Kang yan pendekar silat// guru yan, nepangkeun abdi US anu nyasab di Houston, 
 
Almarhum pun uwa Bapa Dodi Tisna Amijaya, tiasa ku US ditinggali runtuyan 
sejarah perjuangan anjeuna ti kapungkur ngiring berjuang dugi ka terachir 
ngajabat janten duta besar Perancis di Musium Dodi Tisna Amijaya di Buah Batu 
Bandung, wa istri kuanjeun anu ngumpulkeun sagala rupina dibantosan ku 
saderek-saderekna oge rerencangan anjeuna.
 
Mangga  bilih baraya US hoyong uninga langkung paos kana perjuangan pun ua di 
bidang teknologi, Agama sareng Pendidikan oge bidang sanesna mangga ulah asa-asa
tepangan wae raina Kang Eri Erlangga atanapi istrina Dr Kartiwi W Erlangga 
atanapi runtuyan keluaraga Dodi Tisna Amijaya, moal disaha-saha US mah
 
kang Yan akang oge atuh, pahlawan di bidang Pelestarian budaya Sundamah, sakitu 
Penca silat dipiara di mumule di turunkeun ka bangsa sa alam dunya jaba bukuna 
ngahunyud elmu
anu teorina ngenaan penca silat anu materina tos dibukukeun ku akang,
ngan saeutik hanjakalna kang Yan, tebih ti Houston padahal abdi boga budak jalu 
calon murid lamun seug caketmah, .... mangga teraskeun perjuangan akang.cag.
 
Ani K Amijaya.
 
tranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Nepangkeun Kang Rachmat, jeung baraya.......sa sunda

"Dubesna DodyTisna Amidjaja, anu diteruskeun ku Tb. Bachtiar Rivai, 
jrrd. Kang ganjar tiasa langkung jentre dina perkara ieu. Naon 
mangpaatna ku ayana para diplomat Sunda di Perancis pikeun Sunda keung 
Kasundaan?"

US sareng Bangsa Perancis mangrupakeun pasangan anu pakeukeup keukeup 
tima seni budaya sareng ramah tamah tea. Wijujeng enjing, wilujeng 
sonten, wilujeng wengi......tah eta ngabuka silaturahmi dua bangsa aya 
pasanganana.

I eu abdi gaduh pangalaman ngadangu kuiiah agama ti Bapak Dody Tisna 
Amijaya abdi masih keneh SMP di salman ITB. Dina eta caramahna nepi 
kaayeuna masih aya dipikiran abdi. Anjeuna nerangkeun judul "pasangan" 
anu dicandak ti ayat qur'an, cobi pilari ayat anu mana. Pak Dody 
nafsirkeum kajadian alam teh anu diciptakeun Allah SWT kedah aya 
pasanganana dina sagala rupi nu aya didunya.

Anjeuna masihan contoh panyerbukan kembang ros aya pasanganana nyaeta 
ku kupu-kupu......? Upami elmu listrikmah aya arus plus sareng minus; 
aya panas aya tiis; aya euceu aya akang , .aya teuras aya lemes.sareng 
saterasna.........

Pasantren Salman ITB teh ngaluarkeun seueur da'wah ilmu teknologi da 
cocok sareng lokasina kampus ITB, janten eta para guru besar osok 
ngupas elmu Allah SWT , tina ayat-ayat Qur'an dtfsirkeun keur kamajuan 
urang sararea disagala rupi elmu sosial sareng elmu teknologi.

Upami cikal bakal US ngajabarkeun kana teknolgi pasti US tiasa nyaingan 
teknologi urang America jadi teu kedah meser atanapi nyuhunkeun 
pitulung sagala produk-produk ti USA, Jepang, German sareng 
nagara-nagar donatur teknologi maju..Kalemahan bangsa urang nyaeta 
kirang ngembangkeun elmu teknolgi praktis nepi ka industri kelas kakap 
sa seueur seueurna.

Teknologi praktis anu diutamakeun dibidang pertanian contona ngadarap 
sawah panen dilipetkeun hasilna; ngagarap / melak peuteuy diekpor ka 
USA; kalautan nernakeun atawa newak lauk mujaer, hiu, cucut teras 
dikalengan kirim ka USA, teknologi daur ulang keur runtah ayeuna anu 
ribut di Bandung. Anu praktis-praktis heula kanggo kabutuhan sahari 
-hari di tatar sunda. Geuning Kapal terbang engeus dijieun, tapi mesina 
meuli. Tong kitu, US kudu ngieun mesin-mesin naon wae ditaneuh US keur 
nyiptakeun pangangguran jeung kamakmuran sararea. Tah ti dieu nilai 
tukar rupiah urang naik, sukur-sukur seueur emas digudang US, sanes 
EMAS JAWA ti WETAN.

Sosok pimpinan US anu dipincontoh ku Rektor ITB mangrupi kabanggaan US 
kedah diteraskeun kunu US nungarora ayeuna, mempeung aya waktos, 
geuning ayeunamah lulusan ITB teh opat tahun lulus. Zaman akang masih 
seueur dosen-dosen anu kasintreuk hate ku murid , nyaeta nyerihatean 
eta murid anu kedah lulus 4 taun tiasa 8 taun atanapi 12 taun janten 
sarjana. Malah batur akang nepi ka gelo oge aya diposma lami teuing 
dikampus. Sanes BODO dipasian sanksi
teu dilieuk-leuk acan, eta kapungkur zaman Pak Harto. Malahmah tugas 
sakola dilobakeun anu ngaleuwihan kapasitas MEGA BITE ETA OTAK.

Ayeuna zaman blak-blakan barudak ngora kedah ningali kamajuan urang 
Korea. Urang Korea kerja kerasna tiasa ngaleuwihan urang Jepang sareng 
Amerika. Malahmah barudakna ngorana rata-rata lulusan pasantren S2. 
US tong nepi ka S1 S2 S3, sa tatar sunda sakola gratis ti SD nepi ka S 
wae eta leuwih tina cekap ngawangun di sagala kota taneuh sunda.

Dubesna Dody Tisna Amidjaja, geuning mani ramah pisan sareng murah 
senyum, pimpinan anu gaduh elmu Allah SWT sareng elmu teknolgi, tah eta
anu disebat pasangan anu kedah dikeureuyeuh ku US.

wassalam
ti kuring anu nyangsang di NYC asal Bandung Utara
Yan
On Monday, January 31, 2005, at 09:26 PM, MRachmat Rawyani wrote:

>
> Teu aneh atuh upama aya pusaka Sunda di Perancis teh.
> Sigana wae aya sajarah panjang hubungan Perancis jeung
> Indonesia (khususna Sunda).
> S.I. Peoradisastra, bapana batur kuring, boga
> koleksi-koleksi buku majalah Perancis kaluaran taun 50
> an, diantarana Archipel.
>
> Atuh Mang Ayatrohaedi pakar dialektologi UI, kungsi
> tolabul ilmi di Bordeaux jeung Grenoble ti taun 75
> nepi ka taun 76, anu ahirna ngahasilkeun disertasi
> "Bahasa Sunda di Daerah Cirebon, Sebuah kajian
> Lokabasa" (1978).
>
> Kitu oge dina hal anu jadi Dubes jeung diplomat.
> Asana teh ti jaman iraha, para dubes RI di Perancis di
> dominasi ku urang Sunda. Contona waktu Dubesna Dody
> Tisna Amidjaja, anu diteruskeun ku Tb. Bachtiar Rivai,
> jrrd. Kang ganjar tiasa langkung jentre dina perkara
> ieu. Naon mangpaatna ku ayana para diplomat Sunda di
> Perancis pikeun Sunda keung Kasundaan?
> Hayu urang Rojong Kang Ganjar jeung baraya sanesna di
> Perancis, supaya tiasa ngamaksimalkeun sumbanganana ka
> Sunda jeung Kasundaan pikeun generasi ayuena jeung nu
> bakal kasorang. Amien.
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
>
> --- Ganjar Kurnia wrote:
>
>> Kadang wargi,
>> pribados kenging kabagjaan, rehna dipaparin foto
>> copy majalah Poesaka Soenda ti ngawitan terbit dugi
>> ka tilemna (Juli 1922 - Desember 1929) ti Ibu
>> Vivianne Sukanda Tessier. Eusi majalah estuning
>> pikaresepeun. Salian ti urang tiasa ninggali basa
>> Soenda jaman harita, aya oge catetan ngeunaan
>> kaulinan budak, oebar karoehoen, tembang, serat
>> centini, wawacan ssjb. Upami masing-masing materi
>> dikelompokkeun teras dibukukeun, sigana sae pisan.
>> Hanjakal, kukasibukan pribados mah moal tiasa
>> ngagawekeun. Susuganan anu sanes aya anu haat. Taya
>> sanes kangge kapentingan Ki Sunda keneh wae. Hatur
>> nuhun.
>>
>> Ganjar Kurnia
>>
>>
>
>
>
> 
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Meet the all-new My Yahoo! - Try it today!
> http://my.yahoo.com
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links








                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke