>Ki dulur,
Aya sababaraha pamendak ngeunaan palasipah urang Sunda.
1. Palasipah teh, intina kaunggel dina basa, tiasa dina wangunan carios
(contona dina wayang), dangding, tetembangan, paribasa atanapi babasan. Conto
anu dihaleuangkeun ku barudak SR jaman baheula:
Babakuna jalma kudu rea batur
Keur silih tulungan
Silih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma
Conto dina wangunan paribasa :
� Sareundeuk saigel sabobot sapihanean, sabata sarimbagan
� Nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah
� Ati putih, badan bodas
� Leuleus jeujeur liat tali
� Landung kandungan, laer aisan
Sagigireun palasipah anu ngajarkeun kahadean (baca: kudu), aya oge anu
ngajarkeun �ulah�, sapertos :
� Sadom araning baraja, sakunang araning geni
� Sakirincing duit, sakocopoking awak
� Adam lali tapel
� Pagirang-girang tampian
2. Kusabab palasipah teh ayana dina basa, kumaha urang rek uninga kana
palasipah urang Sunda, saupami basana oge tos teu tarerang/teu digunakeun
atanapi lalaguan anu sapertos diluhur tos teu diajarkeun deui di sakola.
3. Kanyataan oge nembongkeun, yen sok sanaos dipikawanoh � tapi eta
palasipah teh diantawisna sok tara dilaksanakeun. Janten aya jurang antawis
palasipah/ajen sareng lalampahan (prilaku). Contona : Sok sanaos aya ungkara
anu nyebatkeun �imah pageuh, duit weuteuh, beuteung seubeuh, pamajikan arang
reuneuh .......................� dina kanyatanana, salah sawios suku bangsa anu
anakna paling reuay teh kapan urang Sunda. Samemeh ayana program KB, rata-rata
jumlah anak anu dipimilik ku urang Sunda (Total Fertility Rate) nyaeta 5.7.
4. Aya kumandang rehna teu sadaya palasipah cocog sareng kaayaan kiwari.
Conto dina basa Jawa :�alon-alon waton kelakon�. Dina basa Sunda paribasa
�bengkung ngariung � bongkok ngaronyok�, kanyataanana bengkung ngariung teh sok
kalah jadi patunjuk-tunjuk irung, bongkok ngaronyok jadi silih poyok, malahan
silih cabok.
5. Aya anu kagungan pamadegan yen urang Sunda teh geus meujeuhna
�patonggong-tonggong� (palasipah anyar), asal indit tina titincakan anu sami,
nyaeta kasundaan tea. Hartosna, bral teh teuing rek kamana wae oge, rek digawe
dimana wae, asal pamianganana angger rasa kasundaan. Bahasa gayana mah �gerak
formasi�.
6. Conto anu indit tina pamiangan anu sami teh diantawisna katinggal dina
gamelan Sunda. Dina gamelan Sunda, masing-masing waditra teh
kadanguna/ditabeuhna siga anu aing-aingan (cenah nembongkeun sikep individualis
urang sunda), tapi kumargi indit tina titincakan anu sami (wiletan) sareng
ditutup ku goong anu sami (tujuan), kadanguna teh kacida harmonisna.
7. Kiwari, babasan atanapi paribasa anu dijadikeun palasipah teh
diantawisna aya anu nganggap kedah ditinggal deui, atanapi paling henteu
dilengkepan. Contona, kecap kudu �someah hade ka semah� teh teu kenging eureun
dugi kadinya (semah), tapi kedah ditambihan �lamun semahna bageur atawa sopan
.............., lamun henteu mah ...........� jsb.
8. Salaku kabeungharan budaya, sadaya ungkara, babasan, paribasa boh sae
boh awon kedah diarsipkeun. Tapi pikeun anu bade dipraktekeun mah, kedah
dipilih-pilih heula: persis siga bangsat sendal anu lepat ngahartoskeun ajakan
khotib di masjid �candak anu saena, kantunkeun anu awonna .....................�
Pun Ganjar
>Meureun HANDAP ASOR mah sasaruaanana dina basa Indonesia RENDAH HATI
>
>sikandar
>
>On Wed, 16 Feb 2005 05:55:27 -0000, Asep Dedi Suhendra
><[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>
>> Sampurasuuun Baraya....,
>>
>> Ngilikan padungdengan maslah Filsafat Urang Sunda, Si Kuring teh
>> emut kana papatah nujadi nini jeung Aki;
>>
>> "Ujang.., Omat sanajan geus luhung ku panemu, loba pangabisa oge
>> ulah rek adigung adiguna, urang mah da urang sunda Kudu "Handap
>> Asor" Ka sasama, lain hartina urang teh elehan, da urang mah ulah
>> rek nyieun masalah da embung loba masalah, urang mah moal rek
>> ngaggangu da embung di ganggu, tapi lamun aya anu ngungkit2
>> rajawisuna, ngahudangkeun macan turu ulah rek mangke, nya inyana
>> dina ieu waktu turunan abahmah ulah rek ngejat ti pakalangan.....
>> Urang moal meuli lamun eweuh anu ngajual, tapi lamun aya anu maksa
>> ngajual ku kami di beuli...,"
>>
>> Janten Handap Asor teh naon atuh basa malayu na nya Ki Kuncen...??
>>
>> tapi punten tabepun lain hartina urang rek sombong, da kumaha
>> kahirupan teh liar..., da dugi ka kiwari ku sim kuring papatah ieu
>> teh di amalkeun pisan nya Alhamdulillah seueur baraya... tapi
>> sakedik padukdek sareng urang batak mah wajar bae da ...
>> maranehnamah heuras..he....he....
>>
>> Sakitu nu kapihatur, muga sing cukup lumur jemar hampurana anu
>> kateda, bilih aya cariosan anu teu sapagodos....
>>
>> Baktos
>>
>> Asep-Oeking-ti ngtung pangumbaraan
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
>pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Ganjar Kurnia
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/