Pamarentahna heuras teuing (kaku). Kungsi kajadian, aya teknologi anti limbah anu kapanggih ku salah saurang warga US, diasongkeun ka hiji industri. Ieu teknologi teh murah jeung pohara nguntungkeunana pikeun nu boga industri. Sabab, upama eta teknologi digunakeun mah si industri teh teu kudu loba nyieun sarana keur ngokolakeun cai kotor (air limbah) anu dihasilkeun ku proses eta industri. Tapi anu kajadian, anu boga industri teh nolak. Ceuk juragan pabrik teh:"kami mah sieun keuna ku aturan pamarentah, sabab ceuk eta aturan, syarat industri geus nyumponan proses ngokolakeun limbah anu bener teh kami kudu ngalengkepan sarana mangrupa anu...anu ... jeung anu..., anu heunteu aya dina teknologi anu ku anjeun ditawarkeun". "Kukituna, sok sanajan teknologi anjeun leuwih ampuh jeung murah biayana, kami teu wasa migunakeunana", ceuk juragan pabrik neruskeun. Kusabab kitu, sigana aturan pamarentah teh kudu nyoko kana hasil akhirna bae, teu kudu dilengkepan ku syarat-syarat hiji teknologi tinangtu anu matak ngabeulit kana kreativitas sakumna industriawan atawa elmuwan (ringkesna, heunteu kudu heuras alias "kaku"). Anu penting, baku mutu lingkungan dina proses ngokolakeun limbah/cain kotor ti pabrik kahontal. Keun bae, da golongan industri oge pasti mikir jeung ngudag kana teknologi murah tapi ampuh mah. Kitu manawi. Pikeun alternatif, si kuring aya akses ka anu gaduh teknologi sarupa kitu. Ceuk nu bogana mah, dalah cai walungan Citarum oge bisa jadi herang ku eta teknologi antilim teh; lumayan keur bahan baku PDAM bae mah teu kudu rieut mikiran cai taneuh anu geus saat (bener heunteuna nya kari nguji bae). Atuh upama dipiharep langkung anteb, Pamarentah tiasa ngayakeun lomba teknologi anu udaganana mulasara lingkungan kalawan cara anu murah, efektif jeung bahan-bahana lokal, upamana. Anu katilu, pakait jeung nu kadua oge nu kahiji. Budaya atawa pangaweruh lokal, sakumaha kapireungeuh tina sajarah, oge kacondongan jaman ayeuna, geus mimiti dilieukan salaku hiji cara anu ampuh dina ngokolakeun lingkungan. Ngahejokeun leuweung atawa DAS (daerah aliran sungai; bisa kitu disundakeun jadi: wewengkon papalidan walungan/ WPW?), upamana, kalintang merenahna upama migunakeun local genuine + local colour pikeun masing-masing DAS. Sabab, upama teu kitu, akselerasi pangwangunan anu diwanohkeun ku pamarentah teh bisa heunteu ditarima ku masyarakat sewang-sewangan karana teu luyu jeung budayana (pangaweruna, kreativitasna). Aya kauntungan sejen upama masyarakat sareng budayana dilebetkeun dina proses ngokolakeun lingkungan. Anggaran pamarentah anu umumna samporet bisa jadi gede upama dipateakeun jeung dipasrahkeun sawareh ka masyarakat dina prak-prakanana. Masyarakat biasa motekar dina narjamahkeun program pamarentah. Rambu-rambuna bae anu diperyogikeun ti pamarentah mah, da masyarakat oge parantos biasa ngurus lingkunganana. Oge, faktor korupsi (KKN) bisa leuwih katahan upama seueur anu ngawaskeun mah (kusabab dipasrahkeun ka masyarakat tea). Ku cara kitu, "reinventing goverment" dina widang ngokolakeun lingkungan teh dikawitan. Memang, dina sababaraha program anu aya, anu kasaksian, geus ngamimitian ieu "pendekatan" budaya teh digunakeun. Ngan hanjakal, balik deui tadi, kana soal anggaran Pamarentah anu heureut tur kawengku keneh ku pola-pola ngokolakeun lingkungan anu heunteu kreatif. Antukna masih kapalang mun buah tea mah. Rupina sakitu heula. Hapunten bilih langkung saur, bahe carek. Baktosna, manAR
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Maca PR Online, aya dua wawar nu patali jeung BPLHD (Pasundan). Kahiji ngeunaan rencana ngaluarkeun aturan pangolahan runtah industri, kadua ngeunaan kasus Punclut. Aya sababaraha masalah anu hoyong ditaroskeun saleresna mah, nyaeta ngeunaan lingkungan hirup di urang, kaleresan aya nu wenang ti BPLHD Hiji bae pikeun conto, ngeunaan karuksakan lingkungan alatan limbah industri. Ari sakuduna mah (meureun), samemeh ngadegna hiji pabrik, tangtu kudu geus aya citak biru operasionalna, ti hulu nepi ka hilir, anu kudu geus disatujuan ku pamarentah/lembaga nu wenang. Tah di hilirna (bae), lamun eta pabrik ngalanggar aturan, atawa mun kadieunakeun kanyahoan si pabrik teh miceun limbah nu ngaleuwihan wates baku limbah industri sahingga ngabahyakeun lingkungan/masarakat, saha nu tanggung jawab pikeun nanjeurkeun aturan ieu (ngoreksi/ngahukuman)? Upami tos jentre saha2na, naha salami ieu lancar nanjeurkeun aturan teh? Pami henteu (da ari nempo kiwari mah, loba industri nu miceun limbahna sangeunahna/teu luyu jeung aturan), naon anu jadi masalah? Naha bet hese? Kumaha carana sangkan pihak nu wenang bisa nanjeurkeun ieu aturan? Mun peran aktif masarakat bisa ngabantuan kana masalah ieu, kumaha carana? Pikahariwangeun pisan atuh da lemah urang teh. Gunungna meh beak diraradan, dayeuhna, geus puguh heurin usik mah, meh ruksak deuih lingkunganana... On Mon, 31 Jan 2005 08:44:44 +0000 (GMT), Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Minggon kamari sim kuring ngiring ngabahas RUU Pertambangan Mineral & > Batubara. Masih antar departemen. Ke dina sosialisasi mangga geura mere > asupan, atanapi bade langsung mere asupan ke DPR ge sae pisan (asal DPR nu > digawe). Ieu RUU teh mun teu diaping bener-bener potensi pisan ngaruksak > kabuyutan atawa kawas pongkor nu kadenge sapopoe teh jelema nu kaurug taneuh, > ari kamaslahatan masarakat ti hasil tambang (emas) duka dimana. -- sikandar PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
