Saleresna mah sanes ayeuna wae, kapungkur ge  taun limapuluhan, seueur US nu 
nyariosna basa nasional tibatan basa Sunda.
 
Harita teh, sim kuring sareng pun biang ngalongok pun Nini didesa Narawita. 
Waktyos wangsul, nya ku pun Nini, pun biang dibekelan beas. Wangsul harita teh 
ti Cicalengka ka Bandung kana oplet, jip Wiilys buatan samemeh perang.. Pas 
ngalakungna stasion kareta api  Cicalengka, bet seueur mobil, oplet sareng truk 
eureun  dijalan.  Sihoreng aya pamariksaan ku tangtara.  Basa eta sersan mayor 
nyaketan oplet, bari muka panto oplet, rada ngagorowok:
" Haoh, samuanyah kaluar dari oplet!".
Salah sahiji panumpang kaluar ngagendong duka naon.
Panto oplet dibuka bari ngalongokan kahandapeun bangku :" Ini karung beas 
siapah punya?".
Nya pun biang ngawaleran bari ngeukeupan sim kuring:" Eta mah nu abdi  Pak?"
" Oh, begitu, tidak bawa barang-barang apa-apah lagih" tarosna sang sersan teh.
"Henteu Pak, mung eta beas kanggo barudak, bari ngusapan sirah sim  kuring" 
sanggem pun biang.
Teras sang sersan  ngalengok ka si Aki, ari pokna teh :" Coba kamu itu yang 
pake sarung  kasinih, dan buka itu buntelannya ".
Atuh bari ngadegdeg si Aki enggal-enggal  muka buntelanna, teu aya nanaon ngan 
kameja sareng sarung palekat.
Salah sahiji panumpang bari nyerengeh pokna kieu :" Pak Sersan atuh ku basa 
Sunda we, da sadayana anu didieu bangsa urang ".
Sersan teh ngalieuk bari molotot :" Bukannya sayah tidak tahu bahasa Indonesia, 
 cuman  tadi sayah poho !".
 
 
===
Abah Joe
 

                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke