kang ira, upama KI SAMAR hoyong jadi KI TEGES, kumaha kang kira-kirana. mangga geura pedar kang.
salam, mh --- Ira Indrawardana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Pun amit tabe pun Sampurasun.... > > Samar : Naha enya aya agama Sunda ? > Semar : Nya aya teueu na mah kumaha nu ngarasa jeung > > rumasa we eta mah.. > > Samar : Kumaha maksudna ? teu ngarti kula mah ? > Semar : Nya da ngan bakal kaharti kunu ngarti wae, > da > ari nu teu ngarti mah boro-boro kaharti.. nyaho oge > boa da geus kasamaran... > Samar : Lain kitu..apanan agama mah pan ngan anu > umum > aya ilahar, da nu lainna mah lain agama da > kapercayaan > atau kabudayaan ? > Semar : Nu matak ayeuna mah da umumna nu enya di > lain-lain, nu lain di enya-enya, jadi nu matak > sanajan > dipapaksa dienyakeun oge kalahka parasea, pada-pada > malungkir.. > Samar : Saha nu malungkirna ? > Semar : heueuh eta anu nu keur barang jual... > Samar : Eta geura beuki teu ngalarti wae..maksudna > nu > keur barang jual naon ? > Semar : Nya nu keur jual gelar,jabatan, > pangaruh,ngajual ayat,ngajual budaya, ngajual > rahayat, > ngajual harta wanda (banda).. ah sagala we > dijarualan.. > Samar : Jadi kumaha atuh kuduna ? > Semar : Moal deuk ngudukeun, moal deuk nyaram, da > sagala oge geus nyampak,ayana manusa jeung budayana > tangtuna oge jeung agamana..da moal pati-pati aya > ngarana mun euweuh barangna... > Samar : Naon atuh bedana agama jeung kapercayaan ari > kitu mah ? > Semar : Eta mah kumaha pangartian jeung pangaweruh > manusana oge gumantung kana sikepna manusa wae..deuk > anu ngabedakeun pek.. anu nyaruakeun pek,ngan ceuk > kuring mah da eta-eta keneh, nu beda mah sesebutana > we..apanan nu maseakeun teh kulantaran beda > sesebutana > Samar : (ngahuleng..) > Semar : (ngahening...) sakitu wae heula tong loba > teuing sing olab..nu matak ari masalah nu kitu mah > ulah deuk openan ari teu nyaho bari teu ngarti mah, > ayeuna mah geura saliksik diri,tanya ka diri,ulah > maseakeun basa..prak we gawean ajaran naon wae nu > kaharti, ulah saukur cenah ceuk beja. lampahkeun > kurasa kamanusaan, ulah samar ka diri, sabab mun > jalma > samar kana dirina tangtu moal panggih jeung gustina, > jeung deui gusti mah teu kudu diteangan teu kudu > digeroan, geus Maha Uninga Anjeuna mah..sabalikna > urang anu sok teu rumasa jeung teu nguningaan kana > kamurahan, kaasih Mantena..cag ah.. > > Samar : (merengut..ngahuleng..baluweng) ah kuma > dewek > we.. ari kitu mah.. > Semar : Nya karep..da kuring oge moal nyaram rek > kitu > rek kieu oge.. kuring mah ngan saukur ngabejaan, teu > salah mun papada manusa silih asih-asah-asuh, silih > geuingkeun mah.. bisi keuna ku tsunami jeung gempa > kuring mah.. hampura baraya..ah kuring mah deuk > leumpang deui..ngajugjug pangreueruhan nu ngalagena > jeung rupa jeung wanda we...sampurasun... ===== bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ __________________________________ Do you Yahoo!? The all-new My Yahoo! - Get yours free! http://my.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
