Bagea Kang Oman, Leres kang kanggo sakuringeun mah bade tetep nganggo sistem paranatan mangsa anu tos lumrah dianggo, pangapunten sanes ngalepatkeun kana tatanan taun anu parantos dipedar ku Bah Ali Sastramijaya, ieu mah mung tos janten anggoan sim kuring bae.
Candra Sangkala kanggo taun kamari nyaeta "Marganing Karya Bakti Tunggal", hartosna "Sagala rupi padamelan kedah ditujukeun kanggo babakti ka Nu Maha Kawasa". Upami teu lepat mah ku sim kuring kantos diposting taun kapengker, panjang pondokna mah mangga nyanggakeun. Keun wae kang ningal katukang oge, pan urang Sunda mah kedah neuleu kahareup, sidik kagigir, tur luang katukang. "Sunda Saguning Rat Tri Tangtu" kanggo taun 2003 dirojong ku sim kuring kang, mung sim kuring teu gaduh kapasitas kanggo ngalereskeun atanapi ngalepatkeun. Numawi urang rojong wae lah, bujeng-bujeng dina leresna sok sanaos lepat oge ari keur kamajengan Kisunda mah tangtos dirojong ku sim kuring. Hatur Nuhun, Ilen kardani At 02:11 PM 2/10/2005 +0000, you wrote: >Katarimakeun Kang Ilen, wilujeng Taun Anyar 1 Sura 1938 Saka. Rupina >masih nganngo sistem anu lami nya Kang kalaiderna? heunteu sawios, >anu mana bae. Pamugi urang dina candrasangkala "Hoyaging Karsa Tresna >Bumi" ieu, urang leres-leres tiasa tetep renggenek cinta ka lemah >cai, mageuhan beungkeutan bangsa, persatuan jeung kesatuan tea. > >Sakantenan bae Kang, bade tumaros. Dupi taun anu kalangkung >Candrasangkalana naon nya? Hapunten, upami ieu patarosan teh janten >kalebet "ngalieukan ka tukang". Dupi anu taun 2003 mah saurna: Sunda >Saguning Rat Tri Tangtu", naha leres kitu? Diantos pedaranana. > >Baktos, >manAR >(Sun Rawayan Raksaning Gusti. PS: ieu mah minangka pangdu'a sakalian >keur candrasangkala taun kalahiran, pamaparin ti hiji sepuh) > > > >--- In [email protected], ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng Taun Baru 1 Sura 1938 Saka, > > > > Taun ayeuna teh ninggang dina taun Jim Ahir, winduna Windu Adi, >dikawiran > > ku dinten Jumaah Wage. > > Dupi Candrasangkalana "HOYAGING KARSA TRESNA BUMI", hartosna, "Dina >kaayaan > > rentagna hate, perasaan tagiwur, pikiran kalut ku rupa-rupa >masalah, tapi > > urang kudu tetep cinta ka Bangsa jeng Lemah Cai, urang bina >persatuan jeung > > kesatuan bangsa urang ku saling pikanyaah jeung pikaasih (Tresna). > > > > > > ilen kardani > > > > > >PENTING..! > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi >berupa pencabutan membership. > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu >mengupdate antivirusnya. > >Yahoo! Groups Links > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
