Wilujeng gabung ka Kang Ekki Kurniawan.
Kuring M. Rachmat Rawyani, dumuk sareng damel di Depok
(UI), ari kalahiran mah ti Majalengka, tapi saprak
gaduh bojo (urang Cianjur kalahiran Jakarta) tumetep
di Depok.
Kuring oge kungsi di pangalengan, waktu pun bapa dines
di pangalengan taun 1964 dugi ka taun 1968. Waktu
ngabeleduk PKI teh (1965), pangalengan rada
geunjleung, da cenah aya beja, loba urang sipit (cina
ti Daratan Tiongkok) anu nyumput di Gunung Tilu.
atuh di Banjaran kuring oge kungsi cicing di salah
sahiji sisi lapangan banjaran, pagedeng-gedeng jeung
Sakola Dasar ....(hialp deui). harita kuring sakola
kelas 4 SD nepi ka kelas lima.

Ari Sedep teh palih manana Pangalengan?
Biasana pun bapa teh sok ngajak moro kasintu (hayam
leuweung) teh mapay-mapay kebon enteh. Tapi asana teh
ngan semet perkebunan malabar. Jeung deuih, morona teh
wanci sore kapeutingnakeun (ngabelor). Jadi teu pati
terang lebah-lebahna teh.

Pang ahirna kuring ka pangalengan teh taun 90 an. Ti
perkebunan malabar rek ka Garutkeun, tapi jalanna teu
rata (pinuh ku batu), mobil anu ditumpakan ku kuring
pendek pisan spakborna, jadi teu nepi ka Garut.


baktos,


mrachmatrawyani


--- eki kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
>  
> Assalamu'alaikum wr wb
> Bingah pisan simkuring janten anggota/ahli milis
> Urang Sunda.
>  
> abdi Ekki kurniawan, Lahir di Perkebunan nteh
> Sedep,Kec Pacet, kawasan Pangalengan, Kabupaten
> Bandung, Bandung Kidul, perbatesan Bandung - Garut.
> Sakola :
> 1. SD Sedep Pangalengan Kab Badung
> 2. SMP Handayani Banjaran Kab. Bandung
> 3. SMA 4 Kodya Bandung
> 4. S1, S2 ITB Teknik Elektro.
> Hatur Nuhun Pisan tos diangkeun janten Anggota
> milis.
>  
> WASSALAM..
> -EKKI KURNIAWAN- 
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping"
> your friends today! Download Messenger Now
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
All your favorites on one personal page � Try My Yahoo!
http://my.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke