Inget jangji ka kang Sastranegara anu nataroskeun sual moderator di milist
kisunda, jangji seja posting khusus ngeunaan hal eta. Pamugi janten mafhum ka
sadayana, mangga seja ngaguar sual moderator, khususna di milist kisunda.
Rupina, babasan moderator teh di milist ieu pikeun lebah urusan teknis bae
Kang. Nya diantara tugas moderator teh ngahulag posting anu eusina
perkara-perkara anu geus umum pantangan di satiap milist, kayaning soal SARA,
pornografi, papaseaan jsb. Dina raraga eta teh kaasup oge nga-"pending" alamat
e-mail anu ngintukeunana. Pikeun hal eta, anu dipaparin akses ka rohangan
moderator kisunda teh aya opatan, kalima anu maneuh salaku moderator teknisna
pisan. Anu tiluan teh nyaeta si kuring, Kang Kumincir (Iskandar Adnan), Kang
Eko sareng Kang Hasan Eta anu opatan teh aktif oge posting di ieu milist.
Anapon anu kapeto salaku juru teknis-na pisan nyaeta Kang Doddi anu heunteu
aktif posting ka ieu milist.
Anapon moderator dina harti leres-leres ngamoderatoran hiji milist mah rupina
teu acan karingkelkeun kalawan rinci. Nya keur dilalanyahan ieu oge, da
nyakitu, heunteu gampil geuningan ngurus milist teh. Di sagigireun ti eta,
milist (jembarna: internet) di urang teh teu acan dipateakeun pisan salaku hiji
alat anu kacida ageung manfaatna pikeun ngawangun masyarakat. Kukituna,
organisasi anu ngokolakeun milist oge sifatna masih seueur anu "voluntir" atawa
sukarela tea.
Paralun, lain seja balitungan ieu mah, ngan keuna ka diri sorangan mah ieu teh
hiji hal anu heunteu suwung tina kabimbang. Upamana, si kuring ditawisan janten
moderator, mangga teh teuing, ngan heunteu jaminan dugi ka iraha-irahana mah
sabab apan akses internet si kuring teh kawatesan oge. Hiji waktu, upama geus
heunteu tugas deui di kantor di widang anu gampang akses ka internet, nya baris
ngurangan kasempetan mangku pancen salaku moderator teh. Aya untungna, untung
papada surti, anu nugaskeun oge da ningali hal eta, atuh anu narima oge nya
ningali kaayaan milist. Kukituna, kalawan papada maklum, nya urang lakonana bae
naon pancen anu disanghareupan dina kaayaan anu sami-sami papada maklum.
Kaayaan milist dina alam ka-Indonesiaan sarupi kieu.
Satemenna, aya alesan sejen anu leuwih merenah, kunaon pancen moderator anu
disebut pangkahirna heunteu karingkelkeun teh. Anu kahiji, sabab ari dunya
internet mah kacida demokratisna. Aya pangalaman miluan hiji milist migunakeun
basa nasional, ngeunaan kabudayaan atawa "peradaban". Eh, da nyakitu, sanajan
geus diumumkeun ku moderatorna ngeunaan papagon jejer posting keur ka eta
milist, da demokratis tea internet mah, nya tetep bae jejer anu aya teh kumaha
anu posting jeung kumaha anu mairan kana posting-posting anu mucunghul. Sigana,
tepi ka iraha bae, moal bisa aya hiji "kurikulum" keur di milist mah. Kajaba,
upama moderatorna parigel midamel jejer-jejer posting anu komunikatif tur
nimbulkeun rangsangan dugi ka para anggotana ngaguluyur mairan satiap posting
ti eta moderator.
Anu kadua, ngamalir tina alesan anu kahiji anu bieu ditataan, da ari anu
ngiringan milist mah parantos kauninga ieuh, sakurang-kurangna sadayana oge tos
mikawanoh alam tutulisan katut etikana (kajabi sagolongan jalmi anu ngahaja
migunakeun internet pikeun nyieun pasualan atawa provokator tea). Lebah dieu,
sakumaha kasaksuan, anu jadi moderator (jejer) teh heunteu sasaha deui, anging
para anggota milist ku anjeun. Contona parantos kasaksian ku sadayana di ieu
milist, dina mangsana anu merenah, para anggota oge tiasa ngajalankeun pancen
salaku moderator (lebah ngusulkeun pikeun ngeureunkeun atawa neruskeun hiji
jejer, upamana). Eta teh memang kitu anu dipiharep, patali sareng sifat asli
milist anu demokratis tea.
Kukituna, prung ah, mugi heunteu janten pamengan atanapi kaseunggah ayana
pribadi-pribadi anu kapeto jadi moderator. Anu disebut moderator mah salaku
pancen pasualan teknis bae utamana mah. Anapon jejer mah mangga, ngaguluyur bae
salila aya dina etika jeung watesan aturan umum milist anu sadayana oge
parantos uninga atanapi gampil mikawanohna. Der posting jejer naon bae, anu
kumaha bae, asal pikeun kamajuan kisunda, nurutan kasauran Kang Ilen tea mah.
Cag heula bilih panjang teuing........kapayun upami pareng, numbu catur ieu
jejer, mangga urang sambung ku guaran ngeunaan kajugalaan internet dina alam
kakiwarian.
Baktosna,
manAR
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/