Pun Amit tabe Pun Sampurasun....

Kang Asep Dedi S. hatur nuhun kana waleran perkawis
salah sawios peryogi atanapi henteuna ngaguar bagbagan
ajaran atanapi ageman anu kalintang "privacy-na" ceuk
basa deungeun mah. Sanes bade ngoretkeun, barina oge
da rumaos teu ngagaduh-gaduh kana ajaran atanapi
ageman Sunda da tos nyarampak di papada salira,kalih
ti kitu estuning sadayana oge karsaning kagungan
Gusti. Pribados mah mung sakadar darma wawayangan di
alam pawenangan ieu. Atuh kaduana rumaos pribados oge
nuju diajar keneh kana elmu Sunda teh,janten ari
ngahaja-haja ditaros kunu laluhung elmu dina
kasundaana mah janten sok asa inggis ku bisi rempan ku
basa paripaosna mah. Sok komo dina rohangan umum kieu
mah bilih majar ngabibisani.
Salajengna aya paripaos deui bok bilih lepat tampi
sanaos sami-sami sakudrat janten urang Sunda
"kurunganana" mah, tapi ari
pamadegan,kayakinan,jatidirina mah rupina
benten-benten. Ceuk pribados kieu, ceuk batur lain
kitu,janten ah mangga wae nyanggakeun ka penilaian mah
ka masing-masing pribadina wae.
Atuh saterasna,sakaterang pribados mah dina
naskah-naskah warisan karuhun Sunda (SSK,Amanat
Galunggung, Carita Parahiangan ssjb) diantawisna aya
ajaran ageman Sunda oge, kalebet oge anu
dicangking/diagem ku wargi-wargi di wewengkon ciparay,
cigugur & masyarakat adat sanesna di Tatar Sunda.
Namung sacara umum,rupina,pamendak pribados mah ajaran
ageman anu lungsurna ti Gusti ka bangsa mana
bae,intina mah miwarang hade milampah dina
kamanusaanana numutkeun cara ciri kabangsaanana.
Kukituna sapribadieun mah nuju diajar maca kana diri
kamanusaanana pribadi anu dikersakeun ku Gusti gaduh
"waruga manusa",sihoreng pribados oge masih jauh keneh
milampah kana kamanusaanana nu sajati. Salajengna
pribados nuju diajar,nengetan,ngawangun kasadaran
katut ngalarapkeun ajen kudrat kasundaan ti Gusti,anu
diwariskeun ti karuhun-karuhun Sunda. Sihoreng jembar
pisan, rupina pribados mah teu acan nanaona upami
dibandingkeun sareng dulur-dulur,Ki Lanceuk sadaya anu
laluhung elmu pangaweruh Kasundaanana.
Tapi teu nanaon,sanaos loba titatarajongna dina diajar
elmu Kasundaan tapi da bongana nu jadi udagan
sapribadieun mah iwal ti diajar hirup anu sajati
(pulih ka jati) salawasna salami diwenangkeun
hirup,diajar mati nu sampurna (mulang ka asal-Na). Ti
mana atuh di ajarna ? Di"ajar"na mah ti Gusti
keneh...Maksudna ? Enya ari "ajar" teh "caang" boh
sifatna lahir atawa batin sangkan boga kanyaho jeung
kaharti...Tina naon diajarna ? Tina samudaya
ciciptaana-Na...Kumaha carana? "Maca" ku Budi,Daya,
Akal jeung Rasana kuringna nu sajati...mung ampun
paralun nyatana mah rumaos teu sacongo buuk-buuk acan
pangarti ajaran Sunda anu luhung teh tos kaguar
atanapi kalarapkeun ku pribados. Pribados masih bodo
keneh, numawi masih diajar teras...

Etang-etang sakedik pangalaman pribados,kantos
sawatara taun-taun kapengker dina hiji organisasi
Kasundaan di Bandung,lalampahan pribados anu kitu teh
(anu nuju diajar kasundaan) ku para senior disebut
ngagem "AGAMA ANEH",dugikeun ka pribados ditalek
dihareupeun umum kudu ngajelaskeun "pamadegan"
pribados anu cenah ceuk para senior teh "AGAMA ANEH"
eta, padahal pribados teu rumasa nyebutkeun ngaran
"AGAMA" naon anu ku pribados dipercanten. Malih mah
kantos dina "Sawala Luhungna" eta organisasi
Kasundaan,pribados teu meunang make kayakinan "AGAMA"
lain sajaba tinu umum kaceluk dina sawala eta. Majarna
teh ajen basa Sunda leuwih handap batan Ajen basa
"AGAMA" nu kaceluk dina eta sawala..
Namung benten deui sareng pangalaman
pribados,sababaraha kali sok ilubiung dina pertemuan
lintas agama sa-Indonesia dina wadah ICRP (Indonesia
Coference Religion on Peace)sareng JPS (Jamaah
Persaudaraan Sejati)cenah ceuk dulur-dulur tinu beda
agama/kayakinan teh nyebutkeun kayakinan pribados teh
" sundanesse traditional belief". Palih dinya mah
pribados mah moal kadeoh milu kokojayan dina leuwi
sesebutan anu matak maseakeun papada urang, nu penting
mah tadi oge pribados mah nuju "diajar elmu Kasundaan"
anu kaharti jeung karasa we...ari ngaran mah kumaha nu
nyebut wae..
Atuh salami ieu diskriminasi anu karandapan ku
pribados oge dulur-dulur anu sapamadegan, anu nuju
diajar "elmu kasundaan" teu mangpirang-pirang tarikna,
boh diskriminasi ti pamarentahanana boh ti
masarakatna,tina masalah perkawinan,pendidikan di
sakola-sakola,padamelan ssjbna. Tapi berkah,Gusti mah
Maha Uninga, Gusti mah Maha Welas tur Maha Asih teu
wiwilahan. Baheula oge karuhun Sunda mah "dibeberik"
ngarah ngaleupaskeun "agemana" tapi teu lalawanan
(embung dijajah jeung moal deuk ngajajah). Mugia wae
pribados saparakanca oge moal deuk lalawanan,da nu
jadi udagan dina masalah ieu mah lain sapangakuanana
tapi sapangartiana, lain neangan eleh meunangna bari
jeung paloba-loba umat,tapi akur duduluran silih
hampurana,paloba-loba ngarumatna kasadaran-eling kana
warisan kudrat salaku manusa-bangsa Sunda..
Cag heula baraya....neda jembar hampurana.


"RKK" ti tutugan Gunung Ciremai


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke