*************************************************
Assalamu'alaikum wr. wb.

Haturan Abah, teh tien lan teh nenny!

Nalikana kana uga kanjeng prabu..... panginten parantos waktosna urang
teh makalangan kalayan nembrakeun kamonesan Sunda sapuratina.......

Si kuring sataun kasangtukangeun asanateh meuni inggis susundaan teh
... tapi sigana karuhun kuring mere nyaho yen sakumaha maneh 
makalangan, mun seug maneh neangan kami (kasundaan) taya lian kabeh
teh geus aya dina hidep.

Nu kalaman mah makin beh dieukeuneun... si kuring, boga rasa sok aya
nu daratang dina uteuk jeung manah dina perkara kasundaan teh, conto
gampilna dina basa sunda.... satemenna si kuring sering manggih basa
sunda nu teu kaharti atawa can pernah pisan panggih jeung eta basa
teh, tapi teuing kumaha jeung timana datangna etamah sok langsung
ngarti  jeung siga nu geus biasa make eta basa teh.

Hemeng! sakapeung mah, naha bisa kitu?, tapi ras peureum kuring nenjo
ka jero hate..... deg teh siga aya nu nembal,....... moal bireuk hidep
ka kami, sabab geus waktuna kami wawangi....."....mun gunung Gede
anggeus bitu di susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang
Sunda disasambat, urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana.
Banguna ngahiji deui. Mangsa jaya, jaya deui; ......" (uga kanjeng
prabu)

Ah duka teh teui, abah!.. nu penting mah si kuring teh asa nimu deui
diri nu geus leungiteun. Baheula mah mun aya jalma ngomong jawa sok
mimiluan jajawaan, ngomong padang sok milu papadangan,...... ayeunamah
sok  ditembal ku basa sunda!... jadi saperti di kantor ayeuna mah, bae
lolobana urang jawa mun papanggih jeung kuring mah sok ngabasa sunda
keun ... bae manehna salah dina omongan oge, tapi lila-lila mah jadi
harayangeun nyaho basa sunda jeung kasundaan.

cag heula, 

-pun adi-

***************************************


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke