muhun kang. nya kitu geuning umumna rahayat sunda nyakitu oge pamarentah jeng organisasi rada kirang perhatosanan kana kasundaan, komo mun sunda eta pakait jeng bagbagan agama. tah ari ceuk pamadegan simkuringm ah tibaheula oge keukeuh urang mun ngandelkeun pamarentah moal bisa numatak simkuring moal petot2 usul perkawis organisasi kasundaan anu tiasa ngarangkul sadaya organisasi sunda jeng rahayat sunda nya ku ayanan mun ceuk basa kuring "dewan ada dan budaya sunda" anu levelna tiasa ngalangkungan DPRD jeng Gubernur pasti jeng yakin iyeuh mah di olahna teh ku urang sunda nu lian sunda mah moal bisa mereun beda jeng pamarentah
baktos nu keukeuh --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- In [email protected], "Oman Abdurahman" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Perkara kahariwang seler sejen atawa panganut agama > sejen leuwih > anteb neuleuman jeung nyangking kaparigelan basa Sunda > ieu anu > janten kasangtukang Abah Surya midamel tarjamahan > Al-Qur'an kana > basa Sunda dina wangun pupuh (Nurhidayah) sareng Nadoman > (Nurul > Hikmah). Hapunten upami si kuring nyebat-nyebat Abah > Surya dina > leresan ieu, sanes heunteu emut ka inohong Sunda sanesna > anu gaduh > perhatosan ageung kana ngamumule basa Sunda. Namung ieu > khusus bae > jalaran karya anjeunna teh pakait langsung kana usaha > sinergi antara > agama (khususna Islam) jeung budaya (khususna unsur basa > jeung > kasenian). > > Abah Surya waktos medar kasang tukang anjeunna midamel > eta 2 karya > teh ngadugikeun fakta / kaayaan anu sabagean parantos > ditataan ku > para wargi sadaya, ngeunaan basa Sunda. Diantawisna, > leres kaayaan > ayeuna di paguron-paguron luhur ngeunaan minat kana basa > Sunda wuwuh > pimelangeun. Nyakitu pisan sakumaha anu disebatkeun ku > para wargi, > anu jawara sareng minat mikawanoh basa Sunda kalayan > teleb teh > geuningan langkung seueur ti seler/agama sejen (kalawan > hipotesa, > Urang Sunda jeung Islam lir gula jeung amisna). Paguron > anu > ngayakeun mata kuliah basa Sunda kalawan SKS langkung ti > 4 teh nya > paguron seler/agama sejen. DI IAIN, di jurusan da'wah, > basa Sunda ka > kantun diajarkeun. > > Atuh kaayaan di masyarakat umum jeung di pasantren oge > wuwuh > pikahariwangeun. PUSDA'I bae ayeuna tos ngayakeun kursus > basa > Inggrism Cina sareng Jepang. Tapi geuningan basa Sunda > mah heunteu. > Padahal PUSDA'I teh aya di jantungna kota US. Anu jadi > jawara > pasanggiri tutulisan atawa pidato basa Sunda anu saripit > ti sakola > non muslim. Kacida pikamelangeunana: para santri tos > seueur anu > heunteu mikawanoh deui basa ummatna anu baris > dida'wahanana, > pamarentah oge kirang perhatosan kana basa Sunda teh, > pon kitu deui > paguron luhur sareng masyarakat umum. Mung di paguron, > organisasi, > sareng inohong-inohong khusus anu heunteu seueur > jumlahna masih > keneh aya perhatosan kana kamekaran basa Sunda. > > Sajeroning kitu, seler/agama sejen mah geuningan sakitu > nyimpen > kaperyacaan sareng harepan kana basa Sunda teh. Seueur > mahasiswana > anu diajar sareng neuleuman khusus basa Sunda. Hasilna, > nya > diantarana eta da'wah ku cara midamel milist kasundaan. > Kalebet > salib Sunda tea. > > Karana kaayan kitu, nya Abah teh midamel Nurhidayah > sareng Nurul > Hikmah. Nurhidayah (NH) parantos rengse 30 Zuz. Pupuh > anu digunakeun > aya opat, anu kalebet sekar ageung tea (Dandanggula, > Sinom, > Asmarandana sareng Kinanti). NH mah lumayan tos populer, > malah ku > RRI mah dianggo salaku panutup acara siaran, meh unggal > wengi. > Dipintonkeun di RRI sareng seni tembang Cianjuranna, ieu > gabungan > antawis ngahaleuang sareng tarjamahan Al-Qur'an NH teh > dinamian > Nurhidayahan. Namung nyakitu, pikeun nyalabarkeun NH ka > sakulih > masyarakat Sunda, tetep teu acan aya tanda-tanda kenging > pangrojong, > boh ti pamarentah atanapi ti organisasi2 masyarakat. > Kungsi eta oge > aya janji ti Pemda Jabar 5000 pasantren anu aya di > Jabar, bade > dibagi NH, tapi teu daek jol bae geuningan anu nedunan > janji teh. > > Nurul Hikmah (NHk) nembe digarap satengahna tina 30 Zuz > Al-Qur'an. > Sae pisan hasilna. Kamari si kuring di Ciamis > nyobi-nyobi > nganadomkeun ka barudak santri di desa, aranjeunna > kataji pisan. > Hoyong gaduh bukuna cenah, wiridkeuneun salami pupujian > memeh > netepan wajib (ngantosan anu bade berjemaah) atanapi > ngantosan > ajengan sumping kanggo ngawurukan. Kalintang hiji > transformasina, > upami kapungkur, paling luhur pupujian teh ku riwayat > Rosul saw anu > dinadomkeun, ayeuna aya alternatif ku nganadomkeun > tarjamahan al- > Qur'an dina basa Sunda. > > Disagigireun pikeun ngudag tujuan ngamasyarakatkeun basa > Sunda > ngalangkungan Seni, atawa sabalikna, NHk teh kacida > pisan pentingna. > Sabab, oge ngamsyaraktkeun cara diajar migunakeun otak > katuhu tea. > Sok komo deui anu diajarkeun (diapalkeun) teh eusining > (tarjamahan) > Al-Qur'an. Cobi bae emut, upama tiap dinten barudak > diajar > ngapalkeun eusi Al-Qur'an ku cara anu matak pikarsepeun > (seni tea, > nadom), apan pisakumahaeun teuing engke hasilna. "Diajar > keur mangsa > budak lir ibarat nulis dina batu", kitu ceuk hiji > papatah. Komo deui > ieu, anu dirangsang teh otak kanan (da make seni tea), > tangtu bari > nambahan lemesna rasa, oge ngabentengan generasi ngora > ku eusi jeung > barokahna Al-Qur'an (anu diwiridkeun ti bubudak). > > Ngan nyakitu atuh, sakumaha NH, NHk oge teu acan kagarap > pisan alias > butuh waragad pikeun nyitak jeung nyalabarkeunana. > Kamari oge > pamenta pasantren anu di lembur si kuring di Ciamis can > katedunan > sadayana. Atuh Abah oge teu acan tiasa nyitak NH atawa > NHk kalawan > seueur. Cikan baraya, kumaha carana urang sangkan tiasa > nyeueuran > karya-karya samodel NH sareng NHk ieu? Tiasa kitu > rereongan > ngalangkungan milist? Keur generasi ngora arurang, > jembarna keur ka > sadayana bae: mulasara agama jeung budaya. Mangga > diantos. > > Baktosna, > manAR > > > > --- In [email protected], kumincir > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ih, ulah lepat atuh, Bah. Kapan Mikihiro Moriyama nu > kenging gelar > PhD > > kanggo panalungtikanana ngeunaan Sunda ge pan ti > universitas mana? > > (poho deui kuring ge, hehe...). Eta bae di Bandung, > puseur Nagara > > Pasundan, kapan universitas Kristen aya sabaraha? > > > > On Tue, 15 Feb 2005 02:13:48 -0000, waluya56 > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Ari sim kuring mah katarik teh sanes ku soal Nabi > Isa AS Disalib > > > atanapi henteu tapi eta ku maca situs ieu nganggo > basa sunda nu > > > sakitu hadena, nu ngabuktoskeun urang Nasrani diajar > budaya sunda > > > kalawan serieus benten jeung urang Islam nu jigana > teh teu pati > > > malire kana kasundaan. Abah Surya kapungkur kantos > ngawartosan > cenah > > > di Sastra Sunda UNPAD kantos aya mahasiswa Nasrani > nu > dibeasiswaaan > > > kanggo diajar basa Sunda (leres henteu Neng Empup?). > > > > > Kuring oge kungsi helok jeung kaget waktu kuring > juma'ahan di > Masjid > > > di dareah Ciawi Bogor jeung di Cibadak Sukabumi. > Helok jeung > kagetna > > > teh eta ku pedah khotbahna make basa Arab ti mimiti > tepi ka > > > anggeusna!. Atuh kuring teh ngarasa jadi "Cina > dipangwayangkeun", > > > teu ngarti sapotong-potong acan naon nu > dikhotbahkeun. Balik > > > juma'ahan, kuring sura-seuri sorangan, inget ka > dongeng pun aki. > > > Cenah mah jaman baheula, kulantaran khotbahna kudu > make basa > Arab, > > > pas nu biasa khotbah gering teu bisa datang, anu > jarumaahan pada > > > bingung, untung aya Arab mindring ngaliwat (Arab > rentenir tukang > > > nginjeum-nginjeumkeun duit di pilemburan), langsung > ditarewak, > > > dijagragkeun dina mimbar sina khotbah! > > > > -- > > sikandar > --- End forwarded message --- > > > > > __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more. http://info.mail.yahoo.com/mail_250 PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
