>Upami anu tos teu aya dikieuna masih k�n�h tiasa diajak ngobrol mah, atuh >sajak pribados t�h lepat panginten nya? Upami leres tiasa tepang mah, seueur >anu tiasa ditaroskeun panginten (tiasa komunikasi langsung atanapi henteu?), >kalebet patarosan kumaha rasana sakarat, usum naon diditu sjbn. Punten, ah.
>Wilujeung enjing Ayi Asep ieu Akng nembe gugah, teras weh ibak, >sarapan jeung ngacir angkat ka kantor........biasa keur ngajar "penca >tea" sakantenan diajar "hirup" dinagara deungeun. > >Pangalamannana tiasa ngobrol jeung nu tos maot teraskeun wae, di NYC >abdi gaduh rerencangan malahmah ditembongan "nabi-nabi" sateuacan >nabi Muhammad SAW, Di Bandung oge aya rerencangan sepertos Kang Asep. >Sok atuh Japrikeun wae ayat-ayat kanggo dzikirna. >Upami tiasa obrolanana naon wae atuh................ > >Baktos >Yan NYC > >On Wednesday, February 23, 2005, at 03:55 AM, dudi wrote: > >> >> Haturan Kang Uking di Florida..., >> Sok sanaos si kuring mah teu acan ngudag anu eta, tapi kuring ge >> percanten (haqqul yakin) yen Kang Uking nyarios kitu teh sanes carios >> fiktif komo deui bohong mah. Hapunten si kuring sanes teu resep kana >> dongeng aheng sapertos anu kaalaman ku Akang tapi si kuring mah keur >> dibebas tugaskeun sugan? malah hayangna ngabetem baelah. >> Sakali deui hapunten baraya...! >> >> Mangga lajeng dongeng ahengna anu kaalam ku salira teh Kang, ku margi >> si kuring mah yakin pisan ayana jeung deuih pan aya pamundut ti Kang >> Nasir perkawis metafik sunda. Kang Nasir, naon-naon anu kaalam ku Kang >> Uking aya oge urang sunda sanesna anu ngalaman mung rada jarang sareng >> henteu terexpose, seueur faktor kunaon hal ieu henteu dipublis, duka >> ka payun mah. Anu ka alaman ku Kang Uking pangemut sim kuring mah >> kalebet inti spritual/metafisik kasundaan, benten pisan sareng >> kakuatan magis sapertos anu sering dipidang dina hiburan, sulap, debus >> jrrd. >> >> Mangga lajengkeun cariosna Kang Uking, si kuring ngiring >> ngaregepkeun...... >> >> Wassalam, >> dudi_ss >> >> >> ----- Original Message ----- >> From: Asep Dedi Suhendra >> To: [email protected] >> Sent: Wednesday, February 23, 2005 1:48 PM >> Subject: [kisunda] Naha Enya, lamun Paeh Masih bisa pakait jeung >> Kahirupan. Di dunya...... >>> >>> Sampurasuuuun Baraya..., >> >> Ngobrolkeun perkawis Paeh atanapi Maot tea, Sim kuring janten emut >> kana pangalaman sim kuring anu tiasa disebutkeun aheng, mahiwal >> atanapi naon bae ..., >> >> Jajauheun Sim kuring tingawitan sakola SD dugi Ka Kuliah, pernah >> neuleuman kahirupan alam anu geus maraot tug nepi ka ngalaman >> papanggih jeung anu tos Tilar. >> >> I. Dina hiji waktu pun Biang katalatahan ngaliwatan ngimpi dina >> hiji peuting, yen anu namina Eyang Jayaperkosa dongkap kana ngimpi >> anu maksudnamah ngalayad ka incu putuna cenah, bari jeung hayang >> ngajak ngobrol bae cenah.., eta obrolan teh di tungtungan ku >> pamenta, hayang dilongokan sarakannana...ku incu putu, naha ari >> batur juljol pada manggihan ari turunan sorangan tara aya anu >> datang, sakitu obrolan pamungkas teh ti anjeuna...., >> >> ti poe kapoe, minggu kaminggu, bulan ka bulan, eta obrolan pamenta >> teh nyangsang dina pikiran anu nangtang lengkah pikeun ngudag >> jawaban. Anu antukna Sim kuring teh nekadkeun hate rek manggihan >> kasarakan Eyang Prabu Jaya Perkosa di Dayeuh Luhur Sumedang. >> >> Kira-kira pasosore kuring teh nepi ka nu dimaksud, malihanmah >> tatanya da rea jalma anu maksudna teuing bade naraon, haritateh >> tatanya naha dimana ari sarakan Eyang Jayaperkosa, atuh gening teu >> bireuk deui gening da tos pada terang, nya aya anu nuduhkeun bari >> nganteur pisan katempatna, duka sabaraha puluh cece anu dilengkahan >> da meni ngahegak haritateh, barang dugi teh parantos waktuna Magrib >> nya kuring nyubanan Magrib heula di tajug leutik, ti Magrib liwat >> isya, ti isya liwat tengah peuting, gening loba jalma anu keur >> tahlilan, aya oge anu maca yasin, rupa2 tingkah jalma haritateh,ari >> kuring mah ngalakukeun zikir bae bari ngagereneng jeroning ati menta >> pangampura ti Mantena bisi kuring kasasar jalan, teu aya niat anu >> lian, lamun enyamah kuring teh aya turunan ti dieu, nya hayang teh >> dipanggihkeun bae, hayang bisa ningali sabeuleugeunjeurna boh >> dedeganana atanapi rupana anu kasebat Eyang Jayaperkosa teh, tah anu >> kadua nya hayang ngobrol bae silaturahmi lamun benermah kuring aya >> turunan ti dieu. >> >> Kira-kira jam satengah dua leuwih saeutik, kuring teh masih >> ngalakukeun zikir, duka bakateuing kuhusu atawa kasibat atawa naon >> kasebutna rarasaan teh asa pindah ka alam sakulit bawang, nya dina >> danget harita pisan kuring teh bisa ningali dedeg adeg, kalawan >> rupana anu ngakukeun Jaya Perkosa tea, nya tidinya Anjeuna ngajak >> ngobrol jeung mamatahan ka Kuring,( nya Obrolanana mah moal di buka >> didieu bilih teu aya widi ti anjeuna)ngan anu pastimah kabeh >> kapanasaran kuring/paniatan kuring geus kajawab kabeh. >> >> II). Kuring dibejaan ku nu jadi Bapa, yen kuring teh aya reh rehan >> ti Garut oge, dugi ka ku kuring di udag naha bener henteuna. Nya aya >> hiji sepuh kabeneran rayina pun uyut KI Asmita(ayeuna tos almarhum) >> anu ngabukakeun lawang runtuyan ti sepuh-sepuh pun aki, nya dugi ka >> ngobrol perkawis maot tea...,anu antukna kuring nepi kana obrolan >> menta bukti lamun memang anu maot tiasa di ajak ngobrol, nya harita >> pisan di buktikeun, malihanmah Anjeuna miwarang tirakat supados >> tiasa nganjang ka alam kadua anu dadasarna tina Syahadat,tug dugi ka >> ayeuna si kuring mun aya karerepet sok ngangkir ngajak ngobrol pun >> aki sabada sholat tahajud sanaos di Florida, da kitu ikrarna gening >> saur rayina pu uyut oge yen luluhur karuhun si kuring bakal datang >> ngajaga ngajaring turunanana upama aya dina karerepet, duka dugi >> kasabara turunan tah.....cag sakieu bae heula dongeng >> pangalamanana..........Nyuhunkeun di hapunten bilih aya luhur bahe >> carekna, sanes bade ujug riya atanapi maksad anu teu uni, estuning >> hoyong ngabagi obrolan luang sareng pangalaman sabisa-bisa Ka Baraya >> kubasa kuring sorangan, etamah teu langkung bade percanten mangga, >> bade henteu oge mangga..., atuh sakirang-kirangna nya aya bahan >> pikeun obroleun sanajan ngaler ngidul.... he...he.. >> >> Kum Baraya.... >> >> >> Baktos >> >> >> Asep Oeking-FL >> >> >> >> >> [Non-text portions of this message have been removed] >> >> >> >> PENTING..! >> >> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. >> >> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi >> berupa pencabutan membership. >> >> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk >> selalu mengupdate antivirusnya. >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> >> >> >> >> >Please visit >http://www.silatbooks.com/ >http://www.silatpdusa.com/ >Please write >[EMAIL PROTECTED] >[EMAIL PROTECTED] > > > >PENTING..! > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa >pencabutan membership. > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu >mengupdate antivirusnya. > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Ganjar Kurnia PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
