==== Pangapunten.... Saabdieun urusan kasundaan sareng ka Islaman oge urusan kayakinan dina hubungan na sareng sunda mangrupakeun hal nu wajib dipadungdengkeun jeung ULAH jadi urusan sapribadieun sabab nu jadi tarohana teh sunda� kanyaah � bangsa� asal usul jeung bali geusan ngajadi sakabeh urang sunda paling henteu saabdieun tur anak incu. Ku kituna cik nyobian di Kisunda sim abdi bade ngeundeuk ngeundeuk mawa eunyeuh sugan kenging pajajaranna�. lamun wae aya nu saalam sugan kenging hikmah Kean Santang �.lamun henteu pastina disangka Jaya Antea, keun we lah�. bismillah..dingawitan kahijina ku ngalokan seratan Kang Ira, mugia kersa neraskeunana: ==== > Pun Amit tabe Pun Sampurasun.... > > Kang Asep Dedi S. hatur nuhun kana waleran perkawis > salah sawios peryogi atanapi henteuna ngaguar bagbagan > ajaran atanapi ageman anu kalintang "privacy-na" ceuk > basa deungeun mah. Sanes bade ngoretkeun, barina oge > da rumaos teu ngagaduh-gaduh kana ajaran atanapi > ageman Sunda da tos nyarampak di papada salira,kalih > ti kitu estuning sadayana oge karsaning kagungan > Gusti. Pribados mah mung sakadar darma wawayangan di > alam pawenangan ieu. ==== Upami ngaraos Darma wawayangan kedahna mah langkung wantun�margi dina salahna sanes eta mah tanggel walerna Dalang? sareng deui ari wayang mah tos puguh kabisana lir ibarat sato tos puguh maqamna�.moal arjuna ningkat janten Wisnu moal Dursasana janten Burisrawa�atawa sumantri janten Sang Sasrabahu� ari Kang Ira mah sanes hoyong ningkat teras ?? Namung upami YAKIN MILAKU DARMA�.tah eta mah kumaha nu garaduh darma ngadugikeun atanapi moal ngadugikeunana. ====
Atuh kaduana rumaos pribados oge > nuju diajar keneh kana elmu Sunda teh,janten ari > ngahaja-haja ditaros kunu laluhung elmu dina> kasundaana mah janten sok asa inggis ku bisi rempan ku > basa paripaosna mah. Sok komo dina rohangan umum kieu > mah bilih majar ngabibisani. ===== Inggis ku bisi rempan ku basa (ku sugan ?)�� di kampung abdi mah aya babasan kieu tong sieun ku nu enggeus tong hariwang ku nu acan tarimakeun nu eukeur. Eukeur nyerat nya nyerat we ngan PAMILIH SING KACAANGAN DARMA� upami enya mah hasil ti ajar caang dugikeun we� tah patarosan Kang Ganjar (punten kumawantun nga akangkeun wireh kailaharan wae dikisunda) teh sae pisan upami diwaler�nu poek bakal serabeun nutup matana sorangan�. nu tunduh sare deui.. nu caraang meuren ningali ..ngan upami poek tangtos katohyan ku nu caang. Nu papaseaan silih rebut silih dorong ge�nu keur paroek�eta ge cirining darma nu katinggang subaya. ===== > Salajengna aya paripaos deui bok bilih lepat tampi > sanaos sami-sami sakudrat janten urang Sunda > "kurunganana" mah, tapi ari > pamadegan,kayakinan,jatidirina mah rupina > benten-benten. Ceuk pribados kieu, ceuk batur lain > kitu,janten ah mangga wae nyanggakeun ka penilaian mah > ka masing-masing pribadina wae. > Atuh saterasna,sakaterang pribados mah dina > naskah-naskah warisan karuhun Sunda (SSK,Amanat > Galunggung, Carita Parahiangan ssjb) diantawisna aya > ajaran ageman Sunda oge, kalebet oge anu > dicangking/diagem ku wargi-wargi di wewengkon ciparay, > cigugur & masyarakat adat sanesna di Tatar Sunda. > Namung sacara umum,rupina,pamendak pribados mah ajaran > ageman anu lungsurna ti Gusti ka bangsa mana > bae,intina mah miwarang hade milampah dina > kamanusaanana numutkeun cara ciri kabangsaanana. > Kukituna sapribadieun mah nuju diajar maca kana diri > kamanusaanana pribadi anu dikersakeun ku Gusti gaduh > "waruga manusa",sihoreng pribados oge masih jauh keneh > milampah kana kamanusaanana nu sajati. Salajengna > pribados nuju diajar,nengetan,ngawangun kasadaran > katut ngalarapkeun ajen kudrat kasundaan ti Gusti,anu > diwariskeun ti karuhun-karuhun Sunda. Sihoreng jembar > pisan, rupina pribados mah teu acan nanaona upami > dibandingkeun sareng dulur-dulur,Ki Lanceuk sadaya anu > laluhung elmu pangaweruh Kasundaanana. > Tapi teu nanaon,sanaos loba titatarajongna dina diajar > elmu Kasundaan tapi da bongana nu jadi udagan > sapribadieun mah iwal ti diajar hirup anu sajati > (pulih ka jati) salawasna salami diwenangkeun > hirup,diajar mati nu sampurna (mulang ka asal-Na). Ti > mana atuh di ajarna ? Di"ajar"na mah ti Gusti > keneh...Maksudna ? Enya ari "ajar" teh "caang" boh > sifatna lahir atawa batin sangkan boga kanyaho jeung > kaharti...Tina naon diajarna ? Tina samudaya > ciciptaana-Na...Kumaha carana? "Maca" ku Budi,Daya, > Akal jeung Rasana kuringna nu sajati...mung ampun > paralun nyatana mah rumaos teu sacongo buuk-buuk acan > pangarti ajaran Sunda anu luhung teh tos kaguar > atanapi kalarapkeun ku pribados. Pribados masih bodo > keneh, numawi masih diajar teras... > > Etang-etang sakedik pangalaman pribados,kantos > sawatara taun-taun kapengker dina hiji organisasi > Kasundaan di Bandung,lalampahan pribados anu kitu teh > (anu nuju diajar kasundaan) ku para senior disebut > ngagem "AGAMA ANEH",dugikeun ka pribados ditalek > dihareupeun umum kudu ngajelaskeun "pamadegan" > pribados anu cenah ceuk para senior teh "AGAMA ANEH" > eta, padahal pribados teu rumasa nyebutkeun ngaran > "AGAMA" naon anu ku pribados dipercanten. Malih mah > kantos dina "Sawala Luhungna" eta organisasi > Kasundaan,pribados teu meunang make kayakinan "AGAMA" > lain sajaba tinu umum kaceluk dina sawala eta. Majarna > teh ajen basa Sunda leuwih handap batan Ajen basa > "AGAMA" nu kaceluk dina eta sawala.. > Namung benten deui sareng pangalaman > pribados,sababaraha kali sok ilubiung dina pertemuan > lintas agama sa-Indonesia dina wadah ICRP (Indonesia > Coference Religion on Peace)sareng JPS (Jamaah > Persaudaraan Sejati)cenah ceuk dulur-dulur tinu beda > agama/kayakinan teh nyebutkeun kayakinan pribados teh > " sundanesse traditional belief". ====== Pamuji ti nu sapaham biasa� pamoyok ti nu teu sapaham oge panginten biasa da panginten kitu biasana�.Namun...pangapunten.. ....Upami istilah sundanesse traditional belief mung di tempelkeun 'ka Kang Ira' �abdi rek seueur panakon ka eta `group' kumargi gagabah nu dianggona sunda�in general.. tapi upami disebat some sundanesse traditional belief abdi satuju pisan da enya�ari sabagian mah�.da sim abdi ge nu nuturkeun sareat Muhammad saw ngaraos sundanesse traditional belief da tos janten milik sim abdi dikusrang kasreng sapangraos abdi nurutkeun ajaran nu tos turun manurun mentradisi di alam sunda. Siga sim abdi kumelendang nuturkeun sareat Muhammad saw - saabdieun mah enya eta jalmi teh nabi pang agungna sahadat tuturkeuneun lahir batin-�enyana mah sakatiasana we nuturkeunana teh�.disarebat jeung ngaku agamana Islam enyana mah kalebet sabagian �eta ge mudah mudahan- tinu sok biasa disarebut muslim we..enya heteuna mah boa� boa leres aslamtu ka Allah boa boa aslamtuna teh kana pangartos sorangan ngeunaan Allah..heubeul pisan isinna da eta Allah na ku agung agung teuing teu kahontal ku nu boa saeng boa sabab keukeuh teu wantun ngaduruk kai kaboa sorangan;�. nu janten cecekelan na cenah Qur'an sering lamun aya nu naros teh da ceuk qur'ana kitu padahal mah�. bohong sadayana da enyana mah sanes ceuk qur'an TAPI ceuk pangartos kuring qur'an ngadugikeun kitu �ceuk agama islam teh kieu�sanes� bohong�saleresna mah lain ceuk agama Islam tapi ceuk pangartos kuring Agama Islam teh kieu�kitu ..jsb �jsb�margi mun enya teh kitu moal benten benten pamendakna. ====== Palih dinya mah > pribados mah moal kadeoh milu kokojayan dina leuwi > sesebutan anu matak maseakeun papada urang, nu penting > mah tadi oge pribados mah nuju "diajar elmu Kasundaan" > anu kaharti jeung karasa we...ari ngaran mah kumaha nu > nyebut wae.. > Atuh salami ieu diskriminasi anu karandapan ku > pribados oge dulur-dulur anu sapamadegan, anu nuju > diajar "elmu kasundaan" teu mangpirang-pirang tarikna, > boh diskriminasi ti pamarentahanana boh ti > masarakatna,tina masalah perkawinan,pendidikan di > sakola-sakola,padamelan ssjbna. Tapi berkah,Gusti mah > Maha Uninga, Gusti mah Maha Welas tur Maha Asih teu > wiwilahan. Baheula oge karuhun Sunda mah "dibeberik" > ngarah ngaleupaskeun "agemana" tapi teu lalawanan > (embung dijajah jeung moal deuk ngajajah). ==== Sigana kedah di tambihan ku kecap SABAGIAN karuhun sunda; margi tangtos moal/henteu sadayana ==== Mugia wae > pribados saparakanca oge moal deuk lalawanan,da nu > jadi udagan dina masalah ieu mah lain sapangakuanana > tapi sapangartiana, lain neangan eleh meunangna bari > jeung paloba-loba umat,tapi akur duduluran silih > hampurana,paloba-loba ngarumatna kasadaran-eling kana > warisan kudrat salaku manusa-bangsa Sunda.. > Cag heula baraya....neda jembar hampurana. === Akur duduluran silih hampura�nyakseni�.ngantos pisan kanyataan na mancur ti/ka sadayana upami pareng engke pendak deui sareng Kang Ira� di langit kisunda. ==== > "RKK" ti tutugan Gunung Ciremai Baktosna Eddy Nugraha > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more. > http://info.mail.yahoo.com/mail_250 PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
