Wa'alaikum salam wr wb.,
 
Bagea alo Rudy, wilujeng ngawarungbandung deui di kisunda/urangsunda. Atuh di 
palinggihan, wilujeng netepan deui pancen anu salami ieu dikeureuyeuh, pamugi 
lungsur-langsar dugi ka rengsena ngalaksanakeun amanah di nagri tebih. Usum 
naon ayeuna di Abu Dabi? 
 
Hatur nuhun alo, salira parantos kersa rurumpaheun ka patempatan si kuring 
nyiruruk di Bandung. Katarimakeun pisan sagala rupi tawis socana, barudak mani 
raresepeun pisan. Atuh pon kitu deui, kintunan kanggo Teh Tien parantos katampi 
ku anjeunna kalawan teu kakantun anjeunna oge ngahaturkeun nuhun ka salira.
 
Tah, tah, tah....saur saha cuti teh heunteu kekengingan? Eta sakitu rebona ku 
pangalaman. Sumangga alo, dihaturanan pisan kanggo medar naon rupi pangalaman 
salami cuti di Indonesia di ieu milist. Pon kitu deui, eusining atawa ringkesan 
pangalaman tepang sareng ki guru Ua Deden tea, sareng buku-bukuna, anu 
bawiraos, ngarupikeun salah sahiji kabeungharan pustaka kisunda. Mangga 
dadarkeun bae masing rineh naon rupi anu tiasa diguar, boh tina obrolan atanapi 
buku-buku pamarin ti Ua Deden. Hiji waktos mah si kuring mugi kawidian tiasa 
akses kana eta buku-buku.  
 
Aya leresna, buku-buku ngeunaan hakekat mah heunteu tiasa samanea maosna. 
Sakirang-kirangna, aya tatacara sareng syarat-syarat tinangtu upama urang bade 
ngawitan ngaos buku-buku sarupi kitu. Kungsi si kuring oge hiji waktu diasongan 
buku sarupi kitu, upami teu lepat di lebetna teh aya naon anu disebut layang 
kalimusada versi eta buku (ceuk implengan mah asana ieu buku ieu oge nataan 
salah sawios harti tina tasjid Muhammad---haturan Kang Eddy, salira kantos hiji 
waktos medar perkawis bab tasjid, mangga mugi tiasa diteraskeun). Nyakitu 
geuningan, karek maca sababaraha baris oge si kuring teh rada lieur, asa 
lung-leng, rumasa, arang tirakat tea. Anu ngari, ukur lambang eta anu disebut 
Kalimusada (kalawan ijin anu gaduhna eta buku, tiasa difotocopy lebah gambar 
lambangna).
 
Layang Muslimin-muslimat alhamdulilah aya oge di pabetekan. Rupina, Kang Eddy 
Nugraha di ieu milist merenah pisan upami ngadadarkeun eusining eta buku. 
Namung, eta layang anu digabungkeun sareng kasauran Susuhunan Gunungjati 
kalawan teras dipeureut dugu ka ringkes 39 kaca mah si kuring teu acan wanoh 
sareng kalintang hoyongna mikawanoh. Sumangga diantos, kumaha carana tiasa maos 
eta buku?
 
Rupina sakitu bae heula, sumangga mugi heunteu aya karempan kanggo ngadadarkeun 
pangalaman kalebet mesek atanapi ngaringkeskeun buku-buku anu kapendak salami 
cuti, di ieu milist. Diantos terasna alo.
 
Baktos,
manAR


Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


************************************************

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Haturan baraya saalam dunya saalam maya.

Mugia sakumna baraya lembur aya dina ginuluran rahmat ti mantena.

Amin!

....tapi na.................. Alhamdulillah...... heuheuy deuh!!! enya...pareng 
oge kuring bisa nganjang ka 'wa oman....[{(kumaha wa damang? hapunten nu 
kasuhun uwa, waktosna samporet pisan kamari teh, janten teu kangtos nepangan 
uwa deui..... sakali deui hapunten!!! insya alloh info-info nu sanes, nu 
kangtos dibadantenkeun di rorompok uwa, insya alloh panginten dijaprikeun bae 
ku sim kuring dina waktos kapayun)}].....

pareng oge si kuring kukurilingan di bandung, bogor,
banten..... pareng oge papanggih jeung babaturan, guru, dulur... boh dina 
dihajana boh heunteuna!!

Harita teh si kuring teu ngahaja nganjang ka wa deden (dulur ti gigir) anjeuna 
mah disambat guru teh da embungeun, hayangna mah tukeur pikiran bae cenah. Aya 
nu rada aheng ti wa deden teh... anjeuna mah apal kasundaan teh ceunah 
dipaparin warta ti alam goib.... si kuring mah percaya teu percaya..... tapi 
mun di cocogkeun panimu anjeunna jeung pamanggih kuring, ningan teu beda jauh 
hasilna teh. Teu saeutik obrolan kasundaan jeung anjeunna teh, salah sahijina 
ngaguar masalah sunda nu aya di panca buana tengah, nepi keun anjeunna 
ngawanohkeun saha ari dalem bandung teh nu disebut sunan ambu sunan bandung?

Saacan balik teh, si kuring dipaparin sababaraha buku keur dipotokopikeunneun, 
salah sahijina buku kaislaman dina basa sunda, nu cenah ceuk anjeuna eta buku 
teh tingkesan ti layang muslimin-muslimat jeung sasauran susuhunan gunung jati. 

Mun ditilik-tilik mah buku eta teh sigana keur jalma nu keur ngaji elmu 
hakekat. Teu pira si buku teh ngeun 39 kaca, tapi si kuring teh diomat-omat 
pisan ku wa deden, cenah....ulah sabaca-bacana maca eta buku teh, kudu 
dilenyepan ku uteuk tugna ka qolbu. Si kuring oge ngahanca sa kaca teh teu bisa 
ningan kana sapoe dua poekeunneun.

Ti layang muslimin-muslimat jeung sasauran susuhunan gunung jati, si buku teh 
di judulan BUKU KASEPUHAN, dipeureut jadi 39 kaca teh ku yasana alm. Rd. 
Tirtakusuma nu ditungtaskeun ping 25 januari 1946. 

Ke lah sugan aya waktu, urang "scan" terus dikirimkeun ka lembur,  
diaduronyemkeun, sugan bae aya mangfaatna????.....enya kitu oge mun di idinan 
ku Ki Kuncen jeung baraya lembur.Kitu sanes Ki??

Sakitu heulaanan siganamah baraya, ke mun pareng urang teruskeun deui.
Wassalam,

-pun adi-

********************************************

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
document.write('');

---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke