Baraya, Saleresna mah cenah US mah sok handap asor, eta teh leres kedah kitu. Tapi mung waktos urang ngamimitian paamprok. Tah didinya urang teh kedah handap asor. Tapi saatosna paamprok, teras urang parantos tiasa "ngukur" kapinteranana, kabisana...tah mun sahandapeun urang, teu salah mun eta kabiasaan handap asor teh ditinggalkeun. Mun didesek urangna,jeung beungeutna beungeut cabokkeun...nya dicabok wae. Tapi mun tos "kaukur", jeung pangartina boh kanyahona leuwih ti urang. Nya tetep handap asor nya teraskeun wae. Komo deui mun matak picilakaeun ka urangna, nya handap asor teras ngaleos we. Ngalayanan nu burung mah jang naon, engkena urang sorangan jadi burung. Tah ieu "ajian" US sangkan salamet didunia. Tah kaleuwihan ieu mangga we tingali, seueur US nu kahot jadi Diplomat. Oge dina sagala bidang. Tapi nyaeta, sok lepat "handap asor-na" teh dina nerapkeunana. Juragan Jenderal Ali Sadikin. Da geus jadi jenderal (KKO baheula mah), terus jadiGubernur DKI. Geuning wani we ngalawan eta Sang Prabu lima bintang. Teu aya salahna. Mun sersan pateteng-patetteng aksina jiga Kapten, memang teu merenah malah pikasebeleun. Tapi mun Kapten, popolotot ge ka bawahannya , nya merenah wae da Kapten tea. Batur ngomongkeun, cenah gede hulu...tantang we...maneh bisa henteu jiga aing ! Sok turutan.. Teu gampil jadi pamingpin nu "berwibawa". Buktina US nu jiga Ali Sadikin ngan anjeuna wungkul. Mashudi, padahal Jenderal nya ngan jadi jendral we. Geus sepuh geus jadi Jendral tetep we bubudakeun....da eta cadel tea !! Abah Joe
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
