-Sampurasuun..,

Kang Oman, nyambung caritaan kana "diantos perhatosanana kanggo 
bencana alam di Garut", Sim kuring teu acan gaduh wadahna kanggo 
ieu, margi sababaraha urang baraya sunda parantos naroskeun kamana 
dana bade disalurkeunana maksadna No.Rek.Bank, sanes akang teh bade 
ngiring aub kaditu..?? 


Baktos


Asep Oeking-FL  

-- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Baraya, 
>  
> Kajadian bencana alam di Aceh siga anu patalepa, sajaba ti lini di 
Palu, kamari ieu geus der deui lini anu heunteu kasebut leutik di 
wewengkon Kab. Garut beulah kaler jeung Kab. Bandung beulah kidul. 
Tetela, lain warga Aceh bae anu merlukeun kanyaah urang teh, 
geuningan tunggal dulur satatar Sunda keneh, khususna di Kacamatan 
Pasirwangi anu jadi korban lini di Jabar ayeuna-ayeuna ieu teu acan 
kapalire. Hal ieu sakumaha tiasa kailo dina warta koran "Pikiran 
Rakyat poe" kamari jeung poe ayeuna di handap ieu: 
> http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0205/05/0101.htm jeung 
http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0205/06/index.htm. 
>  
> Sumangga atuh, ka dulur-dulur di sakuliah dunya, mangga urang 
sasarengan merhatoskeun dulur-dulur urang anu nuju nandangan kasusah 
alatan bencana alam lini. Tiasa bae eta warta salaku iber 
kasagtukang kanggo anu bade nyusun proposal pikeun ngempelkeun 
bantosan (haturan Teh Nenny, mugi tiasa nyalabarkeun ieu warta ka 
Kang Dadang di California anu kamari ngobrol di chat conference. 
Hatur nuhun).
>  
> Kanggo napak tilas jejer-jejer anu pakait jeung eta warta tur naon 
anu parantos dipadungdengkeun di ieu milist, mangga tiasa diilo 
arsip file posting di kisunda di handap ieu:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/11237
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/11241
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/11216
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/11151
>  
> Wilujeng urun rembug ka sadayana. Pumugi aya bantosan nyata ka 
warga urang di Garut kaler sareng pakidulan Bandung anu nuju 
nandangan musibah. Amin.
>  
> Baktos,
> manAR 
>  
>  
>  
>  
>  
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke