******************************************
Haturan uwa oman!

Hatur nuhun uwa, kanggo panampian uwa ka kuring sarimbit dina raraga
silaturahim basa waktos cuti kapengker. Ningan berkah na internet teh
upami urang tiasa merenah keunnana karaos pisana saena, bae urang teh
paanggang nya uwa, sinareng deui mitembean pisan paamprok jonghok, teu
disangki harita teh asa tos wanoh mang taun-taun sreng uwa oman teh.
Sakali deui haturnuhun uwa kanggo pangangkennan uwa ka sim kuring.
Nu lianna, demi mundut barokah ti mantenna, perkawis Buku Kasepuhan
teh, insya alloh urang cobian postingkeun sakaca sakaca dina waktos
sababaraha dinten kapayun, mugi parengnya wa!

Sakitu nu kapihatur, tilam salam ka uwa istri.

Baktos kuring,
 
-pun adi-
*********************************
On Sat, 12 Feb 2005 01:29:28 -0800 (PST), oman abdurrahman
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Wa'alaikum salam wr wb.,
> 
> Bagea alo Rudy, wilujeng ngawarungbandung deui di kisunda/urangsunda. Atuh di 
> palinggihan, wilujeng netepan deui pancen anu salami ieu dikeureuyeuh, pamugi 
> lungsur-langsar dugi ka rengsena ngalaksanakeun amanah di nagri tebih. Usum 
> naon ayeuna di Abu Dabi?
> 
> Hatur nuhun alo, salira parantos kersa rurumpaheun ka patempatan si kuring 
> nyiruruk di Bandung. Katarimakeun pisan sagala rupi tawis socana, barudak 
> mani raresepeun pisan. Atuh pon kitu deui, kintunan kanggo Teh Tien parantos 
> katampi ku anjeunna kalawan teu kakantun anjeunna oge ngahaturkeun nuhun ka 
> salira.
> 
> Tah, tah, tah....saur saha cuti teh heunteu kekengingan? Eta sakitu rebona ku 
> pangalaman. Sumangga alo, dihaturanan pisan kanggo medar naon rupi pangalaman 
> salami cuti di Indonesia di ieu milist. Pon kitu deui, eusining atawa 
> ringkesan pangalaman tepang sareng ki guru Ua Deden tea, sareng buku-bukuna, 
> anu bawiraos, ngarupikeun salah sahiji kabeungharan pustaka kisunda. Mangga 
> dadarkeun bae masing rineh naon rupi anu tiasa diguar, boh tina obrolan 
> atanapi buku-buku pamarin ti Ua Deden. Hiji waktos mah si kuring mugi 
> kawidian tiasa akses kana eta buku-buku.
> 
> Aya leresna, buku-buku ngeunaan hakekat mah heunteu tiasa samanea maosna. 
> Sakirang-kirangna, aya tatacara sareng syarat-syarat tinangtu upama urang 
> bade ngawitan ngaos buku-buku sarupi kitu. Kungsi si kuring oge hiji waktu 
> diasongan buku sarupi kitu, upami teu lepat di lebetna teh aya naon anu 
> disebut layang kalimusada versi eta buku (ceuk implengan mah asana ieu buku 
> ieu oge nataan salah sawios harti tina tasjid Muhammad---haturan Kang Eddy, 
> salira kantos hiji waktos medar perkawis bab tasjid, mangga mugi tiasa 
> diteraskeun). Nyakitu geuningan, karek maca sababaraha baris oge si kuring 
> teh rada lieur, asa lung-leng, rumasa, arang tirakat tea. Anu ngari, ukur 
> lambang eta anu disebut Kalimusada (kalawan ijin anu gaduhna eta buku, tiasa 
> difotocopy lebah gambar lambangna).
> 
> Layang Muslimin-muslimat alhamdulilah aya oge di pabetekan. Rupina, Kang Eddy 
> Nugraha di ieu milist merenah pisan upami ngadadarkeun eusining eta buku. 
> Namung, eta layang anu digabungkeun sareng kasauran Susuhunan Gunungjati 
> kalawan teras dipeureut dugu ka ringkes 39 kaca mah si kuring teu acan wanoh 
> sareng kalintang hoyongna mikawanoh. Sumangga diantos, kumaha carana tiasa 
> maos eta buku?
> 
> Rupina sakitu bae heula, sumangga mugi heunteu aya karempan kanggo 
> ngadadarkeun pangalaman kalebet mesek atanapi ngaringkeskeun buku-buku anu 
> kapendak salami cuti, di ieu milist. Diantos terasna alo.
> 
> Baktos,
> manAR
> 
>


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke