Wa'alaikum salam wr., wb.,
 
Hatur nuhun Kang Ade kana iber sareng panggerona. Bawiraos, cara ngokolakeun 
runtah anu pangefektifna, anu tiasa nyerep atawa nyeepkeun runtah unggal dinten 
teu nyesa dugi ka heunteu meryogikeun tempat nyimpen runtah anu pibahlaeun, teu 
aya deui model ngolah runtah jadi gemuk tea. Nya diantawisna, tangtosna 
saparantos diilo atawa diuji proposalna, ngokolakeun runtah janten Grammor tea.
 
Ku cara runtah didamel kompos, masalah teu acan rengse. Jalaran engke baris 
ngahunyud deui kompos anu teu kaserep ku patani jalaran cara ngangkutna sareng 
manfaatna masih kawon, upamana ku gemuk kandang. Kukituna, kompos anu ngahunyud 
baris nyangkolong tempat oge anu hartosna masalah deuin bae.
 
Ku cara diduruk runtah teh tangtos teu sae kana lingkungan. Sareng potensi 
manfaatna kanggo tatanen teu kawujudkeun upami runtah diduruk mah. Pon kitu 
deui, runtah dijadikeun biomas sakumaha rencana pabrik ngokolakeun runtah anu 
di Bojong, Bogor, masih nyesakeun masalah, boh kanggo lingkungan atawa manfaat 
ageung anu teu kapuluk.
 
Anapon upama runtah diolah teras (kantun neraskeun tina kompos) janten gemuk 
NPK plus, sagala rupi manfaat teh tiasa kahontal. Dina tehnisna engke, para 
pemulung sareng lapak ulah dikantunkeun, bilih janten masalah sosial. Atuh 
lengkah-lengkahna tiasa dirarancang luyu sareng pertanian terpadu tea. 
Kukituna, falsafah ngamanfaatkeun "waste product" janten saageung-ageungna 
manfaat atawa "buburuh dahar diupah beas" ceuk karuhun urang tea mah, Insya 
Alloh tiasa kahontal. Kanggo hal eta, proposal dugi ka teknis sareng analisis 
cashflow biayana parantos aya (model Grammor). 
 
Ngamanfaatkeun runtah janten gemuk NPK plus sarupi Grammor kalintang ageung 
manfaatna, boh kanggo patani, lingkungan, atawa keuangan pamarentah. Sok komo 
ayeuna dina mangsa kahirupan sakieu tambah balangsakna alatan BBM naek bari 
jeung pamarentah teu acan maparinan kasiapan rakyat (upamana dina wangun 
subsidi gemuk anu, upama Grammor tiasa diproduksi, masalah gemuk tiasa seueur 
ngirangan). Mangga diantos bae lajuninglakuna, proposal atanapi proses 
akomodasi jejer-jejer (gagasan) sarupi kitu kantun digero. Namung, prinsip 
utamina mah teu aya sanes: runtah (organik) kedah janten pupuk NPK plus (anu 
lengkep kandungan organik, unsur makro, mikro, zpt, enzym, jrrd luyu sareng 
kaperyogian tatanen). 
 
baktosna,
manAR
 
 
 
 
 


kepala bplhd <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Wr. Wb.
 
Wargi sadayana, sampurasun.
 
Tinangtos ngarasa sedihna mah paraosan urang sadaya. Hatur nuhun kana bantosan 
boh mangrupa harta tur harti anu parantos dikaluarkeun ku warg wargi sadayan, 
kanggo ngabantosan dulur urang anu ayeuna keur nanadangan kasusah alatan urugna 
Tempat Pamiceunan Runtah di Leuwi Gajah.
Pribados masih keneh meredih kawargi wargi anu tunangtos ngagaduhan elmu 
pangaweruh pikeun ngokolakeun runtah, anu ayeuna jadi pasoalan anu ageung di 
Jawa Barat, utamina di Bandung sareng sabudeureunnana.
Hatur nuhun.
 
Waalaikumsalam Wr. Wb.
 
Kang Ade
 
 

                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke