Ncep Yan,

Kumaha eta tiung nu diaranggo ku istri Sunda  baheula, tiasa disamikeun sareng 
adat Sunda dina hal panganggo ?

Apan khas dangdosan istri Sunda, Kabaya anu dibordel. Teras kelomgeulis komplit 
sareng payungna. Tara dikantun tiungna.

Tapi geuning ayeuna mah, tiung wae tos meh teu aya anu nganggo. Da ayeuna mah 
geuning langkung merenah nganggo jilbab. Ceuk sayah mah, jilbab teh jiga mukena 
mini, da ngan dugi kana taktak.

Saleresna mah ceuk sim kuring, ieu mah sakali deui ceuk sim kuring mah, asa 
kararagok eta jilbab teh.  Malahan rada aya negatipna kana sastra Sunda.

Geura kieu:

Mun aya mojang ditiung, baheula mah sok resep ngaheureuyana.

Nyi kunaon ditiung

Isin ku Alloh

Nyi kumah amun dicium

Insyaalloh

Tah mun dijilbab, asa rada hararese:

Nyi ku naon di jilbab

Isin ku Alloh

Nyi kumaha mun di..................tah,tah..didieu yeuh hesena. naonnya kecap 
nu romantis nu tungtungna "bab".  Teu aya jigana mah, tah didieu rada ngarusak 
sastra Sunda teh. Leungit tah sisindiran anu kitu.

=============

Entong sararius teuing ah. Sakali-sakali urang seuseurian. Cenah mah         
seuseurian  teh landong ngaleungitkeun "stress".

Aya deui landong ngaleungitkeun "stress",  sholat tahajud unggal wengi. Stess 
ngaleungit, awak sehat. Tuur jadi kuat. Teu percanten? Mangga dicobian.

Abah Joe


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke