punten kasepuhan mairan abdi,
 
kang ilen hayu urang rancage abdi ngahariring, asal mang kokoan rada arapal 
keneh tong cianjuran atanapi lagu sunda pop, teu diajar rada silung oge jigana 
da ari latihan ukur di kamar ibak.
ngan..... panginten pendakna diawang-awangnya, abdi di houston akang didinya, 
usum naon kang dilembur.
 
baktos
nenny 

Ilen Kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Haturan Abah Joe,

Dina danget ieu sim abdi aya dina kawilujengan, bawiraos Abah oge dina 
waktos ayeuna dibayangkeun ku abdi nuju sidengdang hahariringan, ngahenang 
ngahening bari maos "USA Today". Teu aya karingrang kahariwang.

Rekaman dina danget ieu teu acan sayogi, mung tangtos sim kuring bade 
ngadamel khusus kanggo Abah. Naon disebatna atuh upami abdi teu tiasa 
nedunan kana pamundut sepuh. Mung langkung ti payun kedah diwakcakeun heula 
rehna sim kuring mah kirang ahli kana ngahariring, paling oge anu niup 
sulingna atanapi ngarincik kacapina. Tangtos salagu dua lagu mah tiasa 
kasanggakeun kapayuneun Abah dina waktosna.

Hatur nuhun parantos mileuleuheungkeun, pamugi sing janten darajat kanggo 
sim abdi.

Ciung lain, kerak lain
Japati belang jangjangna
Embung lain, nolak lain
Da abdi awon sorana


Sembah pangabaktos,

Ilen kardani.


At 12:58 PM 2/15/2005 -0800, you wrote:



>Ilen Kardani
>
>Oman Abdurrahman
>
>===============
>
>Duka kua naon da sim kuring mah mun ngaos seseratan nu dua ieu karasana 
>teh kuring bet ngariut.
>Ku basa Sundana anu sae kituna, jeung deui ku elmuna nu luhur tur jero 
>deuih. Padahal mah dua-duan teh anom keneh.
>Lain ngarasa ngariut wungkul, asa jadi kolot .....ngan nepi 
>.....kokoloteun. Seueur jeung pinuh dina pipi.
>
>Gan Ilen kumaha damang? Sono yeuh Abah.
>Kagungan CD-na, tetembangan anjeun bari ngacapi. Upami tiasa mah Abah 
>hoyong gaduh, jang dipancarkeun di radio internet "RadioUs".
>Wassalam,
>Abah Joe
>
>
>
>
>---------------------------------
>Do you Yahoo!?
> Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
>
>[Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
>berupa pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links








                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke